• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SDN Buah Batu Selatan 1, 3, 4, 7 & 9 Kota Bandung Dina Nyanghareupan taun Pelajaran 2016- 2017 Terus Ngabebenah Fasilitasna

Redaksi by Redaksi
23/06/2016 8:23 AM
in Sora Sakola
0 0
0
SDN Buah Batu Selatan 1, 3, 4, 7 & 9 Kota Bandung Dina Nyanghareupan taun Pelajaran 2016- 2017 Terus Ngabebenah Fasilitasna
444
SHARES
2.6k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Bu ulanIbu Ulan Sumilan, S.Pd, M.M.Pd, Kepala SDN Buah Batu Selatan 1, 3, 4, 7 & 9 Kota Bandung

Buah Batu – Rebo, tanggal  22 Juni 2016, Majalah Sora ngahaja silaturahmi ka SDN Buah Batu Selatan 1, 3, 4, 7 & 9, kadituna mah urang sebat SDN Buah Batu Selatan wé nya. Harita nepangan Ibu Ulan Sumilan, S.Pd, M.M.Pd, salaku kepala sekolahna. Ngobrol santéy di rohang damelna nu bararesih. Tah warta lengkepna mah aos wé nya.

ngabebenahKeur masang teralis beusi

SDN Buah Batu Selatan, pernahna di Jalan Ibrahim Adjie No. 45 Kota Bandung. Jumlah siswana kawilang réa, kira aya 1200-an siswa keur kabéh tingkatanana. Asupna dibagi dua pluh, isuk-isuk jeung siang.

ngabebenah 2Di ieu lorong baris dipasang kanopi, sangkan kaiuhan mangsa hujan jeung panas

Dina raraga ngaronjatkeun kualitas SDN Buah Batu Selatan, Bu Ulan saparakanca, terus ngeureuyeuh ngawangun infrastrukturna. Sababaraha bulan ka tukang SDN Buah Batu Selatan ngawangun perpustakaan Bestari nu diresmikeun ku Kepala Dinas Kota Bandung, Bapa Elih Sudiapermana. Salian ti éta ngawangun kantin séhat.

kantin sehatKantin sehat

Hancaeun saterusna nya éta, ngabebenah saluran cai tur filterna, alatan kualitas cai di SDN Buah Batu Selatan kurang alus. Salian ti éta ogé rék nyieun jamban anyar. Da salila ieu, jumlahna masih kurang, utamana di lantéy dua jeung tilu, nu can boga jamban. Rencanana rék ngawangun opat jamban, lantéy dua jeung lantéy tilu masing-masing dua siki. Tujuanana sangkan para siswa nu aya di éta lantéy teu barabé mangsa hayang ka cai. Sakabéh jambanna téh bakal leuwih ti dalapan siki.

pa elihPa Elih Sudiapermana, Kadisdik Kota Bandung ngaresmikeun Perpustakaan Bestari SDN Buah Batu Selatan

masjidRencanana di luhureun perpustakaanana baris di wangun masjid nu legana 56 m2

Disagigireun hal di luhur, SDN Buah Batu Selatan dina mangsa ayeuna baris ngawangun gapura sakola tur rohang satpamna. Gapurana  dioméan,  sacara éstétika bakal leuwih geunah katempona. Kitu ogé jeung rohang satpam nu representatif, sangkan tugas satpam leuwih optimal dina nalingakeun kaayaan sakola sarta wargana, alatan sok aya urang luar nu teu pupuguh asup ka sakola.

gedong sakolaGedong SDN  Buah Batu Selatan

“Dina mangsa reureuh kagiatan diajar, Ibu ngahaja ngabebenah sakola. Aya tilu nu diprioritaskeunana téh, nya éta gapura sareng rohang satpam, jamban sareng saluran caina, nu saterasna mah masjid sakola. Rencanana masjidna diwangun di luhureun perpustakaan Bestari. Legana 7×8 m2. Desainna modéren minimalis. Mudah-mudahan dina taun ieu tiasa laksana. Insya Alloh kanggo waragad jamban baris aya bantosan ti pamaréntah. Eta téh pangdeudeul ti Pa Beni, salaku Kasie. Sarana  Prasarana Dikdas, Dinas Pendidikan Kota Bandung,” saur Bu Ulan, nu mottona silih asah, silih asih, silih asuh téh.

green houseGreen House

Ngaronjatkeun ajén inajén lingkungan, kaberesihan jeung kaséhatan warga SDN Buah Batu Selatan gé jadi salah sahiji udagan ieu sakola. Méméhna geus dilélér penghargaan Adiwiyata Kota Bandung. Ayeuna keur tatahar sangkan hasil jadi sakola adiwiyata tingkat propinsi jeung nasional.

sareng pa elihBu Ulan sareng Pa Elih Sudiapermana, Kadisdik Kota Bandung basa nampi penghargaan Adiwiyata Kota Bandung 

Aya sababaraha unsur  sangkan SDN Buah Batu Selatan bisa ngahontal préstasi di widang lingkungan nu leuwih luhung téh. Salah sahijina pangdeudeulna ti tim keberesihan tur gorong-gorong Kelurahan Cijawura. Saminggu tilu kali ngakutan runtah ieu sakola. Runtahna beunang dikumpulkeun, salah sahijina sabada kagiatan GPS (Gerakan Pungut Sampah) nu dilaksanakeun saban poé Senén, Rébo sarta Juma’ah. Sakola gé aktif kordianasi jeung RT-na.

desain gapuraDesain Gapura

Keur ngurangan volume runtah, ti sababaraha waktu ka tukang siswana diusahakeun sina mawa bekel jeung inuman ti imahna séwang-séwangan. Samalah pikeun kelas tilu, opat jeung lima mah ti béh ditu kénéh dibéré misting tur wadah inuman ti PIP Aspirasi. Disagigireun éta PIP Aspirasi gé méré bantuan mangrupa baju muslim jeung tas.

pos satpamDesain pos satpam

Lulusan SDN Buah Batu Selatan angkatan 2015-2016, ampir 78 peresénna nuluykeun ka sakola negeri, sésana nuluykeun ka pasantrén jeung ka sakola swasta. Taun ajaran 2016-2017 SDN Buah Batu Selatan baris nampa 200 siswa. Dipiharep dina taun ajaran anyar téh, sagala program nu direncanakeun ku Bu Ulan tinekanan. Pangpangna keur ningkatkeun préstasi jeung kualitasna. Hal éta teu leupas ti pangdeudeul warga sakola ogé komite sakolana, nya éta Bapa Jumhari,S.Pd, Kepala SMP Madya Kota Bandung manten.  [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • SPMB Kota Bandung 2025: Antusias Pendaftar ke SMP PGRI 10 Bandung Meningkat
  • Jangan Lewatkan “Ruang Jumpa”, Minggu 15 Juni 2025, Ada Aksi Seni Spektakuler Mahasiswa TPB FSRD-ITB’24 di Monumen Perjuangan
  • SPMB Jabar di SMAN 26 Bandung Berjalan Lancar, Antusiasme Pendaftar Melebihi Ekspektasi
  • SPMB Jabar 2025: SMKN 4 Kota Bandung Tidak Ada Celah untuk Jalur Titipan, Komit Jalankan Instruksi Gubernur Dedi Mulyadi
  • SPMB Jabar 2025: SMKN 1 Majalaya Ramai Diserbu Pendaftar
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In