Bojongsoang – PPDB (Penerimaan Peserta Didik Baru) 2016, keur tingkat SMP Negri di Kabupatén Bandung lumangsung ti tanggal 27 Juni nepi ka 30 Juni 2016. Patalina jeung kagiatan éta, majalah Sora ngahaja ngadongdong ka SMPN 2 Bojongsoang, nu perenahna di jero Komplék GBI (Griya Bandung Indah), Désa Buahbatu, Kecamatan Bojongsoang.
Pa Iyan Rusiana, S.Pd., M.Pd., Kepala SMPN 2 Bojongsoang
Poé Rebo 29 Juni 2016, pasisiang nepungan Pa Iyan Rusiana, S.Pd., M.Pd., Kepala Sekolahna. Ngobrol santéy di rohangnana. Ieu kepala sekolah nu nembé mancén tugas salami sawelas sasih téh, ngadadarkeun kondisi PPDB taun 2016 di SMPN 2 Bojongsoang.
“Lokasi SMPN 2 Bojongsoang aya di lebet komplék perumahan tur tapel wates Kota Bandung. Salian ti éta dilingkung ku SMP Negri Kota Bandung, nya éta SMPN 48, SMPN 42 sareng SMPN 51. Alatan kitu seueur warga Komplék GBI nu nyakolakeun palaputrana ka sakola kasabit. Salami ieu SMPN 2 Bojongsoang teu acan janten pilihan utama warga GBI,” saur Pa Iyan.
Nepi ka tanggal 29 Juni 2016 pasisiang nu daftarna geus aya kana 200-an Dina taun ajaran ayeuna, targetna baris narima siswa anyar keur dalapan kelaseun, minimalna tujuh kelas. Sakelasna ngawadahan 36 nepi ka 40 urang siswa. Kabéh siswa kalayan ditarima ngaliwatan jalur akademis. Diumumkeun tanggal 2 Juli 2016. Siswa nu katarima kudu daftar ulang, ti tanggal 11 Juli nepi ka 14 Juli 2016.
Méméh muka pendaftaran PPDB, SMPN 2 Bojongsoang gawé bareng tur umajak ka SD nu aya disabudeureun ieu sakola sangkan lulusanana neruskeun sakola ka SMPN 2 Bojongsoang. salia ti éta nyosialisasikeun program, fasilitas, préstasi SMPN 2 Bojongsoang, jeung réa-réa deui.
Lamun nilik lulusan SMPN 2 Bojongsoang, matak pikareueuseun. Unggal taun loba siswa ieu sakola nu asup ka SMA/SMK négri favorit, Saperti SMAN 25 Kota Bandung, SMKN 3 Kota Bandung, jeung salian ti éta, boh ngaliwatan jalur non akademik, boh akademik. Ném pangluhurna dina taun ajaran 2015-2016 aya diangka 34 leuwih.
“Sangkan siswa SMPN 2 langkung onjoy, aya sababaraha hal nu diterapkeunana téh, di antarana pembudayaan budi pekerti nu luyu sareng Permen No. 25 taun 2015. Nanjeurkkeun ajén inajén réligi, saperti ngaji, sholat duha. Teu poho maliré budayana (Sunda). Ngabiasakeun maca buku, jeung réa-réa deui,” saur Pa Iyan ngumbar harepan.
Dina hal pisik wangunan sakola, SMPN 2 Bojongsoang keur mémérés taman sakolana, malah kahareupna lamun aya bantuan ti pamaréntah, baris terus ngoméan kaayaan sakolana. Sanajan kitu, kaayaanana gé ayeuna gues minuhan standar. Mudah-mudahan ku sagala upaya SMPN 2 Bojongsoang mingkin dipigandrung ku masarakat.
Sobat Sora, ayeuna urang kenalan singkat sareng Kepala SMPN 2 Bojongsoang, nya éta Pa Iyan Rusiana, S.Pd., M.Pd. Inyana téh teureuh Bandung, linggih di wewengkon Jalan Kembar Kota Bandung. Méméh janten Kepsek, anjeunna lami ngawulang disababaraha sakola, malah kungsi ngawulang di salapan sakola. Mitembeyan janten Guru Seni di SMPN Lemah Abang Bekasi, taun 1992. Taun 1995 diangkat jadi PNS (Pegawai Negeri Sipil), basa ngawulang di SMPN 2 Cileunyi. Motto-na Hirup mangpaat pikeun balaréa. [MS]***