• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Péntas Seni di SMP Negeri 51 Kota Bandung

majalah by majalah
26/05/2016 6:15 PM
in Sora Sakola
0 0
0
Péntas Seni di SMP Negeri 51 Kota Bandung
398
SHARES
2.3k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Ngaliwatan Péntas seni Siswa-Siswi SMP Negeri 51 anu Ka-Dalapan Geusan Ngamumulé Budaya Nyunda Di Lingkungan Sakola

pa agusDrs. Agus Hidayat, M.Pd, Kepala SMPN 51 Kota Bandung nuju nambi kembang

Sobat Sora, poé Rebo anu ka liwat ping 25 Mei 2016 SMP Negeri 51 Kota Bandung ngayakan pentas seni, kreasi siswa-siswi. Sabréhan ogé jug katangén, yén para peserta didik di ieu sakola kacida kréatifna dina widang seni lukis. Ampir di sakuliah témbok sakolana, leubeut ku lukisan kaasup rohang muka. Utamana lukisan gaya mural, lukisan bidang datar dua diménsi anu nyarupaan rélief, bédana rélief mah timbul. Sakabéhna ieu berkat kaparigelan Waka. Kesiswaan, Drs. Muhammad Muhtar, M.Ds (dipicongah sesebutan ku Pa Muhtar). Anjeunna pisan anu ngabina tur ngaarahkeun siswa-siswi SMP Negeri 51 Kota Bandung dina widang seni lukis.

guruGuru-guru SMPN 51 Kota Bandung

Matak hélok tur matak reueus, tampilan seni peserta didikna éstu luar biasa. Kayaning musikalisasi puisi jeung seni teater ditambah bobodoran. Tampilan sakabéh kréasi siswa-siswi dipungkas ku pidangan béntang tamu wayang golék gaul ti LS Putu Giri Harja, diluluguan ku Ki Dalang Dédé Candra Nur Sunarya ti Jelekong.

nyanyiPintonan akustik

Dina sela-sela kasibukanana, Sora nepungan  Drs. Agus Hidayat, M.Pd salaku kepala SMP Negeri 51 Kota Bandung angkatan ka 10 ayeuna, anu dina waktu harita diréncangan ku pengawas-na, Bapa Drs. H. Dodi Rohmat, M.M.Pd nu nganjrek di wewengkon Ujungberung. Kamandang Drs. Agus kana pénsi siswa-siswina antara lain pihak sakola geusan neruskeun program-program kepala sekolah saméméhna turta kacida ngarojong tur nyayagakeun fasilitas salaluasa-laluasana geusan para siswa-siswi anu diasuhna saméméhna ngamalirkeun bakat seni anu dipibandana.

uleman 1

uleman 2

uleman 3

uleman 4Uleman nu ngaluuhan acara pénsi

Sawanda jeung kamandang Kepala Sekolah, Drs. H. Dodi Rohman, M.M.Pd, negrakkeun kateranganana, yén SMP Negeri 51 Kota Bandung geus maneuh dina saban ahir taun pangajaranana sok dipungkas ku péntas seni. Pénsi SMP Negeri 51 mémang luar biasa, di mana para guru, para peserta didik, para orang tua peserta didik katut umumna warga sakola ngahiji sabeungkeutan demi nyukséskeun ieu kagiatan. Insya Alloh kalawan gedé harepan, SMP Negeri 51 baris leuwih nanjung turta nanjeur di bawah kapamingpinan Drs. Agus Hidayat, M.Pd. 

tos mintonSabada minton dipoto sareng walikelasna

Drs. Agus Hidayat, M.Pd kalawan dipairan ku Kepala TU-na, Bapa Untung Santoso, ahir-ahir ieu kacida reueusna lantaran SMP Negeri 51 kasinugerahan juara II tingkat propinsi dina Liga Pelajar Indonesia (LPI) widang sépak bola. Teu anéh sabenerna mah lantaran SMP Negeri 51 téh kakoncara ti baheula mula sabagé kudangna para pesépak bola muda.

pa nanangPa Nanang, Kepala SMPN 51 & SMPN 11 Kota Bandung manten, nyumbang sora emasna

Dina kasempetan pénsi ieu, hadir para mantan kepala SMP Negeri 5, di antarana Pa Nanang sareng Pa Dikdik, tokoh masarakat tur ka sakabéh warga sakola. Pidangan pénsi dibuka ku upacara adat Sunda diteruskeun ku tari modéren jeung tradisional, vocal grup, bobodoran, dramatisasi puisi, jaipong dance & kécak (tari kréasi Rama & Shinta), drama, silat jaipong, kabarét, perkusi, dance (Gangster VS FBI), akustik & perkusi, band gabungan 5 kelas, dipungkas ku pidangan wayang golék gaul dina judul Cépot Ngeband.

