• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

“SEKOLAHKU BERSINAR” DI SMPN 3 KOTA BANDUNG

majalah by majalah
06/04/2016 9:18 PM
in Sora Sakola
0 0
0
“SEKOLAHKU BERSINAR” DI SMPN 3 KOTA BANDUNG
452
SHARES
2.7k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

pa endang                          Drs. Endang Rochman, M.M.Pd, Kepala SMPN 3 Kota Bandung

Sobat Sora, urang silaturahmi ka SMPN 3 Kota Bandung, anu dikepalaan ku Drs. Endang Rochman, M.M.Pd. Pupuhu anu seneng badminton, jeung ngojay (renang) sarta mireueus kana perjoanganana wakil presidén RI munggaran, Moch. Hatta. Landep kana bacaan-bacaan tata kelola alias buku-buku manajmen. Kawitna kantos mupuhuan di SMPN 43.

pa waka kesiswaan                          Pa Tursino, S.Pd, Waka. Kesiswaan

SMPN 3 anu perenahna di Jalan Déwi sartika 115 nyoko kana tatapakan “sekolahku bersinar” mibanda harepan sangkan unggul turta nyongcolang dina sagala widang. Hal ieu dibuktikeun ku préstasi-préstasina anu kaitung nyongcolang pisan, sakumaha anu diécéskeun ku Waka. Kesiswaan, Bapa Tursino, S.Pd sareng guru PLH ngarangkep anggota tim adiwiyata, Ibu Indira Tresnawati, S.Pd.

bu lis                          Bu Lis Rohaéti, S.Pd, Guru basa Sunda & Pembina Pramuka SMPN 3 Kota Bandung

Préstasi nya éta: Erlangga, juara renang tingkat Kota Bandung, ngahasilkeun 2 emas jeung 2 pérak, ngawskilan ka Tingkat propinsi Jawa Barat. Juara debat tingkat Kota Bandung atas nama siswa M. Ramdan Fikri geusan diancokeun keur ngawakilan tingkat Propinsi jawa Barat (02SN), 1 April 2016. Juara I ngarang puisi tingkat Kota Bandung. Juara III Paskibra tingkat Kota Bandung. Juara I tari kréasi  anu diayakeun di ISBI Buah Batu. Juara taé kwon do tingkat pemula sa-Jawa Barat, nyangking medali pérak atas nama Pazadika kelas VIII-I, Riza nur Azhar kelas VIII-G, nyangking medali perungu.

guru plh                          Ibu Indira Tresnawati, S.Pd, Guru PLH & Tim Adiwiyata SMPN 3 Kota Bandung

Program séjénna nya éta ngahangkeutkeun ékskul pramuka. Program penyuluhan kanker servik gawé bareng jeung Puskesmas Pasundan. Program kantin séhat (warung berséka), salah sahijina program teu ngajual inuman anu ngandung soda turta nu nyepeng kantinna dikudukeun maké sarung tangan standar kaséhatan. Gawé bareng jeung pihak kapulisian geusan ngaantisipasi sumebarna narkoba jeung mahabuna géng motor, sakaligus nyeponsoran pénsi (péntas seni).

kaayaan sakola                          Kaayaan sakola

siswasmpn 3 kota bandung                          Siswa siswi SMPN 3 Kota Bandung, siap nyeungitan ngaran sakolana

tim tari                          Tim tari & pelatihna

SAM_4301                          Koleksi piala SMPN 3 Kota Bandung

Dina kagiatan tatahar adiwiyata keur tingkat propinsi, dibentuk masing-masing garapan Tim Apel (anak peduli lingkungan). Pelatihan téhnik ngabinihkeun (pembibitan) anu diwengku ku 50 siswa-siswi jeung 6 guru pembimbing, gawé bareng jeung Dinas Pertanian UPT Pasirluyu. Kagiatanana nya éta ngabibitkeun toga (tanaman obat keluarga), tutuwuhan hiasan (tanaman hias), hydroponik (tutuwuhan anu dipelakna henteu dina taneuh, kayaning dina cai, dina huut badag atawa dina tai ragaji/bubuk kai) ogé tutuwuhan lalab lumbrah (sayuran) konvénsional tabulampot (tanaman buah dalam pot). Teu nutup kamungkinan ka payunna baris mrogramkeun melak paré dina pot, kitu saur Bu Indira.

SAM_4304                          Green house SMPN 3 Kota Bandung

??????????                          Tim Adiwiyatana aya rencana melak paré dina pot (gambar tina internét)

Program saterusna ngayakeun Bank Sampah, runtah palastik jeung keretas.  Diupayakeun para siswa-siswi setor runtah dina saban poéna sarta sabisa-bisa marawa wadah sorangan ti imahna séwang-séwangan boh cepuk boh botol cai inuman. Hal ieu penting sangkan para peserta didik bener-bener sadar kana kamangpaatan runtah saupama dipatéahkeun kalawan hadé tur daria. Disagigireun tangtuna ngaantisipasi nerekabna runtah patulayah. [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Kerja sama Internasional SMKN 1 Cibinong Gandeng KRIVET dan Seoul AI Technical High School, Manfaatkan AI untuk Meningkatkan Kualitas Pembelajaran
  • Sudah Tiga Bulan Tanty Memimpin SMAN 1 Bandung, Perkuat Karakter Siswa, Diganjar Penghargaan Gapura Pancawaluya serta #Save SMANSA Bandung
  • Raker Penyusunan dan Pengesahan RKAT UNIBBA 2026 di Pangandaran Tegaskan Arah Kampus Berdampak dan Tata Kelola Perguruan Tinggi yang Baik
  • Di Bawah Kepemimpinan Dr Agus Setiawan, SMKN 2 Kota Bekasi Fokus Cetak Lulusan Berkarakter dan Standar Industri
  • Belajar dari SMKN 3 Kota Bandung, DPRD Banten Targetkan SMK Berstatus BLUD Mulai Tahun Ajaran Baru 2026/2027
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In