• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Setia Untung, Kepala Kejati Jabar Nu Jadi Pembina Upacara di SMAN 10 Kota Bandung, Sakalian Masrahkeun Bantuan keur Pangwangunan Masjidna

majalah by majalah
12/09/2017 1:27 PM
in Sora Sakola
0 0
0
Setia Untung, Kepala Kejati Jabar Nu Jadi Pembina Upacara di SMAN 10 Kota Bandung,  Sakalian Masrahkeun Bantuan keur Pangwangunan Masjidna
372
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

SONY DSCSetia Untung Arimuladi, salaku Kepala Kejaksaan Tinggi Prop. Jabar, alumni SMAN 10 Bandung angkatan 1979-1980

majalahsora.com, Kota Bandung – Poé Sénén isuk-isuk, 11 Séptémber 2017, Setia Untung Arimuladi, salaku Kepala Kejaksaan Tinggi Prop. Jabar, jadi pembina upacara bendéra di SMAN 10 Kota Bandung, nu dipupuhuan ku Ade Suryaman, S.Pd., M. M. Keur Untung, geus ngaduakalian jadi pembina upacara di sakola nu pernahna di Jalan Cikutra téh, dina raraga program Jaksa Masuk Sekolah (JMS).

SONY DSCAde Suryaman, Kepala SMAN 10 Bandung (kénca) & Dede Amar, Kepala BP 3 Wilayah IV Disdik Prop. Jabar

Mangsa méré amanat, ngadadarkeun ngeunaan Nawa Cita, hususna poin nu kadalapan, ngeunaan pembentukan karakter, utamana generasi ngora Indonésia. Cék Untung pentingna nguatan karakter bangsa téh, keur nyingkahan hal-hal negatip nu baris ngaruksak méntal generasi ngora, pangpangna ngeunaan perundungan/bullying ku senior ka junior, nu keur haneuteun. Ti SD nepi ka SMA sok aya baé perundungan téh.

SONY DSCMangsa ngeleberkeun bandéra

Harita, Untung méré sababaraha conto ngeunan kasus perundungan, nu nyababkeun sababaraha pelajar ngalakukeun kekerasan boh méntal boh fisik ka babaturan sakolana. Samalah aya nu nepi ka tilar dunya. Nu jadi sababna téh, biasana ukur masalah sapélé. Kawas dengdam pédah diléléwé, silih ngaléléwé, gara-gara nagih hutang sarébu pérak, pédah kaperego maok hapé, jsté. Ku kituna teu bisa diantep kitu baé, alatan éta hal téh geus ngalanggar hukum pidana.

SONY DSCSiswa SMAN 10 Bandung 

Nu ngalantarankeun para rumaja ngalakukeun perundungan téh, salah sahijina nya éta faktor keluarga, alatan kurangna perhatian ti kolotna. Nempo kolotna ngalakukeun hal kasar, tuluy diturutan mangsa di sakolana. Di sagigigreun éta faktor ékonomi, kecemburuan sosial, jrrd.

SONY DSCPeserta upacara bendera Jaksa Masuk Sekolah di SMAN 10 Kota Bandung

Ka para siswa SMAN 10 Kota Bandung nu jadi peserta upacara, Untung ngingetan, yén sakabéh manusa, mangsa lahir ka alam dunya téh, boga ajén nu sarua, nya éta ngabogaan hak asasi manusa nu akur. Nu kudu dihormat tur dihargaan. Teu ngabedakeun hak nu beunghar jeung nu miskin, alatan di Indonésia  sakabéh warga negarana boga hak hidup jeung hak merdéka tina bertindak sapanjang teu ngalanggar masalah hukum nu luyu jeung undang-undang nu lumaku.

SONY DSCAde Suryaman, (kénca) basa nampi bantosan ti Setia Untung, Kepala Kejati Jabar

Cék Untung, nu meunang ngawatesan hak asasi manusa téh nya éta hukum nu aya dijero peraturan perundang undangan, lain pribadi-pribadi nu ngarasa dirina leuwih punjul ti batan nu lianna. Kayaning ngarasa jago, pinter, beunghar, jsté.

SONY DSCSetia Untung, Kepala Kejati Jabar masrahkeun bantuan keur pangwangunan Masjid SMAN 10 Kota Bandung

Ka para peserta upacara bendera, hususna para siswa SMAN 10 ti kelas X nepi ka XII, Untung méré talatah ka maranéhna salaku penerus bangsa, sangkan kudu silih asah asih asuh, ulah ngabéda-bédakeun jeung papada babaturan. Masih cék Kejati, jaga 10 nepi ka 20 taun ka hareup nasib para siswa nu ayeuna hadir ngiluan upacara téh moal sarua. Ku kituna kudu boga niat sangkan bisa ngabagjakeun kolot jeung nagara.

