Dra. Tatti Rustati, M.M., Kepala SMAN 14 Kota Bandung
majalahsora.com – Poé kadua (Salasa 11 April 2017) pelaksanaaan UNBK (Ujian Nasional Berbasis Komputer) SMA ngujikeun pelajaran matematika. Keur ngawartakeun pelaksanaan poé kadua, Majalah Sora ngahaja ngajugjug ka SMAN 14 Kota Bandung nu pernahna di Jalan Yudhawastu Pramuka IV, Kacamatan Cicadas.
Pa Tatang Ganepo, M.Si., Wakasek Humas
Nepangan Ibu Tatti Rustati, M.M., Kepala Sekolahna. Sanaos nuju sibuk anjeunna tetep nyempetkeun diwawancara ku Majalah Sora, méméhna ditampi ku Bu Eni Widiya, M.Pd., Wakasek Kurikulumna.
Bu Eni Widiya, M.Pd., Wakasek Kurikulum
Dina taun ayeuna téh, SMAN 14 Kota Bandung mitembeyan ngalaksanakeun UNBK-na. Da basa taun 2016 mah masih ngalaksanakeun ujian nasional berbasis keretas pinsil kénéh. Saprak aya pameredih ti Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat sangkan ngalaksanakeun UNBK, SMAN 14 tatahar nyiapkeun sagala halna, kayaning komputer, jaringan listrik, jaringan komputer, server, jrrd.
Keur husu ngotrét soal matematika dina poé kadua UNBK, Salasa 11 April 2017
UNBK-na dibagi tilu pluh, peserta ujianana aya 322 siswa. Jurusan IPA aya 218 urang, jurusan IPS aya 104 urang. Jumlah rohangan nu dipakéna, aya tilu, kabéh laboratorium komputer nu saenyana. Jumlah komputerna 120 siki, ampir 90 persennna beunang meuli anyar, dideudeul ku server tilu tur cadangan hiji kapimilik SMPN 27 Kota Bandung. Bisa diinjeum sotéh pédah geus disét, da SMPN 27 baris ngilu UNBK di SMAN 14.
Jumlah proktorna aya tiluan kitu ogé jeung téknisina aya tilu urang. Pengawas silangna ti SMAN 1 Kota Bandung jeung ti SMA Darul Hikam Kota Bandung, totalna aya salapan urang.
Basa UNBK poé kahiji (Senén 10 April 2017), kagiatan ujian nasionalna bajalan lancar. Pesertana gé hadir 100 %. Ngan aya nu jadi kamelang panitiana, pédah basa sési katilu cuacana keur kurang hadé, hujan angin nu dibarung ku guludug. Matak gegebegan. “Ibu hariwang, basa UNBK dinten kahiji hujan angin sareng hujan ageung deuih. Palaur pareum listrik, Ibu harita teu pegat ngadu’a, sangkan teu aya masalah. Alhamdulillah masih ditangtayungan ku Alloh SWT, lancar dugi ka beres,” saur Bu Tati, di rohang damelna.
Réngréngan panitia UNBK ti SMAN 14 Kota Bandung
Kitu ogé basa poé kadua, mangsa ngujikeun pelajaran matematika, sési kahiji jeung kadua lumangsung lancar. Jumlah pesertana gé 100 % hadir euweuh nu absén. Ngan basa sési katilu gé cuacana condong ceudeum deui, akur jiga nu rék hujan badag. Basa Sora di ditu mah can turun hujan.
Bu Tatti nuju nalingakeun peserta UNBK SMAN 14 Kota Bandung, ngalangkungan cctv
“Alhamdulillah dinten kadua UNBK di SMAN 14, lancar teu aya masalah nu prinsip. Patalina sareng penyelenggaraan UNBK, rumaos awis biayana téh. Mung da Ibu sareng réngréngan guru di SMAN 14 Kota Bandung gaduh niat nu saé, sangkan ngadeudeul program pamaréntah. Mudah-mudahan atuh dideudeul sagala rupina. Salian ti éta neda pidu’ana, kasadaya nu maos Majalah Sora, mugia dilancarkeun, dikumkeun kanggo sadaya sakola nu ngalaksanakeun ujian nasional taun 2017, aaminn,” saur, Bu Tatti, pinuh ku harepan. [MS]***