• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Paturay Tineung Siswa Kelas IX SMP Negeri 36 Bandung Taun Pelajaran 2015-2016

Redaksi by Redaksi
13/06/2016 9:58 AM
in Sora Sakola
0 0
0
Paturay Tineung Siswa Kelas IX SMP Negeri 36 Bandung Taun Pelajaran 2015-2016
429
SHARES
2.5k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

bu prapti                    Ibu Hj. Suprapti, S.Pd, Kepala SMPN  36 Kota Bandung

Poé Saptu, ping 11 Juni 2016 Sora ngahaja nyimpang ka wewengkon SMP Negeri 36 Bandung anu keur ngayakeun kagiatan paturay tineung siswa-siswi kelas IX. Pukul 9.00 téh geus mitembeyan  dibuka ku pangajian ayat suci Alquran jeung saritilawahna. Numutkeun kepala SMP Negeri 36 Bandung, Ibu Hj. Suprapti, S.Pd ieu kagiatan dihadiran ku Pembina/pengawas SMPN 36, Dra. Hj. Anna Mariana, M.Pd, para orang tua peserta didik, komite sakola jeung wawakil ti para tokoh masarakat lingkungan sakola. Ibu Hj. Suprapti nargétkeun yén lulusan SMP Negeri 36 Bandung 90 peresén bisa katampa ka sakola negeri salasahijina ka sakola pavorit. Hal ieu luyu jeung moto sakola nya éta “SIP”, Semangat, Inovatif jeung Préstasi.

bu prapti sareng wakasek

guru

Pangna kagiatan kasabit dilaksanakeun dina ping 11 Juni, poéan kagenep puasa Romadon di antarana lantaran ngaluyukeun poé kalulusan (ping 11 Juni). Disagigireun ti éta geusan ngahangkeutkeun tatahar nyanghareupan PPDB taun 2016, lantaran prosésna béda jeung PPDB saméméhna. Bu Hj. Suprapti anu nganjrek di Perum Pondok Cipanas Cimahi kacida muji syukurna ka Pangéran ku dialih pancénna ka SMP Negeri 36 Bandung (dilantik ping 1 April, sertijab-na ping 13 April 2016) lantaran ti anggalna geus kauar-uar yén ieu sakola anu dumuk di wewengkon Bandung Selatan téh geus leubeut nyangking préstasi utamana adiwiyata mandiri. Dina kagiatan ékskulna remen ngajuaraan saban perlombaan boh kagiatan olah raga futsal boh PMR-na. Nu haneut kénéh wéh, geus hasil ngarebut piala bagilir futsal sa-Bandung anu diayakeun di SMAN 17 Kota Bandung. Ku kituna, mupuhuan SMP Negeri 36 téh ngarupakeun tangtangan anu lain bantrak-bantrakkeun lantaran teu meunang henteu kudu mampuh mertahankeun préstasi jeung komara sakola, sukur-sukur bisa leuwih ngaronjatkeunana, kitu saur Bu Hj. Suprapti.

bu prapti sareng siswa

lulus euy

“Rupina ibu mah kantun neraskeun garapan kepala SMP Negeri 36 sateuacanna, ku margi sagala rupina parantos lengkep. Kawajiban ibu nya éta mertahankeun  hal-hal anu tos saé. Alhamdulillah peserta didikna ogé saroléh, cobi wé ti sateuacan KBM tabuh 6.45, tos maneuh ngaderes asmaul-husna, ngahanca 3-4 ayat Al Quran diteraskeun ku netepan dhuha sasarengan. Teu kinten reueusna, kanggo ibu,” saur Bu Hj. Suprapti daria.

siswa

Dilengkepan ku katerangan ti Waka. Kurikulum sakaligus tim rumus perwal PPDB, Bapa Suratman, M.Pd yén peserta didik anu keur ngayakeun kagiatan paturay tineung téh jumlahna 281 urang, sadaya lulus kalayan standar niléy 265,4. Niléy pangluhurna 100,0 mata pelajaran IPA dihontal ku siswi Aura Middlé Millaniabuse sedengkeun NEM pangonjoyna, 365,5 dihontal ku Wanda Putri Ramadani. “Disagigireun ngudag hari H kalulusan, numawi dilaksanakeun dina sasih Saum, ieu kagiatan paturay-tineung téh mugi kasinugerahan berekah Romadhon,” kitu saur Pa Suratman reueus. Kamandang Pa Suratman dihaminan ku Bapa Wahyu Suryamiharja, S.Pd salaku pengelola SMP Terbuka, Bapa Ahmad Sopian, M.Pd (Waka. Humas), Dra. Dindin Banowati, MM. (Waka. Sapras), Bapa Dédé Gumilar, S.Pd, MM. (Waka. Kesiswaan).

