• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Program SimPel (Simpanan Pelajar) Bank BJB (Jabar Banten) Gawé Bareng jeung SMKN 6 Kota Bandung

Redaksi by Redaksi
13/04/2016 8:22 PM
in Sora Sakola
0 0
0
Program SimPel (Simpanan Pelajar) Bank BJB (Jabar Banten) Gawé Bareng jeung SMKN 6 Kota Bandung
376
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

pa ramdan                       Pa Ramdan, S.Pd., M.Si., Kepala SMKN 6 Kota Bandung, salah sahiji Kepala Sekolah nu visioner

“Ngadidik para siswa-siswi, geusan ngabiasakeun daék nabung keur satuluyna jadi kabiasaan dina kahirupan sapopoéna.”

Sobat Sora, pareng nepangan Kepala SMKN 6 Kota Bandung, Drs. Ramdan, M.Si, ngaguar  ngeunaan program SimPel. Anu geus launching ti ping 21 Maret 2016, gawé bareng jeung Bank BJB. Ngokolakeun uang jajan siswa ieu sakola. Tujuanana mah ngabiasakeun nyisihkeun duit jajan, béaya pulsa, jrrd, kalawan teu aya tekenan jeung paksaan, éstu kasadaran dirina.

mitembeyan                       Kurang leuwih aya 1350 urang siswa SMKN 6 nu janten nasabah SimPel Bank BJB

“Tina jumlah 2315 siswa-siswi SMKN 6, 1350 urang tos janten nasabah tabungan Simpel Bank BJB. Diharepkeun ka payunna, teras nambihan jumlah peserta didik anu daraék nabung,” kitu saur Pa Ramdan.

Setoran awalna, nya éta Rp 5000, keur satuluyna minimal sapoé Rp 1000. Euweuh biaya administrasi, nabungna téh. Masing-masing nasabah engkéna baris dibéré kartu ATM sakalian  jadi kartu pelajar.

nabung euy                       Pa Ramdan Kepala SMKN 6 Kota Bandung dina acara mitembeyan/laounching tabungan SimPel BJB

“Kagiatan SimPel sifatna pembelajaran, sangkan siswa SMKN 6 teu reuwas deui kana properti-properti anu tumali sareng anu namina bank. Alhamdulillah pada ngarojong, dibagyakeun ku warga sakola katut masarakat sabudeureunana,” kitu saur Pa Ramdan daria.  

buku tabungan                       Buku tabungan SimPel Bank BJB

Harita launching SimPel lumangsung gebyar, Senén tanggal 14 Maret 2016 katompernakeun. Diluuhan ku: Bapa Elih Sudiapermana, Kadisdik Kota Bandung, Ibu Hj. Rita, Kabid SMA/SMK Disdik Kota Bandung, Dirut BJB Cab Bandung, Kanwil BJB, Anggota, Komisi III DPRD Kota Bandung, Wawakil orang tua siswa, Komite sakola, diwakilan ku Pa Adé Juhara, Pengawas SMKN 6, Bapa Dédi Indrayana, jrrd. Salian ti éta hadir Kepala Sekolah ti 15 SMK Negri nu aya di Kota Bandung jeung  Kepala SMAN 25 Kota Bandung , SMAN 10 Kota Bandung  sarta SMAN 15 Kota Bandung.

simpel                       Minimal siswa SMKN 6 Kota Bandung, nyisihkeun Rp.1000, dina sapoéna

Gawé bareng program SimPel Bank BJB jeung SMKN 6 téh, lumaku salila 4 taun. Salian ti gawé bareng, harita Bank BJB ogé méré bantuan ténda, ka 15 sakola. Salian ti éta rék méré bantuan kantin séhat, taman atawa toilet, kumaha paménta sakolana.  

pa jaka                       Drs. H. Jaka Suprapta, M.M.Pd., Waka. Pengembangan

paadi                       Drs. Adhy Mudjiono Waka. SDM

Téhnis SimPel di SMKN 6 téh, basajan pisan. Siswa ngumpulkeun duitna di masing-masing wali kelasna. Dibébaskeun nabungna téh, minimal Rp 1.000. Rék leuwih gé meunang, saperti 20 rébu, 50 rébu atawa 100 rébu. Saban samingu sakali disetorkeun ka Bank BJB, ku cara jemput bola, nya éta petugas Bank BJB-na datang langsung ka kampus SMKN 6, nu aya di Jalan Soekarno Hatta, Riung Bandung.

