H. Dudi Rohdiana, M.M., Kepala SMAN 1 Katapang Kabupatén Bandung
majalahsora.com – Teu kabéh sakola di Kabupatén Bandung hususna jeung Jawa Barat umumna, bisa ngalaksanakeun UNBK taun 2017 sacara lancar. Komo di Kabupatén Bandung mah, ampir kabéh SMA téh mitembeyan ngalaksanakeun UNBK-na.
Kabéjakeun dina UNBK SMA di Kabupatén Bandung nu munggaran, aya sababaraha sakola nu kudu ngalaksanakeun ujian susulan. Alatan siswana gagal ngalaksanakeun UNBK. Réréana mah masalah téknis, aya nu pédah gangguan listrik, gangguan jaringan, jsté.
Bapa Musthafa Lutfi, Wakasek Kurikulum
Béda jeung nu kaalaman ku SMAN 1 Katapang. Basa Majalah Sora ka sakola nu dipingpin ku H. Dudi Rohdiana, M.M., poé Kemis 13 April 2017, kagiatanan UNBK lungsur langsar. “Alhamdulillah,UNBK di SMAN 1 Katapang bajalan lancar, teu aya masalah. Sanoas sautak saeutik mah aya, mung teu ngaganggu kana palaksanaan UNBK, masih ditangtayungan ku Alloh SWT. Siswana gé, alhamdulillah 100 persén hadir, ti kawit dinten kahiji ping 10 April 2017, dugi ka ayeuna dinten terahir UNBK ping 13 April 2017,” saur H. Dudi, bari ngucap syukur ka Alloh SWT.
SMAN 1 Katapang hayang jadi sakola berbasis IT. Kalengkepan jumlah komputer, jaringan jeung SDM-na lain saukur keur kagitan UNBK taun 2017 wungkul. Tapi keur kagiatan pembelajaran sapopoé, ulangan harian, uts, uas, usbn, jrrd
Jumlah peserta ujianana aya 334 siswa, ti jurusan IPA aya 192 urang ti jurusan IPS aya 142 urang. Sedengkeun jumlah rohangan nu dipakéna aya tilu, nu ngawadahan 120 unit komputer. Kagiatanana dibagi tilu sési, aya nu asup isuk-isuk, siang jeung pasosoré.
Pikeun lancarna kagiatan UNBK di SMAN 1 Katapang, salian ti dideudeul ku fasilitas UNBK nu hadé ogé dirojong ku SDM nu kompetén. Persiapanana gé asak pisan. Jaringan listrikna diganti, meuli komputer anyar 80 siki, meuli server nu aya hargaan, jsté. Salian ti ngalaksanakeun simulasi keur siswana, ogé aya simulasi pareum listrik, pikeun ngetes ups (batere paragi nyimpen listrik) dina cpu server sarta mental siswa jeung panitiana. Proktorna aya opatan jeung ténisi duaan. Keur nalingakeun nu ujianana, aya pengawas silang ti SMAN 1 Soréang jeung Margahayu, jumlahna aya 18 urang.
Majalah Sora gé hasil ngawawancara sababaraha siswa SMAN 1 Katapang, satutas réngsé ujian sési pamungkas pelajaran pilihan. Ngawawancara ngeunaan UNBK nu munggaran kaalaman ku maranéhna. “Lancar, teu aya gangguan internet ogé gangguan listrik. Saur abdi mah raos UNBK ti batan nganggo keretas pensil mah. Teu capé ngabuleudan lembar jawaban. Pelajaran nu sésah mah matematika sareng pelajaran pilihan jurusan,” cék Nabila.
Teu béda jauh jeung Nabila, cék Navi gé akur, “Raos kénéh UNBK pokona mah langkung lancar sareng langkung jujur, alatan moal tiasa niron da soalna gé benten-benten.”
Poto kenca ka katuhu, Navi, Yanuar, Karmana jeung Afri
Nilik kituna mah, sacara umum kagiatan UNBK taun 2017 téh réa mangpaatna ti batan madorotna. Eta téh karasa pisan ku pihak sakola. Pelaksanaanana leuwih efektif teu méakeun waktu, tanaga. Ngan keur anggaran munggaran mah, gedé pisan waragadna téh, kukituna sagancangna kudu aya solusi ti pamaréntah. Pangpangna waragad keur minuhan fasilitas komputer jeung hal nu aya patalina reujeung pelaksanaan UNBK. Eta hal téh dihaminan ku Pa Dudi Rohdiana, Kepala SMAN 1 Katapang nu visioner téh. [MS]***