Karék gé toa masjid disada pikeun ngumumkeun yén waktuna jumaahan 20 menit deui, nu rék jumaahan geus minuhan masjid. Ku ayana aturan ti pamaréntah yén pangeusi masjid teu meunang leuwih ti satengahna, masjid téh jadi gancang pinuh. Shaf nu solat kudu rada carang, dianggangan saméter. Jamaah paheula-heula datang, da sieun teu kabagéan tempat. Saacan pandemi kawas ayeuna mah éstu témpona adan kakara nu rék jumaahan téh pating kurunyung. Eusina ogé tara nepi mudal ka buruan, komo deui nepi ka jajalaneun kawas ayeuna mah. Jajalaneun nu lébarna saméter satengah téh kapaksa ditutup, dipaké jumaahan. Aya sababaraha urang anu kuring teu wawuh, narangtung di luar.
Ari kuring ngahaja sok nyokot tempat di luar, nya éta di émpér masjid. Pikir téh ngaheulakeun kolot, karunya mun seug kudu solat di émpér masjid mah, bisi kapanasan.
Teu pati gedé masjid RW téh, ukuran dalapan ka genep méter. Tina lega lahan genep tumbak téh teu diwangun kabéh, disésakeun keur buruan, ayeuna buruanana pinuh ku nu jumaahan, parat nepi ka jajalaneun.
Bet rut-rét ka ditu ka dieu téténjoan téh. Pangpangna mah nempokeun patok-patok nu nyirian tanah Haji Darma. Patok nu dijieun tina kai kaso dicét beureum. Cenah éta téh keur ngalegaan mini market sisieun jalan. Teu kabadé kumaha rarasaan Haji Darma harita, naha kuciwa ku kuring atawa atoh, da tanahna bisa kajual ka mini market kawantu dina harga sakahayang manéhna.
“Dan, Bapa mah percaya ka hidep. Sok pikiran éta tanah Bapa nu gigireun masjid. Bapa rék babagi ka barudak. Eta téh aya kana opat tumbakna, cukup meureun keur ngalegaan masjid mah,” cék Haji Darma. Nyaritana tandes naker harita téh.
“Badé diical sabaraha kitu, Pa Haji?” pok téh rada hemar-hemir.
“Rék dikaluarkeun tujuhpuluh juta ku Bapa téh.”
“Rupina artos kas di masjid moal nyekapan dugi ka sakitu mah, Pa Haji. Duka pami rada dikirangan mah, ku abdi badé diémutan,” témbal téh bari uleng mikiran ti mana piduiteunana.
“Sakitu mah masih murah, Dan, kawantu ukur ditaksir tujuhwelas juta leuwih saeutik, pédah urang mah rada nyisi ti kota, coba lamun di tengah kota moal aya nu sakitu. Geus dihargakeun per méter di kota mah.”
“Muhun, Pa Haji, urang émutan.”
“Tong lila teuing mikirna, bisi Bapa kaburu nawarkeun ka nu séjén. Matak Bapa ngahiap hidep ka dieu ogé, Bapa boga kayakinan yén hidep mah motékar jalmana bisa néangan pijalaneunana.”
Kuring tungkul dikitukeun téh, lainna atoh, malah asa jadi beurat dibéré tanggung jawab nu sakitu gedéna. Teu diengkékeun deui, tuluy ngogan Ketua DKM, RT, jeung RW, sarta Misbah pangurus masjid bagéan pangwangunan, sangkan bisa ngayakeun rapat ngadadak engké bada magrib di imah Ketua DKM. Ngahaja teu di masjid bisi acan gé nanaon geus ibur ka balaréa.
“Ieu minangka kasempetan urang pikeun ngalegaan masjid,” cék Ketua DKM ngamimitian.
“Sidikan éta lahan téh geus diincer ku kami ti awal mula, sugan jeung sugan bakal dijual ku Haji. Tah ayeuna kabeneran pisan rék dileupas,” cék RW nambahan pamanggih Ketua DKM.
“Ngan panginten hiji anu rada abot téh, perkawis waragad nu kudu diayakeun,” cék kuring milu ngomong.
