Pa Dedi Kusnadi, S.Pd., M.M.Pd., (paling katuhu) Kepala SMPN 18 Kota Bandung
Buahbatu – Dina Taun ajaran anyar 2016, SMPN 18 nu perenahna di Jalan SMP 5-6, Kelurahan Margasari, Kecamatan Buahbatu, baris narima 426 urang siswa anyar. Ngaliwatan jalur non akademik jeung akademik. Nu geus katarima ngaliwatan jalur non akademik aya 119 urang , saperti jalur rmp/ teu mampu aya 85 urang, jalur préstasi 21 urang, undang-undang guru 13 urang. Sésana baris ditarima ngaliwatan jalur akademik.
Basa majalah Sora nganjang kaditu (Salasa, 28 /6,2016), panitiana keur sibuk nampa nu daftar. Merul pokona mah. Da kaasup sakola favorit, SMP nu dingpin ku Pa Dédi Kusnadi, S.Pd., M.M.Pd., téh. Salian ti éta SMPN 18 téh tempatna aya di lelewek nu padet padumukna, jadi pangjugjugan keur warga sabudeureunana.
Aya opat kelas nu dipaké kagiatan PPDB taun 2016 téh, aya rohang tunggu, verifikasi data, pendaftaran, titik kordinat jeung upload data nu dikirim ka Dinas Pendidikan Kota Bandung. Di sagigireun kuer riweuh ngalaksanakeun kagiatan PPDB, SMPN 18 kota Bandung gé keur sibuk kuriak, ngawangun masjid anyar.
Dina sela-sela kasibukan PPDB, Sora hasil ngawawancara salah sahiji orang tua siswa nu ngadaftarkeun putrana ka SMPN 18 Kota Bandung, nya éta Ibu Eni. Putrana lulusan ti SDN Margahayu Blok I Kota Bandung. “Numutkeun Ibu mah pelayanan pendaftaran di SMPN 18 Kota Bandung kaétang saé. Panitiana sigep, ngajelaskeunanan gé jelas matak teu bingung,” kitu saur Bu Eni.
Pa Entoh Toharudin, M.Pd., nuju sibuk nga upload data
Bu Ine Sundari (Katuhu) & Bu Puri Purnamasari, panitia PPDB SMPN 18 Kota Bandung
Kari dua poé deui pendaftaran ngaliwatan jalur akademikna, nya éta tanggal 29 Juni jeung 30 Juni 2016. Hasil katarima henteuna siswa nu daftar baris diumumkeun tanggal 4 Juli 2016.
“Alhamdulillah, PPDB akademik langkung lancar ti batan jalur non akademik. Sanaos ari sacara umum mah kagiatan PPDB taun 2016 di SMPN 18 dugi ka danget ayeuna teu aya halangan harungan,” Bu Haryati D. S.Pd., Waka. Humas SMPN 18 Kota Bandung nu ogé mancén tugas janten Ketua PPDB SMPN 18 Bandung. [MS]***