Drs. W. Lesmana. M.M.Pd., M.Si., salaku Kepala SMK Pasundan 2 Kota Bandung siap nyukseskeun kagiatan UNBK di Jawa Barat
Andir majalahsora.com – SMK Pasundan 2 Kota Bandung, salah sahiji sakola swasta favorit di Kota Bandung. Saban taunna jadi pangjugjugan masarakat, pikeun nyakolakeun palaputrana ka ieu sakola. Basa taun ajaran 2016-2017 kamari gé, kurang leuwih nampa 945 siswa. Total siswana ayeuna aya 2216 urang, nu sumebar di lima pakét keahlian nya éta, permesinan, teknik kendaraan ringan, elektronika, komputer dan jaringan sarta sepeda motor.
nu ngokolokeun kagiatan UNBK di SMK Pasundan 2 Kota Bandung di deudeul tur di kokolakeun ku:
Bapa Alip Syahrudin, ST., M.M., Waka Kesiswaan & proktor kagiatan UNBK SMK Pasundan 2 Kota Bandung
Bapa Gilang Margana Rahayu, S.Pd., Waka Kesiswaan
Ibu Heryanti Herdiani, ST., Guru produktif paket keahlian TKJ, alumni ti ieu sakola lulusan taun 2004-2005
Guru-guru SMK Pasundan 2 Kota Bandung siap mere pelayanan prima ka siswa didikna
Sarana jeung prasarana di unggal paket keahlianana, kaasup nu kumplit jeung representatif. Mangsa pangajaran teori jeung praktek dilaksanakeun satu atap, nya éta di Kampus SMKN Pasundan 2 Kota Bandung nu pernahna di Jalan Pelita Karya I No. 2, Malébér Barat.
Aya 250 unit komputer nu dipimilik ku SMK Pasundan 2 Kota Bandung
Patalina jeung kagiatan UNBK (Ujian Nasional Berbasis Komputer), SMK Pasundan 2 Kota Bandung, rék ngaduakalian. Basa pelaksanaan UNBK taun 2016 kamari bajalan lancar tur suksés. Dina nyanghareupan UNBK taun 2017 ayeuna, nu baris dilaksanakaeun di bulan April 2017, sacara kaseluruhanana mah geus siap.
Dina UNBK taun 2017 ayeuna, SMK Pasundan 2 Kota Bandung baris maké tujuh rohangan
Engké mangsa prungna, SMK Pasundan 2 Kota Bandung rék maké 250 unit komputer jeung tujuh rohangan. Kabéh komputerna kapimilik ieu sakola, spekna core-i3, sarta maké server nu luyu jeung standar minimum nu geus ditangtukeun ku Direktorat Pendidikan Nasional.
Suasana diajar di SMK Pasundan 2 Kota Bandung
Jumlah siswa kelas XII nu rék miluan UNBK-na aya 637 siswa ti lima pakét keahlian. Jumlah proktorna aya tujuhan sarta teknisina dua urang. Aya sababaraha tarékah nu keur jeung eudeuk dilaksanakeun ku SMK Pasundan 2 Kota Bandung, sangkan siswana siap nyanghareupan UNBK taun ayeuna téh. Di antarana méré jam tambahan pelajaran, hususna keur mata pelajaran matematika, basa Indonésia, basa Inggris jeung teori kejuruan. Méré tur ngaguar buku kisi-kisi ujian nasional. Salian ti éta aya simulasi UNBK, simulasi kahiji dilaksanakeun bulan Désémber 2016, pelaksananana kalintang lancar tur euweuh masalah. Simulasi kadua rencanana baris diayakeun tanggal 13-14 Pébruari 2017 sarta kagiatan pemantapan séjénna.
Suasana diajar di SMK Pasundan 2 Kota Bandung
Saenyana mah, ti kelas X, siswa SMK Pasundan 2 Kota Bandung téh geus diwanohkeun kana kagiatan nu aya patalina jeung komputer sarta jaringan, kayaning pangajaran ngaliwatan interet jeung ujian sacara digital. Jadi teu pati hariwang ari nempo kituna mah.
Jaringan internet keur UNBK-na geus nyukupan
“Alhamdulillah, SMK Pasundan 2 Kota Bandung, siap ngalaksanakeun UNBK taun 2017. Insya Alloh siap ngarojong Pamaréntah Propinsi Jawa Barat, nya éta nyukséskeun program ti Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, sangkan Jabar Kahiji,” kitu saur Pa Lesmana, salaku Kepala SMK Pasundan 2 Kota Bandung téh.
Siswa SMK Pasundan 2 Kota Bandung
Di sagigireun éta aya opat SMP nu baris ngalaksanakeun UNBK di SMK Pasundan 2 Kota Bandung, nya éta SMP Pasundan 7 Kota Bandung aya 169 siswa, SMP Pasundan 10 Kota Bandung aya 21 siswa, SMP Pasundan 12 Kota Bandung aya 224 siswa sarta ti SMPN 24 Kota Bandung aya 345 urang.
“Sacara teknis sareng fasilitas SMK Pasundan Kota Bandung, siap ngabantos opat SMP nu baris ngalaksanakeun UNBK di SMK Pasundan 2 Kota Bandung,” saur Pa Alip Syahrudin, ST., M.M., salaku Waka Kurikulum sareng proktor kagiatan UNBK SMK Pasundan 2 Kota Bandung. [MS]***