• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SMAN 1 Banjaran Bandung “Pelepasan Tahun Ajaran 2015-2016, Mengurai Cerita Cinta & Cita-cita.

majalah by majalah
11/05/2016 7:26 PM
in Sora Sakola
0 0
0
SMAN 1 Banjaran Bandung “Pelepasan Tahun Ajaran 2015-2016, Mengurai Cerita Cinta & Cita-cita.
439
SHARES
2.6k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

“Cageur, Bageur, Bener, Pinter, Singer turta Wanter, Geusan Ngahontal Kalungguhan Jujur, Mujur Tur Teu Takabur”

kepala sman 1 banjaran Drs. Usép Sutarman, M.M.Pd, Kepala SMAN 1 Banjaran Kabupaten Bandung sareng garwana

Sobat Sora, urang silaturahmi ka SMAN Banjaran. Perenahna di Jalan Ciapus Nomer 7 Banjaran Kabupatén Bandung. Poé Salasa Ping 17 Mei 2016 keur kariaan gedé dina raraga paturay tineung kalulusan peserta didik taun ajaran 2015-2016. Nyokot téma Mengurai Cerita Cinta & Cita-cita. Dimimitian ti pukul 8.30 tepi ka réngsé. Sajaba acara resmi paturay tineung anu dipirig ku upacara adat Sunda siswa-siswi kelas X jeung kelas XI, ogé dieuyeuban ku kréasi seni para siswa-siswi SMAN 1 Banjaran. Ti mimiti péntas seni tradisional tepi ka band. Puncak acara dieusi ku tampilan béntang tamu, Budi Cilok nu taun ieu geus nilu kalian ngahibur warga SMAN 1 Banjaran Kabupatén Bandung. Acara paturay tineung ieu dihadiran ku sakabéh warga sakola, alumni, perwakilan orang tua siswa-/i, komite sakola, jsté.

guruGuru SMAN 1 Banjaran

Sanggeus jéda istirahat solat lohor, Pa Drs. Usép ngahiap Sora ka rohang kantorna. Negrakkeun kamandangna kana kagiatan maneuh prosési paturay tineung ku muji syukur, “Barudak anu lalulus ti SMAN 1 Banjaran sing saroléh, dilancarkeun naon rupa cita-cita jeung harepanana, boh nu neruskeun ka perguruan tinggi boh anu wiraswasta ogé ka nu boga karep digawé di pausahaan-pausahaan,” kitu saurna.

ngadua

Drs. Usép Sutarman, M.M.Pd, nu harita digéndéng ku ingkang garwa, Ibu Inneke Héryati, ngajak ngobrol ka Sora, saurna ngawitan mancén kepala ti ping 12 Juni 2015 sanggeus saméméhna mancén kepala di SMAN 1 Pangaléngan (Séptémber 2014-Juni 2015). Linggih di wewengkon Sindangwangi Soréang.  Peserta didik lulusan taun ieu (2016) kondusif teu aya kajadian anu teu dipiharepkeun ku pihak sakola, sakabéhna pokus dina KBM-na, 100 peresén ngilu UN sarta 100 peresén lulus sakabéhna. Turta alhamdulillah tingkat integritasna ngaronjat.

uleman 2

uleman

Pa Usép kacida ngarojongna sistem UN kurikulum tilu belas, anu dina taun ieu kakara dilaksanakeun. Alesanana leuwih épéktif, teu ngalantarankeun para peserta didik stress, ngabiasakeun ngajungjung integritas tingkat kajujuran anu pikareueuseun, sedengkeun pihak sakola nyayagikeun sarana. Ku kituna ditataharkeun ti saméméhna program-program pemantapan kalawan dirojong ku para orang tua para peserta didikna. Kagiatan kasabit, lumangsung ti bulan Nopémber tepi ka bulan April. Diteruskeun doa jeung istighosah babarengan. Sacara umum, pihak sakola ngawal tur ngarojong para lulusanana sangkan bisa nuluykeun pendidikanana ka perguruan tinggi. Dirarancang tina jumlah 375 kalulusan, 25 peresén mah mampuh ngahontal PTN .

padus

penari

Drs. Usép ogé mekelan ku pepejeuh, lulusan SMAN 1 Banjaran, kudu mangpaat, mandiri, cageur, bageur, bener, pinter, singer tur wanter. Geusan   ngahontal kalungguhan jujur, mujur tur teu takabur.