“Kéla saméméh ka dinya urang putuskeun heula naha kabéh sapuk nyokot éta lahan?” Ketua DKM sumanget naker.
“Sapuk.” Kabéhanana nyora. Misbah gé nu ti tadi cicing baé jadi milu nyora.
“Mun kitu mah ku kami jeung ku Jang Hamdan rék dipikiran kumaha cara néangan waragad keur naur éta lahan,” cék Ketua DKM bari melong ka kuring.
Kuring ukur cicing. Asa angger-angger kénéh ngumpul gé ari kitu putusanana mah, sidikan tadina hayang mikir babarengan keur néangan jalan ka luarna. Ngan ukur dina haté norowéco kitu téh, henteu pok mah. Lainna teu wani, tapi geus kajudi bakal angger kitu-kitu kénéh putusanana. Sok kalah ka tambah loba omong.
Asa rék saenyaeun harita mah meuli tanah nu Haji Darma téh. Nénjokeun Ketua DKM jeung RW sumanget naker, jadi kabawa sumanget kuring gé. Sanajan kas masjid teu nyukupan tapi yakin yén éta lahan bisa kabeuli. Masing kudu uleng sorangan gé néangan kumaha carana, tapi teu ieuh eureun terus waé dipigawé. Sakapeung mah sok dibantuan ku Misbah.
Warga diiberan ku RW sangkan bisa miluan rapat di aula kantor RW pikeun ngabéwarakeun ngeunaan ngawaragadan tanah keur ngalegaan masjid.
“Jadi kieu Bapa, Ibu, sing saha waé nu rék amal ka masjid tah ayeuna kasempetanana. Pangurus masjid téh butuh waragad pikeun meuli tanah keur ngalegaan masjid. Ku sabab duit kas teu mahi, jadi urang réréongan ngawaragadanana. Tah carana beuli ieu kupon saham saharga duapuluh rébu salambarna. Jumlah lambaran nu rék dibeuli mah bébas, kumaha kasanggupan séwang-séwangan. Nya mun hayang leuwih loba amalna meulina ulah hiji, sapuluh lambar sakalian, saratus lambar tah leuwih hadé,” cék Ketua DKM basa mingpin rapat di aula.
“Jang DKM, Abah mah teu boga duit. Rék ménta wé, meunang teu?” Bah Udi nyelengkeung, ngahaja manéhna diuk dina bangku panghareupna, da hayang jéntré cenah.
“Teu bisa, Bah, kudu jelas ieu mah keur saha-sahana.”
Kabéh nu hadir éar ngeprokan Bah Udi.
“Mun rék meuli ieu kupon saham, sok datang ka Jang Hamdan. Di anjeunna ieu kupon ku kami dipercayakeunana salaku bendahara masjid.”
Katémbong nu aya di jero aula arunggut-unggutan, tandaning ngartieun kana naon anu diomongkeun ku Ketua DKM.
“Sok tah Jang Hamdan, Pa Haji meuli saratus lambar, duitna cokot di imah,” cék Haji Darma ngamimitian.
Nu di jero aula keprok, surak ngarasa atoh.
“Saeutik teuing atuh, Ji, sakitu mah. Tah lah kuring mah sarébu lambar. Ké di imah nya itung-itunganana, Jang Hamdan,” cék Juragan Karta, ngomongna tarik pisan bari nangtung tina pangdiukanana.
Nu di jero aula beuki tarik keprokna. Aya nu suit sagala. Haji Darma langsung ngalieuk ka Juragan Karta. Juragan Karta bangun atoh meunang pamuji ti nu haladir.
Atuh unggal poé sok aya nu ka imah nanyakeun éta kupon saham. Aya nu meuli hiji, dua, aya nu meuli tepi ka sapuluh, dua puluh lambar. Ngan nu meuli nepi ka saratus mah acan aya deui iwal ti Haji Darma, nu boga éta tanah.
Sanajan geus aya sabulanna kupon saham dikurilingkeun, angger waragad keur meuli tanah téh can nyukupan. Lain teu sanggup manjeran, tapi erongan keur ngalunasanana sieun euweuh, ka dituna bakal ngaheurinan léngkah Haji Darma. Era-éra ogé kapaksa ngumaha ka anjeunna.
