• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SDN Buah Batu I & III (Selatan) Kota Bandung Ngarojong Program “BANDUNG MASAGI”

Redaksi by Redaksi
03/04/2016 7:31 PM
in Sora Sakola
0 0
0
SDN Buah Batu I & III (Selatan) Kota Bandung Ngarojong Program “BANDUNG MASAGI”
408
SHARES
2.4k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

bu ulanBu Ulan Sumilan, S.Pd., M.M.P.d., Kepala SDN Buah Batu 1 & 3 (selatan)  Kota Bandung

Sobat Sora, urang kenalan sareng kepala SDN Buah Batu I-III Ibu Ulan Sumilan, S.Pd, M.M.Pd sakaligus nganyahokeun program-program anu eukeur jeung bakal dikeureuyeuh salila ieu.

green houseGreen house

Basa Sora silaturahmi ka SDN Buah Batu I-III Kemis 31 Maret 2016. kabeneran keur haneuteun ku ayana program kunjungan inohong ti luar negeri (Universitas Oxpord, Inggris) dina raraga program kunjungan warung anak sẻhat (Kantin Sẻhat) kalawan diluluguan ku Prof. Dr. Mick Blowfield sakaligus kunjungan para mahasiswa UNPAD ti Fakultas Kedokteran.

macaNgabiasakeun maca

Bu Ulan anu linggih di Komplék Permata Biru turta ngawitan jeneng kepala SDN Buah Batu I- III ti taun 2012 medar program sakola anu dikokolakeunana.

rajin macaPabukonna terus dibebenah

Dina widang fisik, anjeunna matéahkeun pabukon (perpustakaan) sacara optimal anu kawitna sistim manual laju dibebenah ngaju kana sistim digitalisasi. Sanggeus dibebenah turta dibébérés sapuratina tepi ka manajemenisasina. Ieu perpustakaan laju diresmikeun ku cara ngulem para pustakawan ti UNINUS, Pa Elih Sudiapermana, Kepala Dinas Pendidikan Kota Bandung sareng Pa Harta Kurniawan, Kepala Bidang PTKSD Dinas Pendidikan Kota Bandung. Saterasna ngabebenah kantin anu perenahna di tengah aréa wawangunan sakola, diupayakeun pola kantin séhat tur berséka. Hal ieu dumasar kana pangalaman Bu Ulan, prihatin ku kaayaan warung-warung sakola anu kurang miduli kana kaséhatan, boh tempat boh dahareunana. Bu Ulan ngaharepkeun sangkan kantin sakolana bener-bener higienis, berséka turta sadar kana kabersihana. Sawatara peresmian kantin séhat mah basa bulan Agustus 2015.

kantin sehatProf. Dr. Mick Blowfield, ti Inggris, basa nganjang ka kantin sehat SDN Buah Batu 1 & 2 Kota Bandung

SDN Buah Batu I-III anu perenahna di Jalan Jéndral Ibrahim Adji Nomer 45 nyangking prédikat sakola adiwiyata tingkat provinsi (April 2015) turta keur hangkeut-hangkeutna tatahar nuju kana sakola adiwiyata nasional.

ti oxfordKepala Sekolah, Guru SDN Buah batu 1 & 3 (Selatan), dipoto sareng Prof Dr. Mick Blowfield ti Oxford Univesity Inggris

“Ku ngajéngléngna pabukon (perpustakaan) pola digitalisasi di SDN Buah Batu I-III, . Diharepkeun para siswa-siswi turta warga sakola umumna, daék leukeun ngeureuyeuh neuleuman rupa-rupa buku bacaan. Nyempetkeun dina sajongjongan mah maca, nelaah turta nerapkeun dina kahirupan sapopoéna. Saluyu reujeung ngaran pabukonna “BESTARI” wancahan tina “Belajar Lestari” tegesna mibanda kaluhungan pangaweruh dibarengan kajembaran pangalaman anu asak tapi teu adigung-adiguna. Dumasar kana falsafah paré, mingkin kolot mingkin tumungkul (tawadhu), lantaran cirining jalmi sugih pangarti jembar panalar nyatana kaajrihan ka Nu Kawasa, loma turta haat ka sasama. Beuki tambah pangarti beuki karasa sisipna diri di payuneun Gusti,” saur Bu Ulan anu saméméhna ngawulang di SDN Ciporéat Kota Bandung.

mahasiswa unpadBu Ulan basa nampi kunjungan mahasiswa kedokteran UNPAD

Dina pamaké sapopoéna, Bu Ulan nandeskeun ka sugrining warga sakola geusan ngarojong program wali kota Bandung nya éta “Bandung Masagi” nu diwangun ku opat pilar weweg: Agama, Budaya, Lingkungan turta Béla Nagara. [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Musyawarah Besar IKA APB, STIPER, FAPERTA UNIBBA: Pererat Silaturahmi, Susun Program Strategis
  • Ketua ABPPTSI Jabar: Perlu Cetak Biru dan Libatkan PTS Wujudkan Indonesia Maju serta BOM untuk Bangun SDM Unggul
  • Sharing Session Prodi Pendidikan Bahasa Inggris FKIP UNIBBA Hadirkan Ibu dan Anak, Mengajarkan Bahasa Inggris Sejak Dini, Inspirasi Mahasiswa Calon Guru
  • SMKN 2 Baleendah Darurat Guru Tata Kecantikan, Program PAPS Tetap Berjalan Lancar Tanpa Ekses
  • 190 Siswa Diterima SMKN 1 Kedawung Dukung Program PAPS Gubernur Jabar
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In