Drs. Hapid, M.Pd.I., Kepala SDN Andir Kidul Kota Bandung
majalahsora.com – Basa poé Senén, ping 29 Méi 2017, Majalah Sora ngahaja ngadongdon ka SDN Andir Kidul Kota Bandung, nu asup ka Gugus 26, pernahna di Jalan AH. Nasution No. 38 A, Kelurahan Pakemitan, Kecamatan Cinambo.
Guru sareng padamel tata usaha SDN Andir Kidul, nuju di rohang tata usaha
Mangsa nempo kaayaan ieu sakola nu dipingpin ku Drs. Hapid, M.Pd.I., téh kaasup sakola nu meujeuh, wangunana dua lantéy, bararesih tur nyaman. Pa Hapid gé kiwari mancén tugas jadi ketua Gugus 26.
Fasilitasna aya rohang guru, rohang tata usaha, rohang Kepala Sekolah, mushola, wc siswa 10, wc Guru 1, wc Kepala sekolah 1, lapang upacara ngahiji jeung lapang olahraga, rohang UKS, dapur sarta pabukon.
Salian ti hal kasabit di luhur ieu sakola gé geus boga laboratorium IPA, rohang IT, rohang kesenian, rohang olahraga. Dikumplitan ku fasilitas wastafel paragi kukumbah leungeun, jumlahna kira-kira aya 20 keran. Drs. [MS]***









