Pa Firman Adam, Sekretaris Dinas Prop. Jabar
majalahsora.com – Dina sela-sela kagiatan Hardiknas taun 2017, poé Salasa ping 2 Méi, di Gedong Saté, Majalah Sora hasil ngawawancara Gubernur Jawa Barat, Pa Ahmad Heryawan. Ku Majalah Sora dikolongan ngeunaan SMA/SMK Negri nu meredih sangkan aya papayung hukum tur bisa nampa bantuan ti masarakat.
Pa Ahmad Heryawan nétélakeun, salila bantuan ti pamaréntah pusat jeung dana BPMU ti propinsi can bisa minuhan waragad keur kagaiatan standar minimal pendidikan, mangka SMA/SMK kasabit bisa nampa bantuan ti masarakat. Ngan saméméhna kudu dibadamikeun heula jeung orang tua siswana. Ulah nepi ka ngabeungbeuratan.
“Pamaréntah teu ngalarang, masarakat nu hoyong ngabantos kamajuan sakola. Bantuanana teu di wates mangga, komo kanggo nu mampu mah, badé nyumbang sabaraha gé. Etang-étanganana mah, pami bantosan ti BOS pamaréntah pusat sareng ti BPMU propinsi masih kénéh kirang, mangka sésana tiasa nampi bantosan ti orang tua siswa, mung omat ulah ngabebanan ka nu teu mampu,” saur Pa Ahmad Heryawan tandes.
Salila ieu SMA/SMK Negri di Jawa Barat téh, nampa bantuan ti pamaréntahna ukur Rp. 2,1 juta/siswa/taun. Sedengkeun pangabutuh SMA keur ngokolakeun kagiatan standar minimal pendidikan téh, persiswa pertaunna, kira-kira aya diangka Rp. 5,5 juta rupia. Sedengkeun keur SMK diangka Rp. 6,5 juta nepi ka Rp. 7 juta saluyu jeung paket keahlianana/jurusanana.
“Tanggung jawab pikeun ngaronjatkeun kualitas atikan di nagara urang téh tos diatur dina PP No. 48 taun 2007. Nu eusina, yén pamaréntah, pamaréntah daérah jeung masarakat nu ngawaradan kamajuan atikan diurang. Janten teu masalah pami sakola nampi bantuan finansial ti orang tua siswa. Salian ti éta kedah ngaoptimalkeun peran serta alumnina ngalangkungan komite sekolah. Contona baé di SMAN 10 Kota Bandung, para alumnina ngawaragadan pangwangunan dua kelas anyar,” saur Pa Firman Adam, Sekrétaris Dinas Pendidikan Prop. Jawa Barat. [MS]***





