• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SMAN 1 Margahayu Kabupatén Bandung Siap Ngarojong Program Pa Hadadi Kepala Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat

majalah by majalah
19/02/2017 6:36 AM
in Sora Sakola
0 0
0
SMAN 1 Margahayu Kabupatén Bandung Siap Ngarojong Program Pa Hadadi Kepala Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat
423
SHARES
2.5k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Pa Aa Sudaya Kepala SMAN 1 Margahayu gb 2-Majalah Sunda SoraH. Aa Sudaya,M.Pd., Kepala SMAN 1 Margahayu Kabupatén Bandung

majalahsora.com – Sobat Sora, taun 2017 ayeuna, 108 SMA negri swasta sa-Kabupatén Bandung rempeg ngalaksanakeun UNBK. Nu dilaksanakeun ti tanggal 10 nepi ka 13 April 2017. Eta téh préstasi nu luar biasa, sanajan nyedek persiapanana téh. Lamun nempo sataun ka tukang, SMA nu ngalaksanakeun UNBK di Kabupatén Bandung téh, ukur sasakola, nya éta SMA Bina Bangsa School, nu aya di Cimenyan.

sman 1 margahayu gb 6 - majalah sunda soraBuruan Kampus SMAN 1 Margahayu

Taun ayeuna SMAN 1 Margahayu Kabupatén Bandung, baris ngalaksanakeun UNBK (Ujian Nasional Berbasis Komputer) nu munggaran. Ayeuna keur nyiapkeun sagala rupana. Kayaning nyiapkeun sarana jeung prasarana, saperti komputer, jaringan internet, listrik, jeung réa-réa deui. Salian ti éta, ogé nyiapkeun SDM-na, nya éta proktor jeung téknisina.

sman 1 margahayu - majalah sunda soraGuru SMAN 1 Margahayu teu weléh ngaping siswa didikna dina nyangahreupan UNBK taun 2017

“Sabada SMA/SMK dikokolakeun ku Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, UNBK ayeuna téh janten salah salawios program nu diprioritaskeun. Alatan kanggo ngirangan ujian berbasis keretas sareng patlot. Targétna diiluan ku 80 % SMA sareng SMK sa-Jabar. Kalebet SMAN 1 Margahayu,” saur H. Aa Sudaya, Kepala SMAN 1 Margahayu nu ngarangkep janten Ketua MKKS (Musyawarah Kerja Kepala Sekolah) SMA sa-Kabupatén Bandung.

sman 1 margahayu gb 3 - majalah sunda soraPemantapan salah sahiji jam tambahan pikeun siswa ti guruna

UNBK di SMAN 1 Margahayu baris diiluan ku 426 siswa kelas XII, ti jurusan MIPA jeung IPS. Ku kituna sakola keur nyiapkeun unit komputerna. Kira-kira rék nyiapkeun 142 unit komputer. Rohangan nu dipakéna aya lima, serverna aya genep.

sman 1 margahayu gb 2 - majalah sunda soraAya 426 siswa kelas XII SMAN 1 Margahayu, nu baris ngiluan UNBK taun 2017

Keur nyiapkeun para siswana, ti béh ditu kénéh geus mimiti dibéré jam tambahan. Nya éta pemantapan ti guru-guru mata pelajaran nu baris di UNBK-keun. Di sagigireun éta aya kagiatana try out. Targétna aya opat kali try out. Nepi ka ayeuna geus dua kali try out. Ngan try outna masih ngaliwatan keretas jeung patlot.

sman 1 margahayu gb 4 - majalah sunda soraSMAN 1 Margahayu rék nyiapkeun leuwih ti 142 komputer keur UNBK siswa didikna

Dina try out nu kaopat, rencanana rék maké komputer. Tujuanana sangkan siswa kelas XII apal kana konten-konten UNBK. Salian ti persiapan keur siswa, sakola gé tatahar keur nyiapkeun SDM-na, nya éta persiapan proktor, teknisi jeung pengawas. Ambéh dina prak-prakanana leuwih apal kana manajemen tur langkah-langkah gawé dina kagiatan UNBK.

Pelaksanaan UNBK di SMAN 1 Margahayu rencanana rék lumangsung tilu pluh. Hartina aya nu asupna isuk-isuk, beurang jeung pasosoré.

“Persiapan kanggo pelaksanaan UNBK 2017 téh, karoas abot awalna mah. Pangpangna kanggo ngumplitan fasilitasna. Salian ti éta, tangtos bakal mayunan rupaning masalah sareng  kakirangan, dina sagala unsur nu aya patalina sareng UNBK. Kayaning unsur komputer, komputer server, jaringan komputer, proctor, teknisi, jrrd. Eta hal téh sakedik-sakedik baris diropéa tur disampurnakeun, mangsa mayunan UNBK nu saenyana,” saur Pa Aa téh.

sman 1 margahayu gb 5 - majalah sunda soraJaga siswa SMAN  1 Margahayu jadi jalma suksés

Nilik kana persiapanana mah mémang bangga jeung réa ngaluarkeun waragad. Ngan loba pisan hal positif nu baris kaala dina pelaksaan UNBK-na téh komo jaga kahareupna mah. Di antarana ngurangan pamakaian keretas, teu gejed ku distribusi soal, jrrd. Tapi nu paling utama mah ajén inajén kejujuranana leuwih luhung. Alatan pesertana téh moal bisa silih béjaan jeung silih tiron, ku sabab soalna béda-béda sanajan diukna pagigir-gigir. Ku kituna SMAN 1 Margahayu ngadeudeul pisan program Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, nu dipingpin ku Pa Ahmad Hadadi téh. [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • SMKN 1 Cimahi Gelar Pembinaan Fisik dan Mental Pancawaluya Godog Karakter 735 Siswa Kelas XII Selama 12 Hari
  • Kado Akhir Tahun 1.675 Guru dan Tenaga Kependidikan P3K Paruh Waktu di Cadisdik X Terima SK, Ini Kata Abdul Fatah
  • Eka Ketua PGRI Kota Cirebon Soroti Kompetensi Guru dan Restoratif Justice dalam Peringatan Hari Guru ke-80
  • GALAKSI 2025 Digelar Daring, PSMA Jabar Konsisten Kuatkan Pendidikan Karakter Siswa Dukung Program Pancawaluya KDM
  • SMK Muhammadiyah Kandanghaur Indramayu Jadi Sorotan: Dipercaya Astra Group, Juga Banyak Lulusannya Bekerja di Jepang hingga Jerman
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In