Hj. Suprapti, Kepala SMPN 36 Kota Bandung
majalahsora.com – SMPN 36 Kota Bandung, baris ngalaksanakeun UNBK sacara Mandiri. Dina raraga ngadeudeul program Pa Ridwan Kamil, nya éta Bandung Smart City.
Fasilitasna ayeuna keur disiapkeun. Di antarana nyiapkeun komputer jeung jaringan internétna. Sakola nu ayeuna dipingpin ku Hj. Suprapti téh, geus boga komputer 60 unit kaasup nu diup grade. Serverna geus boga tilu, cadangan hiji. Hiji server meunang nginjeum ti SMPN 36 Terbuka.
Dina simulasi UNBK nu lumangsung tanggal 27 Pébruari nepi ka 28 Pébruari 2017 kamari, diiluan ku 270 siswa kelas IX, keur pelajaran matematika jeung basa Inggis. Kagiatanana dibagi tilu pluh, asup mangsa isuk-isuk, beurang jeung pasosoré. Rohangan ujian nu dipakéna aya tilu kelas, nu ngawadahan 30 urang perkelasna téh.
Siswa kelas IX SMPN 36 Kota Bandung nu ngiluan simulasi UNBK aya 270 urang
Aya sababaraha masalah nu disanghareupan dina poé kahijina téh, nya éta masalah jaringan, éta téh lain kasalahan ti SMPN 36 Kota Bandung tapi ti pusatna. Masalah nu disanghareupan ku SMPN 36 Kota Bandung mah nya éta masalah listrik, kungsi ngajeprét.
“Alhamdulillah SMPN 36 Kota Bandung tiasa ngalaksanakeun UNBK Mandiri sanaos, masih aya kakiranganana. Ieu téh dina raraga ngadeudeul program Bandung Smart City ti Kang Emil Walikota Bandung, mudah-mudahan kapayunna mah kakiranganana tiasa dilereskeun,” saur Hj. Suprapti, Kepala SMPN 36 Kota Bandung.
SMPN 36 kota Bandung ngadeudeul Bandung Smart City
Sumanget Hj. Suprapti nu ngagedur sangkan SMPN 36 Kota Bandung bisa UNBK sacara mandiri téh, dideudeul ku warga sakolana. Salah sahijina ku sepuh siswana, nu méré nginjeum laptop/pc-na, pikeun dipaké dina kagiatan simulasi UNBK, kira- kira aya 40 siki.
Siswa SMPN 36 Kota Bandung dipiharep melek tehnologi
Tujuan UNBK di SMPN 36 Kota Bandung téh, lain keur pupujieun, tapi boga ajeun nu luhung, nya éta sangkan siswa SMPN 36 Kota Bandung leuwih melék téknologi, teu kurung batok. Kitu deui atuh mangpaat séjénna, jadi leuwih hémat keretas, leuwih jujur, jrrd. [MS]***