majalahsora.com – Kementerian BUMN Republik Indonésia kagagas sangkan generasi ngora Indonésia wawuh tur nyaah ka lemah caina, salah sahiji carana ngaliwatan mikadeudeuh budaya Nusantarana tur apal kana BUMN-na. Ku kituna Kemeterian BUMN ngainisiasi kagiatan Siswa Mengenal Nusantara. Difasilitasan ku sakabéh BUMN (Badan Usaha milik Negara) nu wilayah gawéna sumebar di 34 propinsi nu aya di Indonésia.
Tujuanana sangkan generasi ngora, nya éta siswa SMA/SMK sadarajat wanoh ka budaya bangsa, boga kareueus jeung buméla ka lemah caina. Ngaliwatan kagiatan pertukaran pelajar. Taun ayeuna téh asup kana taun katilu, munggaran diayakeun basa taun 2015.
Pa Oma, S.Pd., M.M.Pd., (tengah batik hideung) panitia Seleksi Mengenal Nusantara ti Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat
Méméhna para pesetana diseleksi heula.Taun 2017 ayeuna keur tingkat Propinsi Jawa Barat mah, lumangsung di Gedung Serba Guna PT. Biofarma, nu pernahna di Jalan Pasteur No. 28 Kota Bandung. Biofarma téh hiji-hijina pausahaan kapimilik nagara nu nyieunan vaksin. Lumangsung poé Juma’ah, ping 28 April 2017 kaliwat, ti isuk-isuk nepi ka pasosoré.
Kurang lewuih aya 54 urang siswa SMA jeung SMK nu diseleksina téh, jolna ti 27 kabupatén kota di Jawa Barat. Unggal kabupatén kota ngirimkeun dua urang wawakil, ti SMA jeung SMK masing-masing saurang. Dina kagiatan kasabit, aya opat BUMN nu kalibetna téh, nya éta PT. Biofarma, PT. Wika, PTPN VIII jeung Perum Jasa Tirta II. Nyeleksina gawé bareng reujeung Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. Engkéna dicokot 27 urang.
Pa Sarmedi SE, Ahli Madya CSR PT. Biofarma
“Aya sababaraha hal nu di tesna téh, nya éta tés pengetahuan umum tur di tés wawasan kedaérahanana, ngadamel seratan kirang langkung 500 karakter huruf. Aranjeunna kedah enya-enya ngawasa wawasan kadaérahan. Alatan siswa nu lolosna téh, engké kedah tiasa ngadadarkeun ngeunaan Jawa Barat. Rencanana siswa ti Jawa Barat baris dikintun ka Bangka Belitung,” saur Pa Oma, S.Pd., M.M.Pd., panitia Seleksi Mengenal Nusantara ti Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat.
Juri nu nyeleksina tim ti Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. Jumlahna aya lima urang, di antarana; Drs. H. Jumdiat Marzuki, M.M., Dra. Hj. Wiwi Siti Zawiyah, Dr. Hj. Sundari, M.Pd., Hj. Dédéh Suatini, M.M.Pd., sareng Dr. H. Warya Zakarilya, M.Pd.
Poto kénca ka katuhu; Dr. Hj. Sundari, M.Pd., Dra. Hj. Wiwi Siti Zawiyah, Drs. H. Jumdiat Marzuki, M.M., Hj. Dédéh Suatini, M.M.Pd., sareng Dr. H. Warya Zakarilya, M.Pd nu janten jurina
Salian ti tés wawasan umum tur kadaérahan, ogé di tés kaséhatan. Taun-taun méméhna mah can kungsi aya. Nu ngalantarankeunana mah, pédah taun 2016 katompérnakeun aya siswa nu geus lulus sacara akademis, teu jadi miang alatan gering.
“Taun ayeuna aya tés kasehatan, taki-taki supados para siswa téh teu gaduh kasawat nu parna mangsa pemberangkatan ka tempat nu dijugjug. Hawatos taun kamari aya nu dugi ka mimisan, hanas tos lolos sacara akademik. Di tésna ku tim dokter ti PT. Biofarma,” saur Pa Sarmedi SE, Ahli Madya CSR PT. Biofarma.
Bu Yuni, Corcom Pimpinan PT. Biofarma & Pa Bayu Corsec PT. Wika
Sabada lolos seleksi Siswa Mengenal Nusantara, rencanana 27 urang siswa nu ngawakilan Jawa Barat téh, baris miang ka Bangka Belitung, diberangkatkeunana bulan Juli 2017. Kurang leuwih salapan poé lilana téh. Sabalikna siswa ti Bangka Belitung datang ka Jawa Barat.
Para pamilon seleksi Siswa Mengenal Nusantara tingkat Jawa Barat taun 2017
Salila di Bangka Belitung para siswana téh bakal ngadongdon ka tempat wisata nu aya di Bangka Belitung tur diwanohkeun kana budayana. Salian ti éta nganjang ka sababaraha BUMN nu aya di ditu. Jadi para siswa téh apal kana kabeungharan budaya bangsa urang, ogé reueus ka nagara alatan boga BUMN nu dipakereueus ku balaréa. [MS]***