Pa Ridwan Kamil nuju ngaresmikeun SMPN 57 Kota Bandung
(Bandung Kulon) Sobat Sora, Kecamatan Bandung Kulon kiwari boga dua SMP Negri anyar, nya éta SMPN 55 Kota Bandung jeung SMPN 57 Kota Bandung. Diresmikeunana poé Senén 17 Oktober 2016, ku Pa Ridwan Kamil, Walikota Bandung. SMPN 55 Kota Bandung pernahna aya di lelewek Cigondéwah sedengkeun SMPN 57 Kota Bandung ayana di tungtung Jalan Gempol Sari.
Pa Elih Sudiapermana, Kepala Disdik Kota Bandung sareng Bu Nita Kepala SMPN 57 Kota Bandung (Plt)
Bu Nita Hidawati,S.Pd., M.M.Pd., (katuhueun Pa Ridwan Kamil), Kepala SMPN 21 Kota Bandung ngarangkep Kepala SMPN 57 Kota Bandung (Plt)
Basa Sora ngaliput peresmian SMPN 57 Kota Bandung, katempo Pa Ridwan kamil antusias nempoan unggal ruang nu aya di ieu sakola nu dipingpin ku Bu Nita. Lega tanah SMPN 57 téh kurang leuwih 3000 m2, bantun/hibah ti PT. Maju Makmur Usaha Bersama, pingpinan Pa Troyadi G Lukas. Salian ti tanah, éta pausahaan nu nyieun The Green Kosambi Trade Mall & Apartement téh, ogé ngawangun opat rohang kelas, mushola plus tempat wulu, wc guru sarta wc siswa.
Pa Ridwan Kamil disarengan ku Pa Troyadi G Lukas pingpinan PT. Maju Makmur Usaha Bersama
Pa Ridwan Kamil nuju ngobrol sareng Camat Bandung Kulon
Pa Ridwan Kamil nuju ngilikan wc siswa SMPN 57 Bandung
“Ayeuna tos aya sakola nu langkung caket kanggo warga sabudeureun Gempol, ku kituna engké mah siswana tiasa tumpak sapédah, ngajugjug ka SMPN 57 téh,” saur Pa Ridwan.
Kagiatan peresmian SMPN 57 Kota Bandung diluuhan ku Pa Elih Sudiapermana, KepalaDinas Pendidikan Kota Bandung, Pa Tjép Dahyat, Kepala Bidang SMP Disdik Kota Bandung, Camat Bandung Kulon, Bu Nita Kepala SMPN 21 Kota Bandung ngarangkep Kepala SMPN 57 Kota Bandung, Bu Prapti Kepala SMPN 36 Kota Bandung, Pa Raya Kepala SMPN 11 Kota Bandung, tokoh masarakat, jrrd.
Gambar desain SMPN 57 Kota Bandung
Guru SMPN 21 Kota Bandung nu janten panitia peresmian SMPN 57 Kota Bandung
“Alhamdulillh SMPN 57 Kota Bandung mudah-mudahan tiasa janten sakola picontoeun saréréa, margi ieu aya di sisi tol janten kondusif, suasanana tebih ti mall, mudah-mudahan tiasa nyiptakeun anak-anak bangsa nu bermutu luyu sareng harapan urang sadaya, pokona mah SMPN 57 Kota Bandung Lebih Siap Juara, ” saur Bu Nita Kepala SMPN 57 Kota Bandung.
Rencana SMPN 57 Kota Bandung, baris nampi siswa dina taun ajaran anyar 2016-2017, keur genep kelaseun, sakelasna ngawadahan 36 siswa.
“Ku ayana SMPN 55 sareng SMPN 57, dipiharep masarakat nu aya di lelewek Bandung Kidul, janten karecah teu kedah ngajugjug ka SMPN 39 baé. Mudah-mudahan ku awal nu saé tiasa ngadeudeul Bandung juara. Guruna tiasa ti SMPN 21, 36, 39 pokona mah nu aksesna langkung caket ka SMPN 55 sareng SMPN 57,” saur Pa Elih, Kepala Disdik Kota Bandung. [MS]***