siswa 2

siswa 3

Urang wawanohan jeung wawakil para peserta didik kelas IX, Shella kelas IX-B ti Taman Kopo Asri nu ngarencanakeun rék dituluykeun ka SMK, Putri ti Komp. BMI E-2 anu geus tatahar neruskeun ka SMA. Cék ieu dua mojang imut, sakola di SMP Negeri 36 kacida betahna, gaduh “kebanggaan tersendiri” ku nyangking gelar sakola adiwiyata mandiri jabaning guru-guruna balageur. Panineungan anu moal dipopohokeun nya éta rasa duduluran jeung sauyunan dina kaayaan sedih jeung bagja, mun ku guru digendeng, digendeng babarengan, mun dihukum dihukum babarengan. Keur adi-adi kelas mah tetep sing balageur, hal anu goréng ti para lanceuk kelas sawadina disinglar tong sok tuturut munding. Hal sarupa dipairan ku Adina.M kelas IX-B urang Komp. Wismawinaya, Ardhita P kelas IX-C ti Sukaménak jeung Nur Séiha F kelas IX-C ti Komp. Permata Kopo.

pintonan vocal grup

jaipongan

vocal grup deui

Geura urang ngalanto ka para peserta didik kelas IX putra, Rizki Gustiana, kelas IX-C urang Bacip, Sofyan Yazid, kelas IX-D ti Cijerah jeung Figo Prambudi Dwigantara, kelas IX-F, urang Cigondéwah Kalér. Ieu para jajaka gandang téh rék nuluykeun studina ka SMK. “Di SMP Negeri 36 Bandung téh teu kinten betah kumargi sakolana berséka, agamana medok turta mibanda budaya luhung,” pokna méh bareng, kawasna nurutan gaya guru Basa Sunda-na. “Mudah-mudahan SMP Negeri 36 Bandung tetep unggul dina préstasi, langgeng dina prédikat adiwiyata. Ka adi-adi kelas omat tong baladeur, sing rajin ngapalkeun jeung ngerjakeun PR, jaga nama baik sakola jeung tong waka pépéléndén hayang boga kabogoh,” kitu ceuk maranéhna.

ortu

siswa lalaki

siswi awewe

Sobat Sora, sabagéan meureun can apal mun di SMP Negeri 36 Bandung aya béntang sinétron anu jadi tokoh putrina Kang Emus dina Sinetron Préman Pensiun. Saha téa? Pan Si Enéng. Tah di dieu sakolana téh, réngréngan 281 peserta didik kelas IX anu keur ngalaksanakeun kagiatan paturay tineung. Ngaran aslina mah Safira Maharani Farsya. H, teureuh Palémbang-Lampung. Ieu mojang kareueus SMP Negeri 36 téh cikal ti tilu sadulur anu nganjrek di wewengkon Komp. Cibolérang. Rencana neruskeun sakolana rék ka salasahiji SMA pavorit di Kota Bandung nya éta SMA Negeri 1 Bandung. Kamandang “Si Enéng” sakola di SMP Negeri 36 seru loba batur jeung baraya, ka guru-guruna ogé tos asa ka bapa. Nyoal sinétron anu diancrubanana, sabenerna mah ukur nyoba ngiluan casting ari pék bet kapaké, nya dinikmati wé. Kumaha ka hareupna, aya karep rék serius dina dunya filem? Sora ngolongan. Kumaha situasi jeung kondisi, walonna. “Mun aya lolongkrang tina sela-sela KBM Insya Alloh badé dikeureuyeuh,” kitu waleran Si Mojang umyang bari malédog ku imutna. [MS]***      

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • OTC Bali YPKP Gelar Making Bed Competition ke-2 antar SMK, Tanamkan Budaya Kerja Profesional dan Standar Internasional
  • Tanpa Tenda Biru Penuh Kesederhanaan dan Makna, SMKN 8 Bandung Gelar Pelepasan Siswa Sesuai Arahan Dedi Mulyadi
  • Penguasaan Public Speaking Jadi Bekal Calon Tutor Asrama ITB, Ditmawa Gelar STECU di Kampus Jatinangor
  • Usai Dibebaskan dari Tahanan Bareskrim Polri, Orangtua SSS Mahasiswi FSRD ITB Memohon Maaf dan Menceritakan Kondisi Anaknya
  • Mahasiswi FSRD ITB yang Buat Meme Mirip Jokowi dan Prabowo Resmi Keluar dari Tahanan Bareskrim
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In