• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SDN 042 Gambir Kota Bandung, Nu dipingpin ku Guru Berpréstasi tingkat Jabar manten téh Ngaluluskeun 90 Urang Siswa

Redaksi by Redaksi
18/06/2017 11:18 AM
in Sora Sakola
0 0
0
SDN 042 Gambir Kota Bandung, Nu dipingpin ku Guru Berpréstasi tingkat Jabar manten téh Ngaluluskeun 90 Urang Siswa
395
SHARES
2.3k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

SONY DSCPa Agus Supriadi, S.Pd., M.M., Kepala SDN 042 Gambir Kota Bandung

majalahsora.com – Pangumuman kalulusan UN (Ujian Nasional) SD sa-kuliah Indonésia, lumangsung poé Saptu, ping 17 Juni 2017. Nya kitu deui di SDN 042 Kota Bandung, nu pernahna di Jalan Gambir No. 21, Kelurahan Samoja, Kecamatan Batununggal téh, akur diumumkeunana mangsa harita bari sakalian ngalaksanakeun kagiatan paturay tineung tur buka bersama.  

SONY DSCPa Asep Sujana, Guru kelas VI

Ti tilu bulan katukang, sakola kasabit téh dipupuhuan ku Pa Agus Supriadi, S.Pd., M.M. Saméméh mingpin SDN 042 Gambir Kota Bandung, anjeunna ngawulang di SDN Gumuruh 9 Kota Bandung. Mangsa jadi guru, Pa Agus leubeut ku préstasi, di antarana kungsi jadi juara kahiji guru berpréstasi tingkat Kota Bandung taun 2014, laju jadi juara kadua guru berpréstasi tingkat Propinsi Jawa Barat, taun 2014. Préstasi lianna nya éta jadi instruktur nasional tur kungsi miang ka Australia Barat, dina raraga ngiluan pelatihan guru, taun 2013.

SONY DSCPa Juli Raspati, Ketua Komite Sekolah

Dina kalulusan taun 2017 ayeuna SDN 042 Gambir ngaluluskeun 90 siswa, 100 persen lulus. Peunteun UN  pangluhurna  nya éta 261,00, beunang Nabila Zahro. Lamun sacara umum mah niléy rata-rata UN SDN 042 Gambir téh, aya diangka 171,25, tur asup kategori C. Pamasrahan kalulusanana lumangsung pukul 15.30. Diteruskeun ku kagiatan pelepasan tur buka bersama.

SONY DSC SONY DSCKaayaan kagitan paturay tineung

“Kanggo awal kapamingpinan sim kuring mah awal nu saé, sanaos kitu, taun payun mah kedah dironjatkeun deui niléy ujianana téh,” saur Pa Agus, nu ogé ngarangkep jadi ketua gugus 32.

Basa dikolongan ku Majalah Sora, kunaon ngayakeun acara pelepasanana nyedek ka lebaran, Pa Agus tandes nétélakeun, anjeunna hoyong kagiatan kelulusan tur pelepasan siswa téh mangsa hasil ujian nasionalna geus kaluar tur katampa ku siswa, nya éta ping 17 Juni 2017.

SONY DSCOrang tua siswa 

Kabandungan ku Majalah Sora, kagiatanana lumangsung hikmad tur basajan, euweuh acara hiburan kawas ilahar. Kagiatanana diluuhan ku Bu Rinda Riningsih, Pengawas Pembina gugus 32, Pa Juli Raspati, KetuaKomite Sekolah, para guru, karyawan, tur sepuh siswa kela VI SDN 042 Gambir.

SONY DSC SONY DSCPamasrahan piagam tur piala ka lulusan terbaik SDN 042 Gambir Kota Bandung, taun 2017

Runtuyan acarana, di antarana ngaderes Al Qur’an nu diaos ku wawakil siswa kelas VI nu geus lulus, ngahaleangkeun lagu Indonésia Raya, pangbagéa ti wawakil guru kelas VI, nya éta Pa Asép Sujana, Pa Agus Supriadi, Kepala Sekolah sarta Pa Juli Raspati, Ketua Komite Sekolahna.

