Mun hayang beres, sagala rupa urusan kudu dipercayakeun ka ahlina. Populér pisan éta téh, komo di lingkungan ulama jeung ustad mah. Urusan ékonomi percayakeun ka ékonom. Urusan téknologi percayakeun ka téknolog. Urusan pendidikan percayakeun ka guru. Urusan agama percayakeun ka ulama. Lamun dipercayakeunana ka nu lain ahlina, kalah bakal ruksak.
Aya anu panasaran, kumaha lamun éta jalma anu ahli téh niatna teu bener? Kumaha lamun niatna jahat? Nu ngaranna niat téa, sangkilang dipageran ku sumpah gé mindeng dirempak.
Kapanasaran saperti kitu téh keur kaalaman ku urang-urang ayeuna dina nyanghareupan sasalad COVID-19. Ceuk ahlina, salasahiji upaya pikeun nyegah nularna éta virus téh nyaéta ku jalan divaksin. Ari vaksin dijieunna di nagara-nagara anu lain muslim. Malah kungsi aya anu nyebutkeun yén dina vaksin téh aya unsur babi. MUI nepi ka buru-buru ngaluarkeun fatwa. Vaksinna haram tapi bisa dipaké lantaran keur kaayaan darurat. Pikeun para ahli éta fatwa MUI téh babari kaharti. Béda deui pikeun urang-urang anu awam. Akibatna, teu kurang-kurang anu milih moal divaksin.
Kacangcaya anu modél kitu téh, geus mindeng kaalaman dina rupa-rupa kaayaan, sigana moal kajadian lamun vaksin téa dijieunna di nagara muslim. Tapi nepi ka ayeuna mah can aya nagara muslim anu bisa nyieun vaksin. Arab Saudi waé sarua jeung urang, meuli vaksinna téh ti nagara non muslim. Naha ari nagara-nagara muslim teu kapikir hayang bisa nyieun vaksin? Prakprakanana, vaksin téh diulikna di laboratorieum, pagawéan anu leukeun pisan, butuh waktu mangtaun-taun. Teu mustahil malah mun nepi ka puluhan taun ogé. Lamun prosés di labna geus jinek, kakara bisa jadi hasil industri anu bisa dipaké ku saha waé.
Salasahiji halangan naon sababna henteu unggal nagara bisa boga lab anu hébat, lantaran biayana mahal. Cukup ku semet dinya alesanana téh. Padahal, dina sakalina butuh, barangna bisa diparebutkeun ku sakuliah dunya, sakumaha vaksin COVID-19 ayeuna.
Lamun dibandingkeun jeung kumaha beungharna nagara-nagara Arab Teluk ayeuna, sabenerna ukuran mahalna biaya téh teu kudu jadi halangan. Qatar upamana, nagara leutik anu beurat beunghar, tibabaranting hayang bisa ngayakeun Piala Dunia. Mimitina FIFA teu percaya, rék kumaha bisana maénbal di nagara anu sakitu panasna? Ceuk pihak Qatarna, kuring bisa nyieun stadion anu maké AC. Saréréa kagét. Kumaha bisana? Pisakumahaeun teuing mahalna? Tapi sakali deui Qatar némbongkeun kasanggupanana, nepi ka pihak FIFA percaya.
Sakumaha mahalna nyieun stadion maénbal anu maké AC? Mahal mana mun dibandingkeun jeung nyieun laboratorium biologi anu hébat? Anu kacipta ayeuna, lab biologi anu hébat bakal leuwih gedé mangpaatna batan stadion maénbal.
Anu kurang diperhatikeun ku nagara-nagara Islam ayeuna téh nyaéta majuna téknologi jeung biologi. Astronomi upamana geus bisa netepkeun taun sakitu bulan anu tanggal sakitu bakal kajadian samagaha panonpoé. Bisa ditangtukeun nepi ka sapersakitu detikna deuih. Dina derna kajadian, enya persis kitu. Biologi gé nya kitu. Geus aya upaya pikeun nyieun daging di lab. Jadi engké mah mun hayang dahar jeung daging sapi téh cenah teu kudu miara, teu kudu meuncit, tinggal meuli wé. Rasana bakal sarua ngeunahna. Ayeuna mah kakara cenah, hiji mangsa teu mustahil bakal kajadian.
Dina urusan nu kararitu, umat Islam téh tinggaleun pisan. Jeung katingalina, teu aya upaya pikeun narékahan kumaha carana sangkan ulah tinggaleun waé. Pikeun némbongkeun nagarana modéren jeung démokratis, Arab Saudi milih ngayakeun konsér musik rock jeung muter film buatan Hollywood. Tapi tacan aya béjana Arab Saudi kalawan daria ngamekarkeun panalungtikan dina widang naon waé.
Kapanasaran anu nembrak wé, dina Quran tandes disebutkeun yén babi téh haram. Tapi na ku naon zat atawa unsurna bisa dimangpaatkeun dina pangabutuh anu bisa dipaké ku sakumna jelema, anu mindeng nimbulkeun kontrovérsi téa? Sabalikna, dina Quran aya dua bubuhan anu disebutkeun kalawan tandes, nyaéta buah zaitun jeung buah tin. Tapi nepi ka ayeuna can kabéjakeun aya nagara Islam anu kalawan daria niténan jeung nalungtik naon waé zat jeung unsur anu aya dina buah tin jeung zaitun téh.
Tina pangalaman mangtaun-taun ngalaman sasalad saperti ayeuna, naha aya nagara Islam anu kahudang kapanasaranana nyieun tarékah supaya ka hareupna teu cukup ku ngandelkeun pisan produk anu jolna ti nagara-nagara non muslim? ***