• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SMAN 10 Kota Bandung jeung Jurus 3-B (Berilmu, Berakhlak & Berbudaya)

majalah by majalah
19/05/2016 6:49 AM
in Sora Sakola
0 0
0
SMAN 10 Kota Bandung jeung Jurus 3-B (Berilmu, Berakhlak & Berbudaya)
371
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

pa adeBapa Adé Suryaman, S.Pd, M.Pd, Kepala SMAN 10 Kota Bandung

Sobat Sora, urang ngalanglang ka SMAN 10 Bandung. Perenahna di Jalan Cikutra No. 77 Bandung. Nepangan kepala sekolahna Bapa Adé Suryaman, S.Pd, M.Pd, di kantorna. Ieu pupuhu anu soméah téh ngamimitian mingpin SMAN 10 Bandung ti bulan Oktober 2015, karék jalan 6 bulanan.

gazebo2

gazeboGazebo anyar, salah sahiji tempat favorit di SMAN 10 Kota Bandung

Kiprah munggaran nya éta ngaronjatkeun kapercayaan masarakat ka pihak sakola. Ku kituna, pihak sakola kudu bener-bener nyumponan turta ngaladénan warga sakola hususna para peserta didikna sacara optimal boh dina widang ngajar-diajar boh dina kanyamanan pasilitas. Lian ti éta, ngainténsifkeun pangwangunan fisik ku cara ngalihkeun KBM, bagian luhurna dijadikeun rohang aula, bagian handapna rohang MGMP, sasésana dijieun rohang tamu jeung rohang kagiatan OSIS. Direncanakeun ka hareupna geusan ngadegkeun rohang sentral belajar di jeroeun wangunan aréa sakola.

kaayaan lapang sakolaKaayaan lapang SMAN 10, kahareupna baris dibébérés

Pangwangunan anu geus digarap nyatana saung (gazebo) geusan laluasa berselancar basis informasi jeung téhnologi (IT). Dirarancang deuih geusan ngabebenah jalur-jalur internet kalawan nyumponan pangabutuh kabéh warga sakola, tangtu teu mohokeun kontrolingna. Ditataharkeun geusan ngalengkepan audio husus di tiap rohang kelas lantaran prangkat infokusna geus lengkep.

kaayaan di kelas

ngajar di kelas

Lantaran numutkeun Pa Adé, rongkahna kacanggihan jaman merlukeun kontrol anu maksimal. “Hususna di SMAN 10 Bandung diperlukeun SIM-IT katut ka tim kontrolna. Kasiapan rarancang kasabit tangtu geusan ngarojong ogé kana program pamaréntah dina ngawujudkeun Bandung Smart City. Disagigireun tangtuna keur ngaronjatkeun kualitas peserta didik dina nyinghareupan kamajuan jaman sakaluarna ti sakola. Mun dina diibaratkeun barang dagangan mah geus siap di pasaran,” kitu saur Pa Adé.

eksis

Lian ti ngahangkeutkeun pangwanguna fasilitas, ngaronjatkeun kadisiplinan dina neuleuman mata pelajaran. KBM dimimitian ti pukul 6.45, pukul 6.30 para peserta didik kudu geus rempeg di sakola. Para peserta didik dimotivasi kagiatan-kagiatan positif séjénna kaasup ngamaneuhkeun kagiatan milangkala (ultah) SMAN 10 dina saban bulan Pébruari. Ngahadirkeun para almamater peserta katut ka manten para guruna. Di antara alumni SMAN 10 nya éta manten Rektor UNPAD, Bapa Ganjar Kurnia.

lorong sakola

Dina pangwangunan karakter, saméméh KBM diwajibkeun ngaderes Al-quran jeung Alkitab (keur non muslim). Husus poé Jumaah, maca asmaul husna anu dilaksanakeun ku sakabéh warga sakola. Sabulan sakali, warga sakola dibiasakeun sholat duha di lapangan sakola. Tiap tilu kelas di masjid, keur kagiatan sholat duha harianana. Tangtu dipingpin ku guru agama. Terus ngahangkeutkeun pola hirup bersih jeung cinta lingkungan sakola, ku kituna GPS (gerakan pungut sampah) kudu leuwih dironjatkeun. Wacana satuluyna baris ngarénov gapura hareup (gerbang utama) sarta geus dirarancang rék dilempengkeun jeung pos satpam, ngawangun panggung permanén jeung ngabebenah masjid katut toilétna. Sacara umum, Pa Adé baris ngageulisan wangunan sakola (ngadeg taun 1968) malahmandar tumaninah karasana ku sakabéh warga sakola.

gapuraRencanana gapura SMAN 10 Kota Bandung baris digeulisan

Dina nyoal UN, pihak sakola kacida nyuport sangkan para siswa-siswi anu lulus ngalanjutkeun kuliah ka pergurun tinggi. 381 peserta didikna  100 peresén lulus. Numutkeun impormasi BK, lulusan SMAN 10 nu geus katampa di ITB aya 11 urang, ka UNPAD 7 urang, ka UPI 69 urang, ka IPB saurang jeung ka POLBAN duaan. Pihak sakola salawasna nerapkeun kadisiplinan sangkan para peserta didikna mibanda kontribusi geusan nagjaga turta mulasara nama baik sakola.