pa agus kepala smpn 51                    Drs. Agus Hidayat, M.Pd, Kepala SMPN 51 Kota Bandung

pengawas                    Drs. H. Dodi Rohman, M.M.Pd, pengawas SMPN 51 Kota Bandung

pa muhtar                   Drs. Muhammad Muhtar, M.Ds, Waka. Kesiswaan

hj tuti                    Hj. Tuti Sudiarti, M.Ds

pa untung                    Pa Untung, Kepala TU

Geura urang ngobrol sareng Pa Muhtar (Waka. Kesiswaan), “Ku lumangsungna pénsi taun ieu, dipiharep barudak (hususna para peserta didik SMPN 51) mampuh ngajungjungkeun ajén-inajén kréasi dina widang seni budaya tradisional, hususna Sunda. Umumna mah ngajungjung seni budaya séjén kalawan henteu ngaluli-luli norma jeung étika anu luyu reujeung kultur budaya Indonésia. Berekah deuih, pihak sakola jeung umumna warga masyarakat kacida ngarojongna kana ieu kagiatan. Dina taun  ieu téma pénsi leuwih nekenkeun kana budaya tradisional hususna budaya Sunda, kalawan dibina langsung ku guru tari-na, Ibu Hj. Tuti Sudiarti, S.Pd. Alatan éta acara inti (béntang tamu) dipungkas ku pidangan wayang golék ti Putu Giri Harja, minangka ciri wanci kasundaan. Luyu pisan jeung misi SMP Negeri 51 geusan ngawujudkeun sakola pinunjul dina widang akademisi seni jeung olah raga,” saur pa Muhtar. Upama taun kamari nyandak téma naon? Sora ngolongan. “Kamari mah ngangkat budaya bobodoran jeung sisingaan,” walonna deui, daria pisan.    

pintonan moderen dance

jeung walielas

adi kelasAcara pensina ditonton lu adi kelas

Sora ogé teu poho kenalan jeung wawakil peserta didik kelas IX-1, Sipa Nursolihah, Arman Dakka, Hafidza Ravi, Kinanti. Ieu opat nonoman téh, wedalan sanggar Sekar Panggung jeung paguron Sanakala, nu ngajadikeun Didi Nini Towok salaku tokoh insfiratifna negrakkeun kareueus turta pangabetahna jadi warga SMP Negeri 51. Pesenna, mugia SMP Negeri 51 leuwih berpréstasi sarta mampuh mertahankeunana. Nu kurang hadé, bisa jadi hadé, nu hadé jadi tambah hadé.

cireng

pintonan dramaPintonan drama Sunda

osisOSIS SMPN 51 Kota Bandung dipoto sareng guru

ketua osisIis Holisoh, Ketua OSIS SMPN 51 Kota Bandung

Sora teu kaliwat nepungan ketua OSIS priode 2016-2017 sakaligus ketua panitia pénsi anu ngabawah 93 urang panitia pénsi taun 2016, Iis Holisoh kelas VIII, pituin warga Derwati. “Kanggo pidangan pénsi taun ayeuna, katawis langkung euyeub sareng langkung gebyar disbanding taun-taun anu parantos kalangkung. Kanggo salajengna, diharepkeun kagiatan pénsi wajib aya sarta langkung apresiatif, langkung kréatif utamina dina budaya tradisional,” kitu cék Iis. [MS]***   

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Kerja sama Internasional SMKN 1 Cibinong Gandeng KRIVET dan Seoul AI Technical High School, Manfaatkan AI untuk Meningkatkan Kualitas Pembelajaran
  • Sudah Tiga Bulan Tanty Memimpin SMAN 1 Bandung, Perkuat Karakter Siswa, Diganjar Penghargaan Gapura Pancawaluya serta #Save SMANSA Bandung
  • Raker Penyusunan dan Pengesahan RKAT UNIBBA 2026 di Pangandaran Tegaskan Arah Kampus Berdampak dan Tata Kelola Perguruan Tinggi yang Baik
  • Di Bawah Kepemimpinan Dr Agus Setiawan, SMKN 2 Kota Bekasi Fokus Cetak Lulusan Berkarakter dan Standar Industri
  • Belajar dari SMKN 3 Kota Bandung, DPRD Banten Targetkan SMK Berstatus BLUD Mulai Tahun Ajaran Baru 2026/2027
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In