Dra. Hj. Tati Mutiara, Kepala SMK Pasundan 1 Kota Bandung
Balonggédé – SMK Pasundan 1 Kota Bandung, salah sahiji sakola kejuruan pangkolotna di Kota Bandung, ngadeg ti taun 1967. Ayeuna kampusna aya di Jalan Balonggédé 44.
Ngawengku opat program keahlian, di antarana: Akuntansi, Administrasi Perkantoran, Tata Niaga jeung Teknik Informasi & Komunikasi.
Poto kénca ka katuhu Pa Asép Saépudin & Pa Ahmad Prayoto panitia PPDB SMK Pasundan 1 Kota Bandung
Pa Iwan Aléx & Bu Ira Yuwinda panitia PPDB SMk Pasundan 1 Kota Bandung
Dina PPDB taun 2016-2017 ayeuna baris nampa 600 siswa. Nepi ka poé Saptu (2/7/2016), nu daftar ka sakola nu dipingpin ku Dra. Hj. Tati Mutiara téh, kurang leuuwih geus aya 481 urang.
Drs. Maman Ukas, salah sahiji pendiri SMK Pasundan 1 Kota bandung & Drs. H. Kusmo Suwondo, Ketua PPDB SMK Pasundan 1 Kota Bandung
Unggal taun lulusan SMK Pasundan 1 Kota Bandung disiapkeun keur digawé, nuluykeun kuliah nepi ka muka usaha sorangan. Malah aya nu kuliah bari digawé di nagara “Sakura” Jepang. [MS]***