Sobat Sora, urang kenalan yu, sareng salah sahiji siswi berpréstasi ti SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi. Nami lengkepna, Raina Putri. Nénéhna mah Raina baé, ayeuna geus kelas V.
Raina lahir di Cimahi, tanggal 5 Juli 2005. Siwi bungsu ti dua sadulur, Bapa Ana sumarna sareng Ibu Lina Herlina. Wiraswasta, damel Apana téh. Ari Ibu-na mah, ngawulang di SMPN 6 Kota Cimahi sareng di SMP Wiyata Bakti Kota Cimahi.
Ti TK mula, Raina geus kabandang kana béla diri ti nagara “Gingséng”. Tétéh-na (Suci Sesyiaria Utami, siswi SMAN 3 Kota Cimahi), nu ngalantarankeun anjeunna resep kana tae kwon do. Kabita ku préstasi Rakana, nu sering jadi juara. Samalah dina sababaraha kajuaraan, rakana kapeto jadi atlét tae kwon do terbaik-na.
Ayeuna, Raina latihan tae kwon do di Gor Sangkuriang Cimahi. Geus ngahontal sabuk hideung pom beureum. Saminggu dua kali latihanana téh, poé Kemis jeung Minggu. Dilatih ku Sabem Aju. Ieu siswi nu lungguh téh, geus sering ngiluan kajuaraan tae kwon do. Ku latihan nu keyeng, Raina sababaraha kali hasil jadi juara. Di antrana: Medali emas kajuaraan tea kwon do tingkat Kota Cimahi, di Gor Sangkuriang, taun 2015. Medali emas tae kwon do tingkat Propinsi Jawa Barat, di UPI Bandung, taun 2015, jrrd. Lamun dijumlah jamléh, geus ngoléksi 5 medali. Medali emas 3, medali perak 1, sarta medali perunggu 1.
“Lamun urang ngiringan hiji kajuaraaan, siapkeun méntalna, fokus, sarta ditambihan jam latihanana ti batan biasana. Pami di tae kwon do mah, diukur beurat bandanna katégori kejuaraanna téh. Saperti kategori U-26 (beurat bandanna kurang ti 26 kg) sareng U-29. Aya sababaraha téknik nurunkeun sareng naékkeun beurat badan. Saperti nurunkeun beurat badan ku cara saum, eueut caina tong seueur teuing, sareng skipping. Biasana tilu dinten tos lungsur beuratna téh. Pami naékkeun beurat badan mah sabalikna, kedah seueur barang tuang, sareng eueut cihérang” saur Raina.
Salian ti jago tae kwon do, Raina gé jago némbang pupuh. Ti Aki sareng Apana, nu ngamalirkeun getih seni Sunda ka dirina téh. Sorana halimpu, basa Majalah Sora ngadangukeun dirina nembang. Raina geus hasil nyeungitan ngaran SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi. Basa taun 2015, hasil jadi juara II Pupuh sa-Kota Cimahi tur ngawakilan ka tingkat Propinsi Jawa Barat. Bu Tin Wartini, salah sahiji guru SDN Padasuka Mandiri 4 Kota Cimahi, nu ngaping nembang pupuhna téh. [MS]***