• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi Numerapkeun Kadisiplinan tur Kaberesihan ka Sakum Warga Sakolana

Redaksi by Redaksi
20/03/2016 11:31 AM
in Sora Sakola
0 0
0
SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi Numerapkeun Kadisiplinan tur Kaberesihan ka Sakum Warga Sakolana
414
SHARES
2.4k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

pa eddy 3

                                   Pa Eddy S. S.Pd, M.Pd, Kepala SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi

SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi, pernahna di Jalan KH. Usman Dhomiri No 190. Mangsa dipingpin ku Pa Eddy S, S.Pd, M.Pd, condong numerapkeun kadisiplinanana. Eta hal lumaku keur kepala sekolah, guru karyawan jeung para siswana.  Saperti disiplin dina kehadiran, tugas mengajar, jrrd. Ari siswa mah dina hal kadisiplinan waktu jeung diajarna. Tujuanana keur ngaronjatkeun kualitas, kinerja tur tanggung jawab kepala sekolah, guru sarta préstasi siswana.

SAM_3573

                                   Guru SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi

Saban poé Senén kepala sekolah sok briffing jeung guru tur karyawanna, salila lima nepi ka lima belas menit. Ngabahas ngeunaan sagala hal nu aya pakaitna jeung tugas guru. Di sagigireun éta, sabulan sakali sok ngayakeun rapat. Biasana kepala sekolah nepikeun hasil rapat ti Dinas Pendidikan Kota Cimahi ka para guruna.

upacara

                                  Siswa SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi keur upacara bandéra

Keur ngarakeutkeun rasa kakulawargaan guru jeung siswa, unggal poé méméh asup kelas, kepala sekolah jeung guru piket ngadeg, deukeut gerbang sakola. Sasalaman ngabagéakeun siswa nu datang. Asupna ti pukul tujuh isuk-isuk, bubar kelasna mah pukul satengah satu.

kaayaan taman sakola                                   Taman sakola

Lamun aya siswa nu kabeurangan, biasana sok dibére peupeujeuh ti guru. Lamun kabeuranganana leuwih ti tilu kali, engkéna baris dibéré surat peringatan. Saur Pa Eddy, Alhamdulillah ayeuna mah langki nu kasiangan.

bu murjiwati

                                  Bu Murjiwati, S.Pd.

Sakola gé nerapkeun kadisiplinan miara lingkungan ka para siswana téh. Saperti pembiasaan miceun runtah kana wadahna. Eta téh hal nu basajan, ngan angger lamun teu disiplin jeung sadar mah, tangtu éngkéna bakal miceun runtah di mana baé. Biasana dina waktu upacara bandéra, guru pembinana terus ngélingan. Pa Eddy gé saban waktu, sok asup ka kelas-kelas. Nepikeun ngeunaan pentingna miceun runtah kana wadahna. Ku cara ngadongéng nepikeunana téh, heunteu tog mol kitu baé.  Dipiharep leuwih efektik numerap ka para siswa. Ku sabab leuwih narik ati.

miceun runtah

                                  Wadah runtah anyar

Harita basa Majalah Sora ameng ka ieu sakola, geus nyampak aya genep wadah runtah anyar, keur runtah organik jeung an-organik. Masing-masing bisa ngawadahan runtah nepi ka 30 l. Eta téh nambahan wadah runtah  nu geus aya. Rencanana, wadah runtah organik jeung an-organikna rék ditambahan deui, nepi ka 17 siki, luyu jeung jumlah rombel (rombongan belajar).

Bu tin wartini

                          Bu Tin Wartini,S.Pd.

Salian ti hal di luhur, sakola gé getol ngaronjatkeun penghijaunana, nepi ka héjo ngemploh. Aya taman jeung kebon sakola. Taman sakolana ditata apik. Dipelakan ku rupa-rupa tutuwuhan. Aya tangkal hias, saperti hanjuang, tangkal cau hias, disagigireun éta aya tangkal buah, jrrd. Payuneun rohangan kepala sekolahna aya kokocoran cai, matak tiis pikir. Kebon sakolana aya di gigireun rohang kepala sekolah. Dipelakan bawang daun, céngék, saledri, jrrd. Meunang mawa para siswana, ku sakola dipindahkeun kana polybag sangkan saragam.

 

pA GAOS 2

                                   Pa Gaos Suherman, A. M.Pd.

