Bapa Anang Sudaran, Kepala Dinas Lingkungan Hidup Propinsi Jawa Barat
majalahsora.com – Hutang Kompensasi Jasa Pelayanan (KPJ), pengelolaan sampah Pamaréntah Kota Bandung ka DLH (Dinas Lingkungan Hidup) Propinsi Jawa Barat, can dibayar kabéh. Babakuna geus tujuh taun, ti taun 2011.
Total hutangna Rp. 6,7 miliar, nu katarima ku BPRS (Balai Pengelolaan Sampah Regional) nu dikokolakeun ku DLH Prop. Jawa Barat téh kakara Rp. 5.2 miliar.
Kepala DLH Prop. Jabar Bapa Anang Sudaran nétélakeun, pihakna ampir tujuh taun marjuangkeun hakna. “Alhamdulillah kalawan ku perjoangan nu sakitu panjangna, tungtungna mah masalah anu aya patalina sareng KPJ nu di kokolakeun ku Pamaréntah Kota Bandung téh, tiasa ti bébérés, sanaos teu acan dugi ka réngsé. Pemkot Bandung ping 27 April 2017 kamari,mayarna téh,” saur Pa Anang Sudaran, di kantor DLH, nu pernahna di Jalan Naripan No. 14.
Ngayayayna masalah pembayaranana téh, alatan teu pahamna pejabat kasabit kana undang-undang nu lumaku luyu jeung rules of the game nu aya di pamaréntahan tur pangwangunan.
“Cecepengan birokrasi mangsa digawé téh, nya éta nyoko kana peraturan undang-undang. Mangka sadaya birokrat téh, kédah apal tur sagemlenganana ngarti kana aturan perundang-undangan nu lumaku kanggo sadaya tingkat pamaréntahan boh pusat, propinsi, kabupatén boh kota. Kitu ogé tina tingkat kalungguhan ti luhur dugi ka handap. Pangpangna ngeunaan aspek pamaréntahan tur pangwangunan,” pokna. [MS]***