Kepala SMPN 1 Balééndah Drs.Udjat, M.Pd
Sobat Sora, urang silaturahmi ka wewengkon SMPN 1 Balééndah anu perenahna di Jalan Adipati Agung No. 29 Balééndah Kabupatén Bandung. Nepangan pupuhuna, Drs.Udjat, M.Pd di kantorna. Dina kasempetan ngobrol sareng anjeunna, Sora meunang sababaraha imformasi utamana dina tatahar nyinghareupan UN ping 9 April 2016. Saur Pa Udjat, di SMPN 1 BE anu dipingpinna ti taun-taun awal kelas 9 geus lalanyahan latihan ujian, ngabiasakeun siswa-siswi mola hirup séhat boh sacara pisik boh non pisik, teu bosen nyuport kalawan gawé bareng reujeug orang tua siswa-na. Harepan Pa Udjat teu aya kajaba sangkan 458 peserta didik UN, masing marulus lungsur-langsar, lulus saratus peresén.
Bapa Hasanudin, M.Pd., Waka. Kesiswaan ngarangkep Ketua Program Kelas Olah Raga
Pa Agus, S.Pd., Kepala TU SMPN 1 Balééndah
Lian ti éta, udagan anu sabenerna saméméh para peserta didik paboro-boro ngudag préstasi sina ngawangun heula sikep anu mrioritaskeun ajén-inajén spiritual. Nu matak jauh ti anggalna, warga SMPN 1 BE diwanohkeun uluk salam, katartiban, kadisiplinan, nyinglar papaséaan, percaya diri ulah ngabiasakeun nurun ka batur dina ujian (ulangan). Cindekna nyoko kana papagon kasundaan; SMPN 1 geusan ngabentuk karakter cageur, bageur, bener, pinter diembohan ku singer. Cageur hartina jagjag waringkas, bageur hartina maké kana aturan, bener hartina luyu kana aturan, pinter hartina teu tinggaleun pangaweruh boh akademisina boh non akademisina, Singer mah rancagé alias binangkit nyiptakeun kréasi anyar dina kahadéan.
Widang program kelas olah raga jeung program kelas cerdas istiméwa.
Dipairan ku Waka. Kesiswaan ngarangkep Ketua Program Kelas Olah Raga, Bapa Hasanudin, M.Pd nu linggih di Pameungpeuk nerangkeun. Penomena bagerakna préstasi olah raga nasional kadieunakeun condong kurang gairah mun henteu mah disebut moyodok dibandingkeun jeung nagara-nagara tatangga. Ieu hal bisa ditempo tina sisipna medali dina saban event olah raga, boh tingkat ASEAN boh tingkat Asia. Sok komo tingkat dunya. Kondisi samodel kieu méré tangara yén binaan olah raga boh sacara umum boh di lingkungan pendidikan acan dilaksanakeun sacara bener, optimal turta can kaprogram kalawan maksimal.
Kelas olah raga SMPN 1 Balééndah
Salasahiji upaya-na nya éta nyayagikeun tempat jeung warahan ka individu anu mibanda poténsi jeung bakat anu kuat dina widang olah raga. Binaan pamaréntah geus dikeureuyeuh tahap demi tahap, di unggal lingkungan pendidikan. Ngeunaan hal éta, SMPN 1 Balééndah dipercaya ku propinsi Jawa Barat geusan ngayakeun kelas olah raga ti taun 2014.
Siswa kelas olah raga SMPN 1 BE (kenca) nu jadi juara kahiji, Tk. Propinsi Jabar di Sumedang
Ragem Binaan Di Kelas Olah Raga kabagi kana dua bagian: Binaan husus; Nya éta binaan wajib keur para siswa-siswi program kelas olah raga cabang atletik. Binaan Umum; Nya éta binaan anu dilaksanakeun ngaliwatan kagiatan ékskul atawa club-club cabang olah raga anu tangtu diulikna ku para siswa-siswi. Klasifikasina ngawengku tilu unsur; Wajib, Mibanda Préstasi jeung Poténsial. Wajibna sabangsaning atletik, Mibanda Prestasi kayaning basket, karate, jrrd. Potensial kayaning bola voli, taé kwon do, catur jrrd.
