Nu kumaha nu disebut pendidikan nasional téh? Kumaha patula-patalina antara sakola umum, madrasah jeung pasantrén? Dina acara miéling Hari Pendidikan Nasional 2021 kamari, Mendikbud dan Ristek Nadiem Makarim, kalawan tandes nyabit-nyabit deui jenengan Ki Hajar Déwantara. Cenah geus lila pisan modél pendidikan Ki Hajar téh diculkeun. Padahal anjeunna téh Bapak Pendidikan Nasional. Naha ayeuna rék dihirupkeun deui dina sistim pendidikan nasional?
Ki Hajar Déwantara téh ningrat, dibabarkeun di Pakualaman lingkungan karaton Yogyakarta. Jenengan aslina RM Soewardi Soerjaningrat. Sakolana kungsi nepi ka STOVIA, sakola dokter, ngan teu tamat lantaran teu damangan. Kungsi jadi wartawan. Tulisan-tulisanana kawilang peureus ngiritik kawijakan pamaréntah kolonial Walanda. Kungsi dibuang ka Walanda. Teu lila ti samulangna ti pangbuangan, ngadegkeun sakola Taman Siswa, taun 1922. Di éta sakola ménak jeung cacah bisa ditarima. Ieu salasahiji bédana jeung kawijakan pendidikan kolonial Walanda anu ngabéda-béda sakola mana nu bisa dipaké nyakolakeun para ménak (kaasup Cina) jeung sakola mana anu diajangkeun keur cacah urang pribumi.
Lamun Nadiem Makarim mindeng nyabit-nyabit merdéka belajar, tujulna mah ngahirupkeun deui prinsip pendidikan anu ditaratas ku Ki Hajar Déwantara harita. Salasahiji prinsip di sakola-sakola Taman Siswa nyaéta ngayunkeun bakat jeung pangaresep siswana masing-masing. Nu diudagna lain gelar tapi pangabisa jeung kaahlian.
Tapi ku pamaréntah Indonésia, modél pendidikan anu ditaratas ku Ki Hajar téh sigana teu diteruskeun. Nu diudagna pola kawijakan ti nagara-nagara Barat. Papadaning kitu ari papagon ti Ki Hajarna sorangan mah terus dipaké. Réa nu apal ayeuna ogé. Ing ngarso sung tulodo, ing madya mangun karso, tut wuri handayani. Nu araya di luhur (pamingpin) kudu méré conto. Nu di tengah (birokrasi) kudu ngahudang sumanget. Sedeng nu séjénna kudu méré pangrojong.
Kabuktianana, ayeuna mah geus teu kitu. Hésé néangan pamingpin anu picontoeun. Birokrasi komo deui, kalah sagala rupa dihésé-hésé. Akibatna, nu di handap bingung, kudu ngarojong nu mana. Tungtungna, pangrojongna jadi aya pangarahan. Dina mangsana pilkada atawa pilprés mah katémbong pisan.
Naha pangna nepi ka kitu téh aya pakuat-pakaitna jeung sistim pendidikan di urang? Tangtu aya. Prosés pendidikan téh apan panjang pisan. Bisa disebutkeun saparo tina umur manusa umumna dipaké nyorang pendidikan ti mimiti tingkat handap nepi ka tingkat luhur. Éta téh minangka nu formalna, da di sagigireun éta teu kurang-kurang anu muhit kana prinsip pendidikan sepanjang hayat ogé.
Yén kualitas pendidikan di urang teu matak agul, buktina nyata pisan. Nu baleunghar, kaasup para pejabatna, umumna milih nyakolakeun barudakna ka nagara batur. Da lamun pendidikan di urangna unggul mah, keur naon maké kudu nyiar élmu ka nagara deungeun. Dina prakna digawé gé teu jauh ti kitu. Nu lulusan luar negri dianggap leuwih luhur batan nu lulusan nagara sorangan.
Tangtu wé teu bisa saterusna kitu. Lebah dieu beuratna tugas Nadiem Makarim, atawa saha waé anu dipercaya jadi Mentri Pendidikan di urang téh. Kudu ti mana narabasna? Ninggang di anu geus biasa kikieuan, sakalina aya anu arék dirobah téh nu teu panujuna jul jol ti kalér ti kidul.
Lamun ayeuna Nadiem nyabit-nyabit deui Ki Hajar Déwantara, rada kaharti. Saabad ka tukang Ki Hajar geus wani mastikeun yén sistim pendidikan kolonial Walanda téh ngawilah-wilah. Padahal pendidikan mah teu meunang kitu. Kudu bisa kahontal ku sakumna warga nagara. Leuwihna ti éta, pendidikan kudu ngayunkeun bakat atawa pangaresep muridna sorangan. Nu resepna kana matématika, ayunkeun ka dinya nepi ka jucungna. Teu kudu saréréa kudu apal sagala rupa.
Pendidikan modéren ayeuna sabenerna togmolna téh ka dinya. Astronomi upamana di urang mah disebutna jurusan anu euweuh duitan. Padahal di nagara-nagara maju astronomi téh kaasup élmu anu dirojong pisan. Kitu deui fisika jeung matématika. Padahal itung-itungan ékonomi kaayeunakeun majuna téh lantaran nyoko kana patokan-patokan matématika anu rumit.
Lamun kayidna merdéka belajar, tur aya karep hayang ngahirupkeun deui prinsip-prinsip pendidikan anu geus ditaratas ku Ki Hajar saabad ka tukang, éta téh kudu jadi kasapukan sakumna bangsa. Lilana waktu anu dipapancénkeun ka Nadiem atawa ka Jokowi ayeuna, tangtu moal cukup. Mun engké ganti Presidén, ganti Mendikbudna, kawijakanana robah deui, hartina cacag nangkaeun téa. Ka dituna, hasil gawéna nya mubah deui. ***