• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SMA Nasional Bandung : Nobar Film G-30-S/PKI Sangkan Siswa Mikacinta NKRI

Redaksi by Redaksi
28/09/2017 8:08 AM
in Sora Sakola
0 0
0
SMA Nasional Bandung : Nobar Film G-30-S/PKI  Sangkan Siswa Mikacinta NKRI
385
SHARES
2.3k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Yudi Hendrayadi , S.Pd, M.Pd,  Kapala Sakola SMA NasionalYudi Hendrayadi S.Pd., M.Pd, Kepala SMA Nasional Bandung

majalahsora.com, Kota Bandung – Poé Rebo, tanggal 27 Séptémber 2017, SMA Nasional Kota Bandung ngayakeun kagiatan nongton bareng (nobar) film G-30 S/PKI yasana sutradara Arofin C. Noer. Nu kiwari keur ramé  jadi kontroversi jeung  jadi padungdengan dimamana. Kagiatan nu lumangsung di aula ieu sakola téh dihadiran ku sakabéh siswa jeung guru. Di antarana rawuh Kepala Sakola SMA Nasional Yudi Hendrayadi S.Pd., M.Pd jeung pupuhu panitia kagiatan Toni Basuki, S.S., Wakil Kapala Sakola Bidang Kurikulum. 

Nurutkeun Yudi sakumaha nu keur ramé di media kajadian PKI memang aya nu pro jeung kontra, nu antukna nimbulkeun kapanasaran para siswa, generasi ngora ayeuna. Nya antukna  dipasilitasan wé ku sakola diputer dina bulan Séptémber da kapanan kajadian PKI (Gerakan 30 September) téh dina bulan Séptémber jeung kabeneran cenah di sakola gé aya waktu kosong (masa jeda) saminggu, ku sabab aya kagiatan PTN (Penilaian Tengah Semester).  Teu diliburkeun tapi dieusi ku kagiatan order education nya salahsahijina ku kagiatan nobar film G-30-S/PKI. Para siswa gé dibéré tugas pikeun nyatet hal-hal nu pentingna tina eusi film ditulis din LKS.

Nobar film G30 S PKISuasana nobar film G-30-S/PKI

“Janten tujuanana mah kanggo ngawanohkeun film dokumenter PKI  ka balaréa utamina ka warga SMA Nasional Bandung, supados tiasa nganalisa/ngimeutan nyalira kana hal-hal nu janten pro sareng kontrana. Sagédéngeun éta saluyu sareng misi sakola yén SMA Nasional mah kapanan sakola nu gaduh wawasan kebangsaan, tah ku kituna wajib masihan panerangan ngeunaan bahaya latén komunis ka para siswa salaku calon pamingpin bangsa, ulah dugi ka paham komunis hirup deui ngaburantakkeun simpay tatali NKRI,” kitu cék kepala sekolahna téh.

Karakter kebangsaan saur Yudi, terus dicoba diintergrasikeun kana sakabéh  mata  pelajaran. Di antarana kana pembiasaan. Aya pembiasaan kaagamaan jeung pembiasaan kebangsaan. Pembiasaan kaagamaan, méméh lumangsungna KBM (kegiatan belajar mengajar) para siswa kalayan dipingpin langsung di puseur sora, ngaji Qur’ an jeung maca Asamaul Husna.

SMA Nasional Bandung Berwasasan  KebangsaanKampus SMA Nasional Bandung

Ari Pembiasaan Kebangsaan mah geus jadi kawajiban sabab geus aya talatah ti panaratas SMA Nasional, nu kabeneran jadi pejuang kamerdekaan. SMA Nasional memang sacara kalembagaan ngadeg taun 1949, opat tahun sabada Indonesia m.erdeka, Nu naratasna dua pejuang kamerdekaan Pa Surasto (Suargi) sareng Pa Agus (Suargi). Aranjeunna talatah omat-omatan sangkan terus ngabangun jiwa-jiwa kabangsaan ka generasi panerus bangsa,  “Tah nya ku sakola ditarjamahkeun ku misi SMA Nasional JUARA (Jujur, Unggul, Agamis, Rajin, Amanah) ditambih ku Berwawasan Kebangsaan,”pokna

Pembisaan kebangsaan ieu cék Yudi, geus  jadi ciri  nu mandiri SMA Nasional. Unggal poé, saacanna asup kelas sabada kagiatan kaagamaan, para siswa dibariskeun sina nyaranyi Indonesia Raya kitu ogé saméméh marulang para siswa kudu heula nyaranyi lagu-lagu wajib, “ Cindekna sasieureun-sabeunyeureun sakola nerapkeun karakter-karakter kebangsaan ka para siswa supados di mana para siswa lulus janten pejuang-pejuang mangsa kiwari,”kitu harepan kepala SMA Nasional, nu kacatet jadi alumni Biologi UPI.

Griselga & Claudiasari kudu ngajen  ka para pahlawan jeung ngeusi kamerdekaan ku prestasiGriselga & Claudia siswa SMA Nasional Bandung

Sapamadegan jeung hal éta Toni Basuki salaku pupuhu panitia kagiatan brukbrak ka Sora,  leupas tina unsur-unsur politik,  ku ayana nobar film PKI téh jiwa nasionalisme para siswa dipiharep  jadi kageuing deui jeung  terus dilarapkeun dina kahirupan bermasyarakat

Tah kumaha pamanggih para siswa.Griselga Bekarinaka kelas XI MIPA waléh ka Sora, ku ayana film dokumenter ieu inyana jadi apal jeung bisa diajar tina  kajadian G-30-S/PKI, “Abdi janten apal kana sajarah pemberontakan PKI sareng kumaha perjuangan bangsa ieu dina ngalawan PKI nu teu ngagem agama,” kitu saurna.

Apep Ketua OSIS SMA NasionalApep Ketua OSIS SMA NAsional Bandung

“Filmna seru sareng urang janten apal  kumaha sesahna merjuangkeun bangsa ieu. Numawi urang kedah ngajén kana perjuangan para pahlawan ku jalan ngeusianana ku rupi-rupi préstasi nu nyeungitkeun sareng ngamajengkeun bangsa sanés ku hal-hal nu negatip,” kitu cék Claudiasari kelas XI IPS 2.

Ku kituna Apep salaku Ketua OSIS SMA Nasional umajak ka para siswa sangkan ulah tigebrus kana paham komunis nu geus nyata-nyata kejem ngahalalkeun sagala cara. [Asep GP] ***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Pendidikan Enam Bulan di OTC Bali YPKP Bandung, Mahasiswa Langsung Magang ke Luar Negeri
  • Prioritas Program PAPS di SMKN 1 Cimahi untuk Mencegah Anak Putus Sekolah dan Harus Tepat Sasaran
  • SMA Telkom Bandung Dipercaya Masyarakat, Murid Baru Tahun Ajaran 2025/2026 Hampir 100% Terpenuhi
  • Kata Kepala Disdik Jabar Purwanto: PAPS Jadi Langkah Strategis Cegah Anak Putus Sekolah
  • PKM Sekolah Pascasarjana Universitas Negeri Surabaya Hadirkan “Botol Bicara”, Jawab Tantangan Inklusi
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In