Siswa kelas olah raga SMPN 1 Balééndah (kénca), dina kajuaraan catur kelas olah raga, tingkat Jawa Barat
Program kelas olah raga SMPN 1 Balééndah, dimimitian dina taun ajaran 2014/2015 dumasar UU-RI No.3 taun 2015, pasal 23 ayat 6 jeung SK ti Diréktur Pembinaan SMP Ditjen Dikdas Kemendikbud Nomer 573/D3/KP/2016 ngeunaan katetepan sakola nu narima bantuan operasional Penyelenggara Kelas Olah Raga. Ieu program dikokolakeun ku téam/kolompok kerja jeung para guru anu mibanda komitmen weweg kana ajén-inajén (mutu). Bukti geuningan, sok sanajan ieu program téh ngora kénéh umurna, berekah geus hasil ngaraéh baragem layang pangajén (penghargaan) dina saban lomba anu diiluan ku siswa-siswi program kelas olah raga, boh di tingkat kabupatén boh di tingkat Propinsi Jawa barat. Malahan mesat ka tingkat nasional jeung internasional. Sarana jeung fasilitas diajarna nya éta lapangan olah raga anu representativ, internét, rohang kelas sacara locker jeung fasilitas olah raga anu hadé tur lengkep. Ieu yeuh jumlah siswa kelas olah raga téh, kelas 7 jumlah peserta didikna 26 urang, kelas 8 jumlah peserta didikna 32 urang, kelas 9 jumlah peserta didikna 43 urang.
Kelas akselerasi (sakolana ukur dua taun)
Siswa program kelas olah raga, lilana 3 taun ditambah program latihan salila dua jam sanggeus réngsé kagiatan diajar. Sanajan kitu program KBM-na (kagiatan belajar mengajar) diadaptasikeun saluyu jeung kaperluan para siswa-siswi. Rutinitas latihan salila 2 jam, diluyukeun jeung jadwal siswa anu ngilu kana klub. Program studi banding jeung latihan di sakola. Program “Bugar Rasa Cerah Nurani” ngawengku bimbingan klasikal intelegénsi émosi spiritual di jeroeun jeung di luareun kelas (keur kelas sekolah terbuka).
Program kaduana nya éta program Cerdas Istiméwa (C-I), kelas peserta siswa anu ajén IQ-na leuwih ti 100, malahan rata-rata 130. Kelas 8, 10 siswa-siswi, kelas 9, 5 siswa-siswi kalawan masa pangajaran ukur digarap salila 2 taun, 4 bulan 4 bulan. SMPN 1 Balééndah geus maneuh ngaluarkeun lulusan kelas cerdas istiméwa saban taunna 5 tepi ka 10 urang siswa ber-IQ tinggi. Nyakitu guru pangapingna ogé merlukeun pangaweruh anu nyongcolang, ku kituna pihak UPI turun geusan ngabina-na.
Peserta Didik Program Kelas Cerdas Istiméwa diwakilan ku Kamalia Rizkiani jeung Al-Gavin Ẻka Aprilio.
Kamalia Rizkiani (lahir, 22 Séptémber 2001), kelas IX-CI (Akselerasi). Alamatna di Komplék Giri Sedayu RT 06/09 Desa Lebakwangi, Arjasari Kabupatén Bandung. Karesepna (hobi) ngupingkeun lalaguan, maén hitar jeung ngaderes novel pop utamana buah karya Raditya Dika. “Sakola abdi ieu diantawis salasawios sakola favorit di Kabupatén Bandung. Bingah pisan tiasa janten warga SMPN 1 BE, utamina dina kadisplinanana, kabersekaan lingkunganana, raramah para siswa sinareng para guruna. Abdi gé teu nyangki badé disarohangkeun sareng siswa-siswi kelas akselerasi anu nempuh kagiatan diajarna mung dua taun, bagja sareng seneng pisan. Seueur anu kuméok pajar cenah sakola kelas aksel téh abot diajarna, padahal teu kitu. Asal urangna mampu “menikmati” tiap detik kagiatanana, pasti enjoy lah,” kitu tah cék Si Manis kamalia. Kamalia, putri ti pasangan H. Haris Fathul Bahri-Hj. Ucu Tintin Supriatin rencanana hayang nuluykeun ka SMAN 1 Balééndah.
Al-Gavin Ẻka Aprilio (lahir, 7 April 2002), kelas IX. Alamatna Jalan Palédang No.21 Ciparay. Karesepna ngupingkeun musik, maén game, méngbal, baskét jeung renang. “SMPN 1 BE, sanggem abdi ngarupikeun sakola pavorit anu cekap sagala rupi pasilitasna. Dina lingkungan sabudeureunana ogé teu kinten saéna; rimbun, séhat turta raresik. Préstsina arunggul, program-programna saluyu sareng naon-naon anu diharepkeun ku masarakat wewengkon sakola. Pesenna keur sasama nonoman rumaja Yu urang ariatna dialajar sagala rupa pangaweruh, lantaran ku diajar mukana jandéla kabeungharan dunya,” Kitu pokna.
Husus préstasi ti putra Ahmad-Erma Maryani nyaéta Juara I animasi pesantrén kilat SMPN 1 Balééndah taun 2015. Juara I olimpiade TIK Propinsi Jawa Barat, taun 2016. Mamahna téh kaka kelas Dara “The Virgin” samangsa sakola di Ciparay.[MS]***