guru basa jepangIbu Santié Déstiari, M.Pd, guru basa Jepang

Ngeunaan préstasi geus loba nu kacangking. Dina waktu anu moal lila deui baris ngiangkeun sababaraha peserta didikna geusan ngawakilan propinsi Jawa Barat salaku patandang dina kagiatan jumbara PMR di Sulawesi Selatan (Makasar). PMR, nyatana kagiatan anu pangnyongcolangna tur ngajadi ciri mandiri SMAN 10 Bandung. Saterusna Kagiatan gawé bareng SMAN 10 anu keur digarap nya éta gawé bareng jeung hiji lembaga pendidikan nagara Jepang.

sense toziSense Tozi Toshiyuki urang Jepang nu ngajar basa Jepang di SMAN 10 Kota Bandung

Kumaha kiat-kiat Pa Adé demi ngaronjatkeun SDM para guru? Dimotivasi salaluasa-laluasana kana kagiatan pelatihan-pelatihan, diklat-diklat boh tingkat lokal boh tingkat nasional, didorong tur dirojong ngayakeun IHT, lantaran ajén pangaweruh ti taun ka taun barobah jeung undak terus. “SMAN 10 Bandung, diharepkeun sangkan bisa tur mampuh méré kontribusi positif boh di tingkat kabupatén, propinsi malahan di tingkat nasional.” Kitu harepan Pa Adé Suryaman tandes. Alatan éta, anjeunna mageuhan tatapakan sakola anu dipingpinna ku jurus 3-B, Berilmu, Berakhlak, Berbudaya.

pa asepPa Asép TU SMAN, 10 Kota Bandung

Sora ogé ngobrol jeung saurang guru utusan ti Nagri Jepang, Nihongo Partner (NP)  Sense Tozi Toshiyuki (29 taun), dibarengan ku guru Basa Jepang SMAN 10, Ibu Santié Déstiari, M.Pd. Bu Santié nu mahér ngobrol ku basa Jepang ieu nerangkeun préstasi tilu kelas bahasa anu dikokolakeuanana. Sakelas, jumlah peserta didikna 36 urang. Juara II maca hurup Jepang, juara I Storytalling tingkat propinsi, Juara I, II, III lomba pidato Basa Jepang tingkat nasional taun 2004, 2005, 2006, jeung kajuaraan-kajuaraan séjénna. Ngaliwatan Ibu Santié, Sora naléngténg ka Kang Toshiyuki. Kasang tukang naon, manéhna bisa jadi duta di SMAN 10. Saperkara tumali jeung bakal diayakeunana olimpiade di Jepang, dipiharep masing-masing nagara anu ngahadiranana paham kana Basa Jepang. Upaya pamaréntah Jepang dina ngarékrut para generasi muda geusan mikaresep kana bahasa, seni jeung budayana.

pa suryanaPa Suryana, TU SMAN 10 Kota Bandung

Saur Sense Tozi anu ogé di nagarana kungsi jadi atlét baseball, yén di Jepang kakurangan generasi muda, éksés tina kasuksésan pamaréntahna dina program KB (Keluarga Berencana). Posisina jadi tibalik, pamaréntah Jepang kacida ngarepkeun lahirna warga muda. Alatan éta, sing saha anu ngalahirkeun orok, baris dipasok tunjangan 400.000 yén kurang leuwih 40 juta rupia katut ka tunjangan waragad sakola ti SD tepi ka SMA.

wawakil pmrFiryal Syauqiyah Widad, anggota PMR SMAN 10 Kota Bandung, nu baris miang ka Jumbara tingkat nasional di Makasar

pmrFiryal & Sasti, anggota PMR

Sora ogé ngajak ngobrol ka peserta didik aktivis PMR, Firyal Syauqiyah Widad, kelas XI MIA 5 salaku komandan PMR, urang Sukamiskin asal Karawang. Sasti Améliawati, kelas XI MIA 5 sié logistic PMR. Firyal téh salasahiji ti 10 siswi peserta di kota Bandung anu jadi wakil ti SMAN 10 satingkat Jawa Barat babarengan jeung 148 peserta Jumbara PMR nasional anu bakal dilaksanakeun di Makasar (SulSel) ping 25 Juli tepi ka 31 Juli 2016 anu akal datang. [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Semarak Tarhib Ramadan 1447 H di RW 13 Komplek GBI, DKM Ulul Albab Libatkan Seluruh Elemen Warga Sambut Bulan Penuh Berkah
  • SMK PGRI Indramayu Sekolah Pusat Keunggulan dengan Biaya Terjangkau, Lulusan Siap Kerja hingga ke Jepang
  • Rakerda AKSI Jabar Diapresiasi Disdik: Siapkan Kepemimpinan Istimewa Kepala Sekolah untuk Lahirkan Maung Pancawaluya
  • Rohayati: Transformasi SMKN 15 Kota Bandung, Jadi Sekolah BLUD Berbasis Teaching Factory Kolaborasi dan Raih Penghargaan SMK Award 2025
  • Prof Budi Djatmiko Ketum APTISI Pusat Sentil KDM: Lima Kali Undangan Tak Dihadiri, PTS Jabar Dinilai Kurang Perhatian
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In