majalahsora.com, Bandung – Pamaréntah Propinsi Jawa Barat, baris ngayakeun kagiatan Solat Ied di Lapang Gasibu, Bandung, 1 Syawal 1438 H, nu dilaksanakeun ti pukul 06.00 WIB.
Kepala Bagian Publikasi Setda Jawa Barat, Pa Ade Sukalsah, nétélakeun, Gubernur Jawa Barat Ahmad Heryawan (Aher) nu baris jadi khotib-na téh. “Kanggo Imam solat Ied-na insya Allah, baris diimaman ku KH. Cecep Abdullah Syahid ti Pondok Pasantren Al Quran Al Falah,” pokna.
“Pamaréntah Prop. Jabar, ngondang sacara terbuka ka sakumna umat muslim Jawa Barat, kanggo aub dina kagiatan Solat Ied 1438 H, nu lumangsung di Lapang Gasibu. Kanggo anu ngabantun kendaraan, tos disiapkeun tilu tempat parkir, nya éta di parkiran Gedong Saté, Gedong DPRD sarta di parkiran Pudai Jabar,” saur Pa Adé.
Salian ti éta, Pamarentah Propinsi gé baris magelar acara open house, silaturahmi Boboran Siam 1438 H di rumah dines Gubernur Jawa Barat, nya éta di Gedong Nagara Pakuan, nu pernahna di Jalan Oto Iskandar Dinata No. 1 Bandung. “Tradisi open house tos ilahar digelar di Gedong Pakuan, kabuka kanggo balaréa, dilaksanakeun sabada Solat Ied, ti pukul 08.30 dugi ka pukul 16.00 WIB,” écésna. [SR]***