Bapa Jamaluddin, M.M.Pd, Kepala SMPN 47 Kota Bandung
Sobat Sora, urang nongton ti kadeukeutan kagiatan paturay tineung kelas IX SMP Negeri 47 Bandung, angkatan taun ajaran 2015-2016, anu dilaksanakeun dina ping 2 Juni 2016. Matak reueus ku pintonan kréatifitas para peserta didikna, ti mimiti tampilan seni tradisional tepi ka pidangan grup band-. Keur ukuran peserta didik SMP mah bisa kasebut elegan jeung santun. Band-band-na rarapih, apik jeung teu kaciri ngawagu dina tampilanana.
Dra. Iriani Juariah, Waka. Humas
Sora nepungan Kepala SMP Negeri 47, Bapa Jamaluddin, M.M.Pd, numutkeun anjeunna poéan kagiatan paturay tineung ieu ditetepkeun dina poé Kemis tina hasil kasapukan para peserta didik hususna réngréngan OSIS-na. Mun ninggang dina poé Jumaah, tangtu moal laluasa. Di kana Saptu-Minggukeun nyedek teuing ka bulan Puasa. Nya ditangtukeun poé Kemis disagigireun tatahar nyinghareupan kagiatan anu kacida padetna anu kudu bérés saméméh lebaran. Paturay tineung kelas IX ieu nyokot téma “Ti Barudak Ku Barudak jeung Keur Barudak.”
Méngpar tina jejer di luhur, SMP Negeri 47 Bandung téh salasahiji sakola nu kapeto salaku sekolah menengah pertama anu remen katitipan peserta didik ABK (anak berkebutuhan khusus). Dina kapamingpinan Pa Jamaludin, para peserta didik ABK (inklusi) jumlahna 18 urang. Kelas VIII, 8 urang, kelas IX 8 urang jeung kelas VII duaan. Cindekna tiap sakelas, saurang siswa inklusi. Alatan éta, SMP Negeri 47 Bandung téh minangka sakola anu panglobana mibanda siswa-siswi inklusi. Kiprah pihak sakola ngupayakeun, keur siswa inklusi tertentu dibutuhkeun saurang pembimbing, boh ti pihak orang tua boh ti pihak guru atawa anu dipapancénan ku pihak sakola. Keur ti pihak sakola geus ditetepkeun salaku guru pembimbing téh opatan.
Ngeunaan kendala, Pa Jamaludin ngadadarkeun saurna aya dina pasualan komunikasi antara pihak guru jeung siswa-siswina, atawa pihak siswa-siswi inklusi jeung para guru. Dipiharep saupaya para siswa inklusi nuluykeun pendidikanana ka sakola anu leubeut ku keterampilan, lantaran kalolobaanana unggul dina widang katerampilan sok sanajan dina widang akademisna di bawah standar. Dina taun ieu (2016) aya duaan siswa inklusi anu ngahontal kalulusan sarta direncanakeun rék neruskeun ka SM/SMK inklusi deui.
Pa Asep, security SMPN 47 dipoto sareng mojang SMPN 47 nu baris ninggalkeun SMPN 47
Kiat naon anu ditekenkeun keur pendidikan siswa inklusi? Sora ngolongan. “Diutamakeun mahér maca, ngitung jeung nulis, éta intina mah,” saur Pa Jamaludin tandes. Berekah, éksisténsi SMP Negeri 47 jadi acuan para peserta didik ABK (inklusi) ngawujudna kapercayaan diri lantaran siliaping jeung pada baturna boh dina campur gaul boh dina KBM-na (kegiatan belajar mengajar). Pihak sakola jauh-jauh ti saméméhna geus nerapkeun prinsip amanah jeung kapercayaan diri, ulah tepi ka aya paribasa “boro-boro nu gering dalah ka nu cageur ogé bangga diarahkeunana.”
Bagus. A, salah sahiji siswa inklusi nu tamat sakola di SMPN 47 Kota Bandung
Ku kituna SMP Negeri 47 Bandung henteu nyorangan tapi nyieun iketan gawé bareng jeung pihak SLB, hususna SLB Cicéndo Bandung. Saupama aya pamasalahan anu sulit tumali jeung ABK sok sagancangna konsultasi jeung pihak SLB.
Kiat anu kudu diheulakeun geusan kaharmonisan KBM nya éta ngautamakeun kaperluan para guruna, naha perlu komputer, aplikasi pembelajaran, jsba-na. Sora ogé kenalan reujeung saurang siswa inklusi, Bagus. A, kelas IX-G ti Gang Kacamatan, wewengkon Cimahi. Ceuk Bagus anu niatna rék nuluykeun ka SMK, sakola di SMP Negeri 47 kacida resepna, loba pangalaman anyar, leubeut babaturan jeung rasa duduluranana onjoy. Sarupa jeung Bagus nyakitu siswi kelas IX; Rika, Nur Hopipah, Fatimah, Lulu jeung Sri. Di SMP Negeri 47 ramé komo lamun usum pénsi jeung kagiatan paturay tineung. “Pokona SMPNegeri 47 Bandung Is The Best”.
Duadua band, grup band TU SMPN 47 Kota Bandung. Poto kénca ka katuhu: kang Azeb, Kang Adhes, Kang Bauz, Téh Tanty
Ieu para peserta didik anu maranis ngarencanakeun rék nuluykeun ka SMA jeung ka SMK. Kumaha harepanana ka sakola almamaterna? “Mugia di taun-taun anu badé dongkap mah, SMP Negeri 47 langkung maju, langkung unggul turta langkung the best!” Cenah pokna méh bareng.
Fajar Akbar, (tengah) Ketua OSIS SMPN 47 Kota Bandung
Sora ogé ngobrol jeung siswa anu kapeto salaku ketua pelaksana kagiatan paturay tineung taun ieu, Fajar Akbar. N, kelas VIII-B salaku ketua OSIS période 2016 jeung M. Faizzul Haq, kelas IX-B. Fajar jeung Faiz anu mupuhuan 25 urang panitia pelaksana, nétélakeun yén kagiatan paturay tineung dina taun ieu, aya dina suasana kondusip, meriah jeung diupayakeun saélégan mungkin, santun berkarakter jeung teu ngaruksak lingkungan sakola. Hal ieu dumasar kana moto SMP Negeri 47 Bandung, kalawan iman jeung takwa diupayakeun jadi jengléngan sakla anu pinunjul di wilayah barat Kota Bandung, sabagé sakola séhat-berséka anu mibanda budaya lingkungan. [MS]***














