Drs. H. Agus Rusdiana, M.Si., Kepala SMK Merdeka Kota Bandung
majalahsora.com – Aya 506 siswa SMK Merdéka Kota Bandung nu ngiluan UNBK taun ayeuna. Lumangsung ti tanggal 3 nepi ka 6 April 2017. Ieu sakola kaasup sakola swasta nu réa jumlah pesertana. Pesertana kabagi dina tujuh kompetensi kehalian, kayaning Teknik Instalasi Tenaga Listrik, Teknik Permesinaan, Teknik Kendaraan Ringan, Teknik Sepeda Motor, Teknik Jaringan Komputer, Rekayasa Perangkat Lunak, sarta administrasi Perkantoran.
Pa Sudaryono, S.Pd., Wakasek Kurikulum nu ngarangkep jadi Ketua Pelaksana UNBK di SMK Merdéka
Jumlah rohangan nu dipakéna aya genep, ngawadahan 220 unit komputer kaasup komputer cadangan. Serverna aya genep siki, hiji cadangan. Teknisina aya opatan katambah genep proktor. Di sagigireun éta, pesertana ditalingakeun ku pengawas silang, nya éta guru ti SMKN 5 Kota Bandung, 36 urang sarta ti SMK Yapari 12 urang.
Basa Sora ngadongdong ka ditu, (3 April 2017), ngobrol sareng Pa Sudaryono, Wakasek Kurikulumna, nu ngarangkep janten Ketua Kegiatan UNBK di SMK Merdeka Kota Bandung. Saur anjeunna dina pelaksanaan poé kahiji sacara umum mah bajalan lancar, euweuh masalah nu gedé.
Geus dua kali noron SMK Merdeka ngalaksanakeun UNBK téh, nu munggaran basa UNBK taun 2016 ka tukang. Jadi kasebut geus pangalaman. Kitu ogé jeung siswana kaasup nu geus teu ahéng deui mangsa nyaanghareupan ujian berbasis téknologi/komputer.
“Pami ditingal mah, raos kénéh ujian berbasis komputer, teu gejed. Siswa sareng guruna tos familier kana komputer di dieu mah,” saur Pa Sudaryono, S.Pd., Wakasek Kurikulum nu ngarangkep jadi Ketua Pelaksana UNBK di SMK Merdéka.
Alatan tempat jeung fasilitas SMK Merdéka nu kumplit, rencanana SMPN 19 jeung SMPN 46 Kota Bandung, rek ngalaksnakeun UNBK di sakola nu dipingpin ku Drs. H. Agus Rusdiana, M.Si. [MS]***