“Alhamdulillah ayeuna kayaan sakola langkung bararesih langkung asri. Ku cara nata taman sakola, kebon sakola, ngumplitan wadah runtah, jsté. Danana tina dana BOS (bantuan Operasional Sekolah). Salian ti éta, aya bantosan pepelakan ti Dinas Lingkungan Hidup Kota Cimahi. Dina hal nyosialisaikeun pembiasaan miceun runtah kana wadahna, bapa dibantos ku para guru.  Teu bosen ngelingan para siswa, dugi ka hideng. Sanaos sok aya waé nu bandel, mah. Caraka gé karaos pisan miara lingkungan. Bapa ngahaturkeun nuhun, utamana ka guru tur karyawan SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi, pamaréntah Kota Cimahi, Dinas Pendidikan Kota Cimahi, sareng stake holder nu tos ngabantos SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi. Bapa miharep bantosan ti lingkungan sabudeureun sakola, hususna ti petugas nu ngakut runtah, sangkan tiasa unggal dinten dongkapna. Supados teu numpuk,” saur Pa Eddy, nu soméah.

bu wen wen

                                   Bu Wenwen J. S.Pd.

Fasilitas SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi,  ayeuna terus dieuyeuban. Kahareupna hayang boga kelas IT, ngumplitan wifi, méméres kaayaan wc siswa,  jrrd.

pa edi sarn tu

                                  Pa Eddy dipoto sareng staf TU, Bu Yessi AR, S.Pd, sareng Pa Neda Permana

“Unggal kepala sekolah nu mingpin SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi, gaduh inspirasi sewang-sewangan. Kitu ogé  sareng Pa Eddy, anjeunna condong nerapkeun kadisiplinan. Ayeuna karaos kinerja guruna janten langkung nanjeur. Harepan Ibu mudah-mudahan sagala nu tos ditanceubkeun ku Pa Eddy tiasa teras dilajengkeun. Préstasi siswa gé langkung ngaronjat. Perhatosan ti Pa Eddy ka guru sareng sakola karaos pisan. Kakulawargaanana gé langkung raket. Mudah-mudahan SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi tiasa janten sakola unggulan, hususna di tingkat gugus,” saur Bu Yétty Suhaéty, S.Pd, Guru SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi.

bu yetty suhaeti

                                  Bu Yetty Suhaety, S.Pd nuju ngawulang 

Jumlah lulusan SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi 70%-na katarima ka sakola negri boh SMP boh MTs. Sésana mah neruskeun ka sakola luhureunana.

pa eddy deui

“Alhamdulillah, kompak guru-guru téh. Jiwa sosialna kapiara. Boh dina hal kaagamaan boh dina hal kakulawargaanana,” saur Bu Murjiwati, S,Pd, Guru SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi.

prestasi

 

pramuka

Ieu yeuh préstasi SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi téh, Farhan (kelas IV), juara III Karaté, di Bandung Barat, taun 2016. Destira (kelas V) juara I Kaligrafi Putri, Gelegar Scout Misbahunnur, taun 2015. Andika (kelas V), juara II utama, Hasta Karya Putra, Gelegar Scout Misbahunnur, taun 2015, Dzaki (kelas V), juara III Kaligrafi Putra, Gelegar Scout Misbahunnur, taun 2015. Wulan (kelas IV) juara harapan III Kriya Anyam, FLS2N, tingkat Kota Cimahi. Raihan juara 1 Aksara Sunda, Festival Sastra Sunda, taun 2015. Raina, juara II Tembang Pupuh Putri, Festival Sastra Sunda, tingkat Kota Cimahi tur ngawakilan ka tingkat propinsi,  taun 2015. jrrd. [MS]***

Data Sakola: Lega sakola: ± 3000 m2. Jumlah guru: ± 29 urang.  Jumlah siswa: ± 510 urang. Jumlah rohang kepala sekolah: 1. Jumlah rohang guru: 1. Jumlah rohang UKS & koperasi: 1. Jumlah rohang perpustakaan: 1. Jumlah mushola: 1. Rohang kelas: 17. Jumlah rohang olahraga/senam: 1.

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Pendidikan Enam Bulan di OTC Bali YPKP Bandung, Mahasiswa Langsung Magang ke Luar Negeri
  • Prioritas Program PAPS di SMKN 1 Cimahi untuk Mencegah Anak Putus Sekolah dan Harus Tepat Sasaran
  • SMA Telkom Bandung Dipercaya Masyarakat, Murid Baru Tahun Ajaran 2025/2026 Hampir 100% Terpenuhi
  • Kata Kepala Disdik Jabar Purwanto: PAPS Jadi Langkah Strategis Cegah Anak Putus Sekolah
  • PKM Sekolah Pascasarjana Universitas Negeri Surabaya Hadirkan “Botol Bicara”, Jawab Tantangan Inklusi
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In