SONY DSCM. Iqbal, Ketua Pelaksana Reuni Emas SMAN 10 (jaket biru), masrahkeun pangajén ka Setia Untung salaku alamuni SMAN 10 Bandung nu berdedikasi & loyalitas ka SMAN 10. Salian ti éta, ogé masrahkeun 10 pangajén keur guru tur alumni SMAN 10 Bandung nu berdedikasi tur loyalitas lianna, nu dipasrahkeun saban taun. Taun 2017 ayeuna nu munggaran

Untung gé miharep lembaga sakola hususna SMAN 10 Kota Bandung bisa méré pengawasan ka peserta didikna. Kitu ogé sakola kudu méré pamahaman ka orang tua siswana, sangkan aranjeunna leuwih merhatikeun para putrana.

SONY DSCPoto babarengan siswa SMAN 10 Bandung

Patalina jeung sumpingna Kepala Kejati Jabar ka SMAN 10 Kota Bandung, Adé Suryaman salaku kepala sekolahna, ngarasa reueus tur atoh. “Sim kuring ngarasa bagja, SMAN 10 Bandung katatamuan Pa Setia Untung, salaku Kepala Kejati Jabar. Reueusna alatan anjeunna téh alumni SMAN 10 ongkoh, nya éta angkatan 1979-1980. Komo tiasa janten pembina upacara benderana. Dipiharep anjeunna tiasa janten motivasi kanggo siswa SMAN 10 hususna, yén SMAN 10 Kota Bandung téh tiasa ngalahirkeun generasi nu tiasa babakti ka nagara sapertos Pa Kepala Kejati,” cék Adé.

SONY DSCPihak SMAN 10 Kota Bandung nu meredih langsung ka Kejati Jabar sangkan ngontrol pangwangunan & revitalisasi perkantoran SMAN 10 Bandung

Satutas upacara bendéra, Kepala Kejati Jabar téh, laju masrahkeun bantuan keur kagiatan agama Islam di Masjid SMAN 10 Kota Bandung, kayaning Al Qur’an, mukena, sarung sarta méré waragad keur pangwangunan masjidna. Laju, nilikan wangunan perkantoran utama SMAN 10 Kota Bandung, nu keur direvitalisasi, ogé ngaresmikeun laboratorium kewirausahaan budidaya ikan, disarengan ku Dédé Amar salaku Kepala BP3 Wilayah IV, Disdik Prop. Jabar, Bambang, salaku Ketua Komite Sekolah, M. Iqbal, salaku Ketua Panitia HUT Emas SMAN 10, jrrd .

SONY DSCKepala Kejati Jabar ngaresmikeun laboratorium kewirausahaan budidaya ikan di SMAN 10

“Alhamdulillah sakola nuju sibuk ngawangun gedung perkantoran utama, langsung kontrolna ku Kepala Kejati. Pihak sakola nu meredih pangwangunan perkantoran utama SMAN 10, sangkan dikontrol ku kejaksaan. Salian ti éta SMAN 10 Kota Bandung salaku sakola rujukan di Jawa Barat gé, ngagaduhan laboratorium kewirausahaan budidaya ikan, langsung diresmikeun ku Pa Setia Untung,” cék Kepala SMAN 10 téh.

Poto Kagiatan

SONY DSCSONY DSCSONY DSCSONY DSCSONY DSCSONY DSCSONY DSC[MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Twelve Edufair 2026 Digelar di SMAN 12 Bandung, Hadirkan 22 Kampus hingga Alumni Inspiratif
  • Endi Diana Ruskandi Kepala SMA Negeri 3 Cimahi, akan Tingkatkan Kualitas Sekolah dengan Membangun Pembiasaan Kedisiplinan
  • Special Screening Film Dalam Sujudku di UNJANI Libatkan Rektor, Sarat Pesan Moral tentang Kesetiaan, Pengorbanan dan Keluarga
  • Asep Taryudin Kepala SMKN 11 Garut Diganjar Penghargaan oleh Forum Wartawan Pendidikan Jabar, Dinilai Informatif dan Berdedikasi
  • Kepala SMKN 11 Garut, Asep Taryudin Siapkan Lompatan Besar: Teaching Factory, Budaya Kerja, hingga Target 500 Siswa Baru
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In