pa ino                       Pa Ino Soprano, S.Pd., M.M.Pd., Waka Sarpras

Harepan Pa Ramdan ka payunna, mudah-mudahan, sakur siswa SMK jeung anu sadarajat kayaning SMA, Aliyah bisa gabung dina gerakan cinta nabung, hususna dina program simpanan pelajar, kalawan tangtuna direugreugan ku pangrojong kepala sekolah, wakasek, guru-guru katut ka para siswa papada umumna.

pa deden                       Pa Dédén Héndi, S.ST., Waka Kesiswaan

Kamandang Pa Ramdan, dipairan ku Waka. Kesiswaan, Bapa Dédén Héndi, S.ST. Genep kompeténsi keahlian SMKN 6, kacida ngarojongna kana gerakan SimPel. Boh Sipil/PKK, TGB/Arsitek, TPM/Mesin, Otomotif/TKR, Listrik jeung Eléktro.

“Nabung téh bagian tina kaaripan lokal,  anu prak-prakanana geus biasa dilakonan ku urang Sunda ti béh ditu mula. Sanajan tangtu baé baheula mah sipatna tradisional. Samodél nyéngcéléngan dina ruas awi gombong. BJB ngahaja datang ka sakola saban dinten Rebo, geusan ngayakeun open table. Saterusna méré penghagargaan ka sing saha siswa-siswi (nasabah) anu pangrajinna nabung,”  Saur Pa Dédén.

pa amrih                       Pa Amrih Wiyono, S.Pd., Waka. Humas/Hubin

Aya dua program unggulan SMKN 6 dina awal taun ieu téh. Nya éta program SimPel jeung koperasi siswa, anu nyakup kana kagiatan kantin kejujuran. SimPel jeung koperasi siswa engkéna bisa waé diasupkeun kana ékskul SMKN 6. Intina mah boh SimPel boh koperasi siswa, diharepkeun ngawujudna gerakan parobahan sikep ka nu leuwih positif. Saperti ngaronjatkeun sikep jujur jeung parigel dina ngatur keuangan sapopoéna. Hasil parobahan sikep téh sapertina baé tina teu apal jadi apal, tina teu sopan jadi sopan, tina boros jadi apik jsb-na.

pa agus                       Pa Agus P., S.Pd., M.Si., Waka. Manajemen Mutu

“Tina gerakan simpanan pelajar bisa nyiptakeun sikep jujur dina sagala widang, kalebet dina 14 ékskul nu aya di SMKN 6. Sakumaha anu tos lumarap dina KBM (kegiatan belajar mengajar), diarahkeun kana ngali potensi kajujuran siswa, kalawan diwadahan ku kagiatan ékstrakurikuler (ékskul),” kitu saur Pa Dédén.

pa kosim                       Pa Kosim, S.Pd., M.Pd., Waka. Kurikulum

Dina awal taun 2016, ékskul SMKN 6 keur hangkeut-hangkeutna ngaunggulkeun paskibra, kapramukaan jeung marching band. Kagiatan marching band ahir-ahir ieu mindeng manggung dina ondangan resmi Wali Kota Bandung, dina hajatan-hajatan warga jrrd.

pas                       Paskibra SMKN 6 Kota Bandung leubeut ku préstasi

“Alhamdulillah, salami SMKN 6 dipingpin ku Pa Ramdan aya dina suasana kondusip.  KBM-na pluh, enjing-enjing sareng pabeubeurang. Ti Senen tug dugi ka dinten Saptu ogé, aktif kagiatan belajar-mengajar,”  saur Pa Dédén. [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Pengajian Umum Majelis Taklim Ulul Albab Komplek GBI: Ustadz Kondang di tvOne M. Asep Ridwan Sampaikan Ceramah “Menemukan Keberkahan Dalam Kehidupan Sehari-hari”
  • Disdik Jabar-Cadisdik VII: Penerimaan Murid Baru SMA PGRI 2 Bandung Tahun Ajaran 2025/2026 sudah Dibuka, Fokus Siapkan Lulusan Masuk PTN dan Cetak Prestasi Olahraga
  • Making Bed Competition OTC Bali YPKP 2025 Buka Jalan Karier Siswa SMK sederajat Menuju Industri Hospitality Internasional, Ini Daftar Juaranya
  • BBPMP Jabar Gelar Rapat Koordinasi Program Prioritas Kemendikdasmen dengan Pemda dan Disdik se-Jawa Barat
  • OTC Bali YPKP Gelar Making Bed Competition ke-2 antar SMK, Tanamkan Budaya Kerja Profesional dan Standar Internasional
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In