• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Sanlat Romadon & Festival Romadon di SMKN 7 Kota Bandung Keur Nga-carge kaimanan Siswana

majalah by majalah
15/06/2016 9:31 AM
in Sora Sakola
0 0
0
Sanlat Romadon & Festival Romadon di SMKN 7 Kota Bandung Keur Nga-carge kaimanan Siswana
360
SHARES
2.1k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

sanlat

Sobat Sora, biasana dina bulan Romadon téh sok dilaksanakeun kagiatan Sanlat (pasantrén kilat) Romadon, boh di tingkat SD/MI, SMP/ MTs boh di tingkat SMA/SMK/MA. Saperti nu dilaksanakeun di SMKN 7 Kota Bandung, nu dipupuhuan ku Ir. Deudeu Mulyati, M.Si. Lumangsung ti tanggal 9 Juni nepi ka 17 Juni 2016. Dikokolakeun ku Guru Pendidikan Agama Islam, BK sarta Jurusanana.

pa dannyPa Danny Kurniadi, Guru PAI, nu janten ketua pelaksana Sanlat Romadon SMKN 7 Kota Bandung taun 2016

Sanlat Romadonna diiluan ku 1200 siswa, ti kelas X jeung XI nu ngawengku opat paket keahlian nya éta, kimia industri, teknologi penyempurnaan tekstil, kimia analis jeung farmasi. Tempat kagiatanana di masjid jeung aula SMKN 7. Ngaran masjidna nya éta Biturahman ari aulana mah di aranan Graha Chemistry, nu diresmikeun ku Ibu Atalia Praratya Ridwan Kamil, 13 Maret 2016 katompérnakeun .

peserta sanlat

Aya dalapan urang guru  nu jadi pematerina téh sarta pembimbing opatan, sadaya ti SMKN 7. Eusi matéri Sanlat Romadonna, nya éta ngeunaan bag-bagan Al Quran, hadist, ahlaq, aqidah jeung sajarah Islam. Waktuna ti pukul tujuh isuk-isuk nepi ka lohor.

sanlat 2

“Tujuan dilaksanakeunana kagiatan Sanlat Romadon di SMKN 7 Kota Bandung téh nya éta sangkan siswa neuleuman pangajaran agama Islam, nanjeurkeun kataqwaan para siswa, pembinaan ahlaq, penguatan dina berbusana muslimah pikeun para siswi, getol ibadah sareng ngabiasakeun miara kaberesihan lingkungan. Biasana mah kagiatan Sanlat Romadon di SMKN 7 téh dugi ka dua minggu, mung ningal kondisi ayeuna mah ukur dalapan dinten. Kumargi bentrok sareng kagiatan PPDB, kenaikan kelas, sareng mayunan Boboran Siam” kitu saur Pa Danny Kurniadi, Guru PAI, nu janten ketua pelaksanan Sanlat Romadon SMKN 7 Kota Bandung taun 2016.

sanlat 3

SMKN 7 Kota Bandung téh  pangajaranana condong kana widang sains, dipiharep ku ayana Sanlat Romadon téh, siswana jaga jadi ahli sains nu ajeg kaimanana. Sanlat Romadon jadi salah sahiji bekel para siswa pikeun ngojayan jaman nu sakieu globalna. Matak kudu aya bekel nu leuwih keur ngeusian kaimananana dina hirup kumbuh di masarakat nu saenyana.

pa tatangPa Tatang Husén, S.Pd, Waka. Kesiswaan & Drs. Ucang Usman, staf kesiswaan SMKN 7 Kota Bandung

bu sitiBu Hj. Siti Jubaédah, M.Ag, Guru PAI & sekretaris kagiatan Sanlat Romadon SMKN 7 Kota Bandung

“Alhamdulillah, nu kahiji Sanlat Romadon téh salah sawios agenda kesiswaan SMKN 7 nu maneuh unggal taun aya. Kumargi siswana mayoritas muslim, diayakeun wé Sanlat Romadon. Nu kaduana mah ngamangpaatkeun momentum sasih Romadon kanggo ningkatkeun amal ibadah, dieusian ku kagiatan nu matak leubeut ku pahala. Nu katiluna mah, kaimanan urang téh kawas batré hp, sakapeung kaimanan téh keur nyirorot, tah dina sasih Romadon téh kaimanan urang dicarge deui, sangkan leuwih ngaronjat. Nu pamungkas mah SMKN 7 Kota Bandung, ngadeudeul program Bandung Masagi dina widang kaagamaan,” saur Pa Tatang Husén, S.Pd, Waka. Kesiswaan nu someah téh.

pa dedePa Dédé, M.Pd.I, Guru PAI SMKN 7 Kota Bandung

bu NuryanahBu Nuryana, M.Ag, Guru PAI SMKN 7 Kota Bandung

Di sagigireun kagiatan Sanlat Romadon, aya ogé kagiatan Festival Romadon. Lumangsung poé Salasa nepi ka poé Kemis (tanggal 14 nepi ka 16 Juni 2016). Ieu kagiatan téh gaganti Porseni, nu biasana lumangsung unggal ahir semester. Alatan waktuna dina bulan Romadon, mangka kagiatanana diganti ku kagiatan pasanggiri Islami, saperti pasanggiri tahfiz Quran, kaligrafi jeung nasyid.

lomba kaligrafi

lomba kaligrafi 2Pasanggiri kaligrafi, Festival Romadon SMKN 7 Kota Bandung

tufanaTufana Muhalik Jahulan, Ketua OSIS SMKN 7 Kota Bandung

panitiaPanitia Festival Romadon, SMKN 7 Kota Bandung

Festival Romadon téh dikokolakeun ku OSIS SMKN 7 Kota Bandung jeung Ikrima. Jumlahna panitiana kurang leuwih aya 50 urang. Juri nu meunteunna nya éta gabungan ti Guru PAI jeung Seni. Unggal kategori marebutkeun juara 1 nepi ka tilu tur hadiah ti panitia. Unggal kelas ngirim saurang perwakilan pikeun pasanggiri tahfiz jeung kaligrafi, ari nasyid mah dina sa-grupna minimal aya 10 urang. Tempat lombana di aula SMKN 7 Kota Bandung.  Sapoé hiji, mata lombana téh. [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Jelang Laga El Clasico Persib vs Persija, Wagub Jabar Imbau Bobotoh Gelar Nobar Demi Keamanan & Kebersamaan
  • Siswa Kelas XII dan Alumni yang Ingin Diterima di PTN Wajib Ikuti SNBT Class 2026 dari SINCOSTAN Academy Ayo Daftar Jangan Telat
  • Telkom University Perkuat Kewirausahaan Digital PMI Taiwan, Tekankan Ekonomi Kreatif Berbasis Teknologi dan AI
  • Telkom University Dorong Daya Saing Industri FMCG Malaysia Melaui Penguatan SDM dan Pemasaran Digital
  • Program Abdimas Internasional Telkom University Dorong Kesiapan Reintegrasi dan Persiapan Pulang PMI di Taiwan
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In