Hj. Suprapti, S.Pd., Kepala SMPN 36 Kota Bandung
majalahsora.com – Sobat Sora, dina taun 2017 ayeuna, réa SMP Negri di Kota Bandung nu gegemeueun mangsa ngalaksanakeun kagiatan pelepasan siswa kelas IX. Alatan bisi disebut pungli (pungutan liar), kaasup nu kaalaman ku Hj. Suprapti, S.Pd., Kepala SMPN 36 Kota Bandung, nénéhna mah Hj. Prapti baé, anjeunna ati-ati pisan. “Taun 2017 ayeuna mah aturanana benten sareng taun-taun kapengker. Sakola teu kénging mungut atanapi ngawaragadan kagiatan pelepasan, alatan tos aya aturanana,” saur Hj. Prapti téh.
Sangkan bisa lumangsungna kagiatan pelepasan siswa kelas IX di SMPN 36, orang tua siswa jeung Komite Sekolahna kompak ngawaragadan tur ngayakeun kagiatan kasabit. Eta téh hasil aspirasi ti para siswa kelas IX-na. Kira-kira saminggu persiapanana téh, kaasup dina ngumpulkeun waragadna. Aya nu nyumbang aya nu henteu, aya ogé nu nyumbang jadi donatur, teu maksa pokona mah. Waragadna dipaké keur nyéwa panggung, sound system, peralatan band, dj, upacara adat, snak, konsumsi pikeun siswa, guru-guruna, jsté.
Ondangan guru, tata usaha, komite sekolah sareng orang tua siswa
Acarana lumangsung di kampus SMPN 36 Kota Bandung, poé Rebo ping 24 Méi 2017. Sanajan kawatesan ku waragad, acarana bajalan meriah. Di euyeuban ku rupa-rupa kagiatan jeung hiburan. Kayaning upacara adat, pintonan vocal grup nu macakeun Asmaul Husna, hymne SMPN 36 Kota Bandung, band, dj, jsté. Pengisi acarana siswa kelas tujuh jeung kelas dalapan.
Pa Yudin (katuhu) Ketua Komite SMPN 36 Kota Bandung & Pa Kosim (katilu ti katuhu) Ketua Pelaksana Pelepasan siswa kelas IX
“Alhamdulillah acarana tiasa laksana. Sanaos taun ayeuna mah seueur aturan. Karunya atuh siswa kelas IX salami tilu taun sakola, upami pas lulus teu aya acara pelepasan, janten cawérang teu berkesan. Kagiatan pelepasan téh, salah sawios kanyaah ti orang tua siswa kelas IX sareng komite sekolah. Réréongan waragadna gé, nya kitu deui mangsa persiapanana, ampir 100 persén kénging orang tua siswa sareng komite sekolah. Sakola mung nambutkeun tempat, nuhun ka Hj. Suprapti salaku Kepala SMPN 36 Kota Bandung, nu parantos ngidinan ieu kagiatan,” saur Pa Kosim, Ketua Pelaksanana.
Aya 269 siswa kelas IX nu ngiluan pelepasanana téh, sanajan pengumuman kelulusanana mah éngké poé Juma’ah ping 2 Juni 2017 nu bakal datang.
Kagiatan pelepasan siswa kelas IX
“Mudah-mudahan, lulusan taun ayeuna nu katampi di SMK sareng SMA Negri langkung ngaronjat, luyu sareng nu cita-citakeunana. Ningal orang tua siswa kelas IX gé kompak pisan, dugi ka tiasa ngayakeun kagiatan pelepasan siswa kelas IX-na. Patalina sareng kagiatan PPDB (Penerimaan Siswa Didik Baru) taun ajaran 2017-2018 ayeuna, SMPN 36 Kota Bandung baris nampi 256 siswa, ngalangkungan jalur non akademis ngawitan ping 5 Juni 2017 sareng akademis engké sasih Juli. Sakali deui wilujeng kanggo siswa kelas IX, nu baris ngalajengkeun sakola ka tingkat nu langkung luhur” saur Hj. Prapti.
Majalah Sora gé hasil ngawawancara siswa kelas IX SMPN 36 Kota Bandung nu téréh lulus, nya éta Nayla jeung Fahmi, ngeunaan kesan jeung pesanna salila tilu taun nyuprih élmu di SMPN 36 Kota Bandung. “Berkesan pisan, salami sakola di SMPN 36 téh. Komo mangsa study tour sareng ngariung sareng réréncangan saangkatan. Pesenna mah SMPN 36 kedah tiasa mertahankeun préstasina dina widang lingkungan,” cék Nayla.
“Ngalaman suka dukana mangsa sakola di SMPN 36 Kota Bandung téh. Tapi seuseueurna mah sukana, salah sahijina mangsa mintonkeun teater di payuneun balaréa. Guruna ngajarkeun kadisiplinan, hususna Bu Nénéng,” cék Fahmi. [MS]***