“Harepan ka kapayunna, mugia SMAN 1 Banjaran boh widang akademikna, boh widang non akademikna, ngajadi jengléngan sakola anu unggul paling copel sa-Bandung Selatan, umumna sa-Kabupatén Bandung,” kitu saur Pa Kepala sekolah anu mibanda moto “Memimpin Atas Ridho Alloh.”

pa usepDrs. Usép Sutarman, M.M.Pd, nuju masrahkeun penghargaan ka Muhammad Nuur Rohman

lulusan pinunjul

Sora neruskeun obrolan jeung Waka. Kesiswaan, nya éta Drs. Rudi Rahadiansyah kalawan dipairan ku Kepala TU, Bapa Adi Supardi. Drs Rudi nerangkeun yén réngréngan kepanitiaan kagiatan paturay tineung (pelepasan) kasabit diwangun ku ti pihak guru, Osis, pangrojong acara (anu maridang), paduan suara, angklung, jrrd.

guru deui

Patalina jeung lulusan SMAN 1 Banjaran nu nuluykeun ka perguruan tinggi, anu dipavoritkeun masih tetep ITB, UNPAD jeung UPI. Para peserta didik anu geus ditarima di PTN jalur SNMPTN (undangan), aya 10 urang. Para peserta didik UN SMAN 1 Banjaran nyangking niléy kalulusan atas nama siswa Muhammad Nuur Rohman sarta Nur Anisa Fitriani. Harepan Drs. Rudi teu aya kajaba sangkan para peserta didik lulusan SMAN 1 Banjaran teu pegat beungkeutan duduluran turta kakulawargaan jeung pihak sakola sangkan tetep bisa ngabina adi kelasna boh dina widang seni boh dina widang olah raga.

tari

angklung

“Anu has di SMAN 1 Banjaran mibanda program “permisi” (Penelusuran Siswa Miskin Berprestasi), seueur siswa nu berpréstasi tapi standar kemampuan ekonomina di bawah rata-rata. Ngahaja ku sakola diaping diatik, dilebetkeun ka kelas unggulan, kirang langkung aya 20 siswa, unggal taunna téh. Tina program éta seueur siswa  nu katampi ka PTN, saperti ITB nu katampi ngalangkungan éta program. Jaga tiasa ngaronjatkeun ajén kulawargana masing-masing” kitu saur Drs. Rudi tandes pisan.

pa kepsek

kuis

Sora ogé nepungan Si Kasép Béntang Sakola, Muhammad Nuur Rohman, kalahiran 10 Oktober 1998. Muhammad Nuur Rohman anu zodiakna libra téh, putra Pa Kunto sareng Bu Rika  Kurniasari, urang wewengkon Margahurip Banjaran. Resep maca jeung neuleuman buku-buku pangaweruh IPA/Biologi katut buku-buku Islami. Tokoh penulis anu dipigandrungna nya éta Andréa Hirata. Tokoh kasundaan mah Mang Koko. Tokoh ilmuwan dunia nya éta Ibnu Sina (Avecina), Al-Hawarizmi, Albert Einstein jeung Nikola Tesla.

 

sasalaman

eksis heula

“Panineungan anu moal kapopohokeun nyatana samangsa ngiluan perlombaan biologi sarta teu nyangka sacongo buuk baris jadi juarana. Pesan ka SMAN 1 Banjaran, muga-muga jadi kawah candradimuka geusan ngalahirkeun generasi anu sajati ngabdi ka lemah cai. Keur ka para adi kelas mah, sing jaradi generasi muda anu mibanda kredibilitas luhung ngaliwatan amaliah élmu pangaweruh.  kitu cék Muhammad Nuur.

pa mul“Lulusan taun ayeuna sing sukses,” saur Pa Mulyana & Pa Sukandar, padamel TU 

Salian ti Muhammad Nuur, aya duaan wawakil siswa nu baris méré kamandangna, salila tilu taun nyuprih élmu pangarti di SMAN 1 Banjaran. “Pikaresepeun pokona mah sakola di SMAN 1 Banjaran téh. Boh sareng guru, boh sareng réréncangan. Guru favorit abdi Pa Johan, guru ekonomi. Kanggo SMAN 1 Banjaran sareng adi kelas, suksés terus pokona mah,” cék Yusi Dwi Mustari, XII-IPS-IV.

“Pokona mah pait peuheur salami sakola di SMAN 1 Banjaran  kaalaman pisan ku sim kuring. Kantos diseueulan ku guru, dipusuhan ku réréncangan pokona mah dugi ka diasingkeun di kelas téh. Tapi seueur kénéh kenangan manisna, seueur réréncangan. Guru favorit sim kuring Pa Ayi, Guru PKN. Pesen ka adi kelas ulah nyia-nyiakeun mangsa SMA nya,” kitu cék Regita W. Dewi, XII-IPS-III. [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Semarak Tarhib Ramadan 1447 H di RW 13 Komplek GBI, DKM Ulul Albab Libatkan Seluruh Elemen Warga Sambut Bulan Penuh Berkah
  • SMK PGRI Indramayu Sekolah Pusat Keunggulan dengan Biaya Terjangkau, Lulusan Siap Kerja hingga ke Jepang
  • Rakerda AKSI Jabar Diapresiasi Disdik: Siapkan Kepemimpinan Istimewa Kepala Sekolah untuk Lahirkan Maung Pancawaluya
  • Rohayati: Transformasi SMKN 15 Kota Bandung, Jadi Sekolah BLUD Berbasis Teaching Factory Kolaborasi dan Raih Penghargaan SMK Award 2025
  • Prof Budi Djatmiko Ketum APTISI Pusat Sentil KDM: Lima Kali Undangan Tak Dihadiri, PTS Jabar Dinilai Kurang Perhatian
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In