Drs. Agung Indaryatno, Kepala SMKN 8 Kota Bandung nampi CRS ti PT. Pertamina Ritael nu dipasrahkeun ku Pa Yoesoef Alfredo Humas-na
majalahsora.com – Ratusan siswa SMKN 8 Kota Bandung, Kemis 20 April 2017, ngiluan pelatihan Siswa Terampil Mekanik. Nu dialpukahan ku PT. Pertamina Retail, gawé bareng jeung Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. Pesertana, siswa kelas XI jurusan TSM (Teknik Sepeda Motor) jeung TKR (Teknik Kendaraan Ringan).
Drs. H. Dede Amar, M.M.Pd., Kepala BP3 Wilayah IV Disdik Prov. Jabar
“Dipiharep ku ieu program téh, tiasa masihan élmu nu mangfaat pikeun siswa SMKN 8 Kota Bandung, hususna jurusan otomotif. Jaga gaduh bekel, mangsa para siswa ancrub ka dunya kerja nu saenyana, boh sabagé mekanik boh sabagé pangusaha bengkél,” saur Pa Yoesoef Alfredo S. Humas PT. Pertamina Retail.
Drs. Agung Indaryatno, Kepala SMKN 8 Kota Bandung
Kagiatan kasabit téh, salah sahiji kagiatan CRS (Corporate Social Responsibilty) ti PT. Pertamina Retail, nu geus lumangsung ti taun 2015. Sa-Indonésia mah kagiatanana téh geus bajalan ratusan kali, di Kota Bandung mah nu ka-34 kalina, nguriling di sababaraha sakola. Salian ti SMKN 8, kagiatanana baris diayakeun di SMK Al Falah Kota Bandung, poé Juma’ah 21 April 2017.
Pa Yoesoef Alfredo, Humas PT. Pertamina Retail
“Ieu téh salah sawios CSR ti PT. Pertamina Retail dina widang élmu pangaweruh, boh prakték boh téori dina raraga ningkatkeun kompetensi siswa jurusan otomotif. Miharep kapayunna tiasa ngirangan angka pangangguran,” saur Pa Yoesoef deui.
Siswa SMKN 8 Kota Bandung katempo sumanget mangsa padamel PT. Pertamina Retail ngadadarkeun materina
Dina kagiatan pelatihanana, siswa SMKN 8 Kota Bandung diwanohkeun ngeunaan cara ngaganti oli maké produk ti Pertamina, pikeun kandaraan roda dua.
“Sabada masihan téori, kagiatan pelatihanana ditutup ku prakték ngagentos oli motor, nu jumlahna aya dalapan unit. Diaping langsung ku mekanik ti Bright Olimart, salah sahiji unit bisnis ti PT. Pertamina Retail nu aya di SPBU COCO,” saur Pa Yoesoef deui téh.
Kagiatan CSR ti PT. Pertamaina sangkan siswa SMKN 8 Kota bandung Terampil Mekanik
Salian ti pihak Pertamina, kagiatanana diluuhan ku wawakil ti Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat nya éta, Pa Dede Amar salaku Kepala BP 3 wilayah IV. Anjeunna nétélakeun, yén kagiatan kasabit téh, gedé pisan mangpaatna, utamana keur nambahan pangaweruh siswa SMKN 8 Kota Bandung. Miharep ku ayana kolaborasi antawis Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat sareng PT. Pertamina téh bisa meugatkeun masalah nu disanghareupan dina dunya kerja nu saenyana, kayaning masalah pangangguran. Jaga aya siswa SMKN 8 Kota Bandung, kabetot jadi pagawé Pertamina atawa bisa jadi pangusaha suksés.
Husu ngabandungan materi Terampil Mekanik
Dina kasempetan lianna Pa Agung Idaryatno, Kepala SMKN 8 Kota Bandung kacida atohna, alatan sakolana kapilih pikeun jadi tempat pelatihan ti PT. Pertamina Retail. “Hatur nuhun ka PT. Pertamina nu tos milih SMKN 8 Kota Bandung kanggo program CRS-na. Ieu kagiatan téh saé pisan alatan élmuna didugikeun langsung ti ahlina, utamana mangsa ngagentos oli motor nu leres. Sanés wungkul pelatihan, mudah-mudahan siswa SMKN 8 Kota Bandung gé tiasa nambihan élmu mangsa aya kunjungan industri atanapi prakték kerja industri di PT. Pertamina Retail, sareng tiasa ngarekrut lulusan SMKN 8,” saur Pa Agung di rohang damelna.
Di sagigireun méré pelatihan PT. Pertamina Retail gé mahsarhkeun bantuan ka SMKN 8 Kota Bandung, mangrupa tool kit jeung kompresor hiji. [MS]***