Léngkong – Dina upaya ngadeudeul program ti Kemeterian Badan Usaha Milik Negara (BUMN) membangun negeri, PLN salah sahiji BUMN nu kahot, ngayakeun kagiatan Program PLN mengajar. Salasa 23 Agustus 2016, para Diréksi, General Manager PLN, back to school, ngadongdon ka sakola-sakola méré kuliah umum. Eta kagiatan téh salah sahiji tanggung jawab sosial PLN ka masarakat utamana dunya atikan. Rempeg dilaksanakeun di sa-kuliah Indonésia, kaasup di SMKN 4 Kota Bandung, nu dipingpin ku Dr. H. Asép Tapip, M.Pd.
Pa Asép Tapip, Kepala SMKN 4 Kota Bandung (katuhu) sareng Pa Edwin Nugraha Putra, GM PLN, Transmisi Jawa Bagian Tengah, satutas ningal béngkél listrik SMKN 4 Kota Bandung.
Kagiatanana lumangsung ti pukul dalapan isuk-isuk nepi ka pukul dua belas beurang. Tempatna di wangunan anyar SMKN 4, gigireun rohang kepala sekolah ieu sakola. Jumlah siswa nu aub kana ieu kagiatan téh kurang leuwih aya 150 urang (opat rombel), ti dua jurusan, nya Eta Teknik Instalasi Tenaga Listrik jeung Teknik Otomasi Industri nu aya pakuat pakaitna jeung ketenaga listrikan.
Siswa SMKN 4 Kota Bandung, basa sesi tanya jawab.
Pa Edwin Nugraha Putra, GM (General Manager) PLN Transmisi Jawa Bagian Tengah nu masihan matérina téh. Nu ditepikeunana, ngeunaan kiprah tur kamekaran PT. PLN dina ngadeudeul pangwanguan nagara, nyosialisasikeun kaayaan PLN nepi ka danget ayeuna, réncana PLN kahareupna, ngeunaan energi terbarukan sarta hal naon baé nu bisa dilakonan masarakat hususna siswa-siswi SMKN 4 Kota Bandung dina ngadeudeul program hémat énérgi sarta ngawantu ngamankeun jaringan PLN, jsté.
Pa Asép Tapip (katuhu) nuju ngobrol sareng Pa Edwin Nugraha Putra, GM PLN, Transmisi Jawa Bagian Tengah.
Salian ti méré kuliah umum, PLN Transmisi Jawa Bagian Tengah, baris méré bantuan alat scada sistem tenaga listrik keur kagiatan prakték jurusan listrik. Sabada masihan kuliah umum, Pa Edwin diajak nguriling ku Pa Asép Tapip, ka salah sahiji bengkél listrik SMKN 4
Pa Héndrawan, alumni SMKN 4 Kota Bandung, taun 1991, ayeuna damel di PLN, Kantor Induk.
Salaku GM PLN Transmisi Jawa Bagian Tengah, Pa Edwin reueus ku kaayaan SMKN 4. Anjeunna umajak ka siswa-siswi pinunjul ti SMKN 4, mangsa geus lulus gabung jadi pagawé PLN. Tangtu dina raraga ngamajukeun PLN salaku BUMN nu stratégis. “Seueur siswa-siswi SMKN 4 nu tos ngartos sarta kalibet dina kagiatan ketenaga listrikan, hususna tenaga surya, ku kituna pami aub sareng PLN mudah-mudahan tiasa dioptimalkeun,” saur Pa Edwin, daria pisan. [MS]***