SONY DSCPa Agus nu kungsi janten juara guru berprestasi tingkat kota jeung propinsi, taun 2014 nuju masrahkeun pangajen ka Bu Risa Ratna Juwita, M.Pd., nu  hasil jadi juara ka-3 guru berprestasi tingkat Kota Bandung, taun 2017 

Dina pangbagéana, Pa Juli salaku Ketua Komite Sekolah, tur wawakil ti sepuh siswa,nganuhunkeun pisan ka para guru nu tos ngatik palaputrana. “Teu karaos, palaputra sim kuring tos genep taun nyuprih élmu di SDN 042 Gambir. Seja nganuhunkeun ka bapa ibu guru nu parantos ngatik tur ngadidik, dugi ka lulusna. Sim kuring gé miharep, jaga lulusan ti SDN 042 Gambir téh seueur nu jeneng. Boa aya nu janten Walikota, Gubernur ogé Présiden. Kitu deui tong mopohokeun ka almamaterna, pikeun ngadeudeul kamajuan SDN 042 Gambir, boh materil, boh moril,” saur Pa Juli téh.

SONY DSC SONY DSCPa Agus & Bunda Rinda, disakseni ku guru tur lulusanana, basa ngapungkeun balon gas ka udara

Pihak sakola gé, harita masrahkeun pangajén tur piala pikeun lulusan terbaik SDN 042 Gambir. Di sagigireun éta aya pamasrahan pangajén tur piala pikeun salah sahiji guruna, nya éta Bu Risa Ratna Juwita nu hasil jadi juara ka-3 guru berpréstasi tingkat Kota Bandung, taun 2017.

SONY DSC

Sabada kagiatan di luhur, diteruskeun ku acara pamasrahan kalulusan, nu dibagikeun ku walikelasna sewang-séwangan nu dipasrahkeun di kelas VI-A, VI-B jeung genep-C. Laju diteruskeun ku pelepasan balon, nu lumangsung di lapang sakola tur buka bersama.

SONY DSCKagiatan paturay tineung

“Alhamdulillah kagiatanana lancar. Kagitan paturay tineung sareng buka bersama téh, dikokolakeun ku sepuh siswa, sim kuring sparakanca mung janten uleman tur nyayogikeun tempat wungkul. Nuhun kanggo kasaéan para sepuh siswa nu tos lulus, ogé ka para guru, tur karyawan SDN 042 Gambir. Di sagigireun éta seja nganuhunkeun ka Bunda Rinda salaku Pengawas Pembina gugus 32, sareng Pa Juli, salaku Ketua Komite Sekolah,” saur Pa Agus téh.

SONY DSCSakalian buka bersama

Pikeun taun ajaran 2017-2018, kacatet, leuwih ti 30-an siswana nu geus katarima di SMP negri nu aya di Kota Bandung. Eta téh ngaliwatan jalur non akademik, boh anu jalur préstasi, undang-undang, boh jalur RMP. “Mudah-mudahan sésana nu 60 urang, tiasa berjuang ngalangkungan jalur akademik. Mugia lulusan ti SDN 042 Gambir téh, janten lulusan nu sholeh sholéhah tur barokah kanggo sepuhna ogé bangsa sareng nagara, utama ka dirina masing-masing tur babakti ka sepuhna,” pokna. [MS]***  

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Pengajian Umum Majelis Taklim Ulul Albab Komplek GBI: Ustadz Kondang di tvOne M. Asep Ridwan Sampaikan Ceramah “Menemukan Keberkahan Dalam Kehidupan Sehari-hari”
  • Disdik Jabar-Cadisdik VII: Penerimaan Murid Baru SMA PGRI 2 Bandung Tahun Ajaran 2025/2026 sudah Dibuka, Fokus Siapkan Lulusan Masuk PTN dan Cetak Prestasi Olahraga
  • Making Bed Competition OTC Bali YPKP 2025 Buka Jalan Karier Siswa SMK sederajat Menuju Industri Hospitality Internasional, Ini Daftar Juaranya
  • BBPMP Jabar Gelar Rapat Koordinasi Program Prioritas Kemendikdasmen dengan Pemda dan Disdik se-Jawa Barat
  • OTC Bali YPKP Gelar Making Bed Competition ke-2 antar SMK, Tanamkan Budaya Kerja Profesional dan Standar Internasional
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In