“Nya, Bapa gé ngadéngé Hamdan téh ngurilingkeun kupon saham ka masarakat. Malah mah Bapa meuli saratus lambar téa pan,” cék Haji Darma bari nyerebungkeun haseup rokona.
“Muhun, Pa Haji, sanaos tos tihothat kitu gé, angger geuning artos téh teu nyekapan.”
“Lain Juragan Karta rék meuli sarébu lambar cenah? Gedé pisan sakitu mah, geus wé tarima.”
“Nya éta, nuju dibadantenkeun heula sareng pangurus nu sanés, ogé RW, da rupina abot sarat nu diajengkeun ku anjeunna.”
“Enya geus wé ayeuna mah ku Bapa dibéré waktu sabulan deui. Ngan omat moal bisa leuwih ti sabulan, soalna itu mini market nu di sisi jalan geus rék méré tanda pangjadi ka Bapa.”
Rada ngagebeg ngadéngé mini markét nu wangunanana ngarempet jeung eta tanah geus rék manjeran téh. Sarua Ketua DKM gé reuwaseun basa dibéjaan téh. Inget deui ka Juragan Karta. Naha cokot waé kitu sumbanganana? Sanajan beurat ogé paméntana.
“Cokot waé kitu tawaran ti Juragan Karta téh?” pok téh ka Misbah, basa keur ngarékap bantuan nu asup.
“Teuing, Dan. Asa beurat ku itu ku ieu. Ku aya-aya waé atuda Juragan Karta mah, jeung hayang éta masjid maké ngaran manéhna. Piraku aya masjid maké ngaran Al Karta, asa euweuh ti dituna. ”
“Nu kuring matak beurat mah éta ngeunaan sagala aturan masjid kudu mupakat heula jeung manéhna, Mis.”
“Mun kabéh waragad ditékel ku manéhanana mah pék téh teuing rék kumaha-kumaha ogé,” cék Misbah bangun keuheul naker.
“RW mah geus méré idin cenah, kajeun ari kahayang Juragan Karta kitu mah, nu penting tanah kapimilik ku urang, ngan Ketua DKM keukeuh ngarasa beurat,” cék kuring deui.
“Nya, da urang ogé asa beurat atuh, Dan.”
“Nya kitu téa.”
Kuring duaan ngahuleng.
Sapoé deui ka dipatokna éta tanah ku manajemen mini market, saham nu diiderkeun téh angger teu cumpon jumlahna. Isukan Ketua DKM kudu mulangkeun deui duit ka masarakat. Nu daék narima dicokot deui duitna. Nu ngaiklaskeun, disimpen dina kas, susuganan aya milik ka hareupna. Ayeuna mah ukur bisa nyerangkeun éta tanah. Tingparentul patok beureum, sakurilingeunana.
“Kang Hamdan, naha teu cios Juragan Karta manggaleuhkeun tanah kanggo ngalegaan masjid téh?” cék Ucup nu diuk gigireun, nanyakeun.
“Henteu,” pok téh pondok, bari seuri maur.
Adan di jero masjid ngalanglaung, nandakeun jumaahan dimimitian. Kabéh saregep manco ka hareup, sanajan nu di luar mah kudu bari papanasan. Rérés salat, nu Jumaahan budal. Sawaréh ngariung di buruan tukang masjid. Kuring gé milu ngariung. Ti jero masjid, Misbach hariweusweus muru kuring. Ujug ujug ngucap hamdalah mani tarik.
“Kuring dititah nyabutan patok ku Pa Haji,” pokna.
“Baruk?” Cék saréréa méh bareng.
“Saurna geus aya nu ngalunasan lahan téh.”
“Ku saha ?”cék kuring.
“Saur Pa Haji duka, da nu nyanggakeunana gé piwaranganana. Nyebutna ti Hamba Allah.”
Méh bareng saréréa ngucapkeun hamdalah, bari namprakkeun leungeun. Muji syukur kana kaasih Nu Maha Kawasa. Sajeroning nyaksian nu nyabutan patok beureum, haté ngarakacak. Kagagas ku kabersihan haté Hamba Allah, nu duka téh teuing saha jalmana. ***
Radiul Bandung, 9 Maret 2021