Poé Salasa, 10 Méi 2016, Sora ngadongdon ka SMAN 8 Bandung. Tumali jeung kagiatan pasanggiri seni sastra jeung budaya Sunda tingkat Kota Bandung, Sora merlukeun tepung jeung sababaraha patandangna, panitia jeung para girang pangajén (juri).
Dra. Hj. Rita Hardyani, M.Ed., Kepala Bidang SMA/SMK Dinas Pendidikan Kota Bandung
Pa Suryana, S.Pd, Kepala SMAN 8 Kota Bandung
Pa Encép Ridwan, M.M.Pd ketua Musyawarah Guru Mata Pelajaran Basa Sunda SMA/SMK Kota Bandung
Basa nepungan Pa Encép Ridwan, M.M.Pd salaku panata calagara pasanggiri seni sastra jeung budaya Sunda, nerangkeun, ieu kagiatan maneuh saban taun dilaksanakeun. Taun ayeuna tempatna di SMAN 8, dumasar pangjejer Dinas Pendidikan Kota Bandung. Turta dibuka langsung ku Kepala Bidang SMA/SMK Dinas Pendidikan Kota Bandung ngarangkep ketua pelaksana ieu kagiatan, nya éta Ibu Hj. Rita.
Patandang borangan nuju minton
Boh tempat boh kagiatanana langsung atas ijin kepala Disdik Kota Bandung. Lima rupa kagiatan katerampilan anu dilombakeunana, Dongéng, Dangding/pupuh, Borangan (ngabodor sorangan), aksara Sunda jeung maca Warta.
Salah sahiji patandang nembang pupuh
Para girang pangajénna (juri) jolna ti sababaraha profesi. Di antarana Drs. H. Elin Samsuri (girang pangajén dongéng Sunda), Pa Dian Hendrayana (ti Upi, girang pangajén pupuh), Dr. Dingding Khaerudin, M.Pd (ti Upi, girang pangajén dongéng Sunda), Dr. Ruhaliah, M.Hum (ti Upi girang pangajén aksara Sunda), Bu Nénéng Dinar (girang pangajén pupuh), Drs. H. Taufik Faturohman jeung Mr, Joén/Junjun (girang pangajén borangan), Téh Eci (girang pangajén maca warta, ti Bandung tv), jeung anu séjénna.
Jumlah patandangna ti SMA jeung SMK nu aya di Kota Bandung, boh negeri boh swasta. Tina 370 patandang nu daftar, nu kacatet ngilu pasanggiri mah ngan aya 325 patandang.
Harepanana taya kajaba geusan nuwuh kembangkeun nonoman sirung-sirung kasundaan sangkan salawasna nanjeur. Di sagigireun éta, ieu kagiatan pasanggiri téh ngarojong kana program pamaréntah dina ngawujudkeun Bandung “Juara” jeung Bandung “Masagi”.
“Bapa kataji pisan, ku seueurna pamilon dina kagiatan ieu. Tangtos SMAN 8 Kota Bandung ngiringan sadaya mata lomba nu dipasanggirikeun. Bapa miharep ku ieu kagiatan, jaga para nonoman nu mikanyaah kana budaya Sunda, saperti aksara, sastra, senina, rengkuh, igel, ogé nu liana, kudu numerap dina kahirupan sadidinten,” saur Pa Suryana, S.Pd., salaku Kepala SMAN 8 Kota Bandung.
Patandang ti SMK Pasundan 4 Kota Bandung
Sora ogé wawanohan jeung sabaraha peserta pasanggiri ti SMAN 14 Bandung, Via Ridzna Kartika kelas XI MIA 3 (patandang aksara Sunda) jeung Ardita Putri Andini, kelas XI MIA 4 (patandang maca warta), Héri Permana (patandang maca warta) babarengan jeung tujuh urang patandang ti SMK Pasundan 4 Kota Bandung, kelas X TKJ.
Via & Ardita ti SMAN 14 Kota Bandung
“Ieu kagiatan téh teu kinten saéna kumargi tiasa nuwuhkeun kacintaan kana budaya Sunda, hususna keur para peserta didik,” cék Via bari imut manis.
“Kumargi Ardita mah nembéan ngiringan, teu kinten reueus sareng kacida bagjana, tiasa dilebetkeun kana peserta (patandang), disagédéngeun tiasa dijantenkeun upaya ngagali poténsi diri, ogé teu kinten saéna demi ngamumulé budaya Sunda ulah dugikeun lastari (punah),” kitu cék Ardita mah.
Pa Dédé sareng Anisa (kénca) patandang ti SMA Taruna Bakti Kota Bandung
“Ieu kagiatan pasanggiri kacida positifna sarta mibanda ajén anu luhur. Kantenan jaman ayeuna Basa sareng budaya Sunda kirang-kirangna mah tos ampir kahilap-hilap hususna di kalangan rumaja. Mangpaat kanggé abdi mah tiasa ngembangkeun poténsi diri,” Kitu cék Héri mah.
Salian ti éta aya ogé komentar ti wawakil SMKN 1 Kota Bandung, nya éta Rahma XI-AP-I, nu jadi juara kahiji maca warta istri, Dhea X-AK-II & Iis XI-AP-II, “Acarana ramé, saé. Kanggo sim kuring saparankanca tiasa nuwuhkeun rasa cinta tur reueus kana budaya Sunda. Disagigiireun éta ngaronjatkeun rasa percaya diri. Pokona mah urang salaku nonoman nu aya di Bandung hususna, kedah ngamumulé budaya Sunda.”
Isaack Ruéda, ti Kanada, wawakil ti SMAN 14 Kota Bandung
Nu hélok turta matak kagagas mah aya saurang patandang ti Kanada, Isaack Ruéda, wawakil ti SMAN 14 Kota Bandung. Ieu peserta didik anu keur ngalaksanakeun pertukaran pelajar di Indonésia téh, kacida antusiasna ngiluan pasanggiri nulis aksara Sunda. Isaack Ruéda nerangkeun, cenah pangna resep kana aksara Sunda lantaran kacida unikna. Aksara Sunda Kaganga téh minangka wangun hurup original disagigireun aksara buhun séjénna di saalam dunya. Basa Sora nyoba ngetés, enyaan teu ngawagu. Tapis nuliskeun ngaran manéhna sorangan. Ti mana mimiti ngulikna? Horéng cenah tina internet. Diulik jeung diteuleuman tepi ka hatam.
Teu poho, Sora nepungan salasaurang girang pangajén, Mr. Jun (komédia Sunda), dumuk di wewengkon Cangkuang Cibaduyut, Cangkuang Wétan Dayeuhkolot jeung Drs. H. Elin Samsuri, dumuk di wewengkon Bojongsoang.
Pa Elin Samsuri, salah sahiji girang pangajén ngadongéng
“Reueus pisan, ku matuh diayakeunana pasanggiri di sakola-sakola. Tah ku cara kieu, prak-prakan téori anu aya kalana ukur dipadungdengkeun wungkul. Ieu téh wujud kanyaah maneuhna kasundaan, boh widang basa boh widang sastra. Ku kituna, hayu urang mumulé kasundaan urang, mun teu ku urang nya rék ku saha deui.” Kitu cék Mr. Jun reueus pisan, dipairan ku kasepuhan Drs. H. Elin Samsuri.
Mr. Jun (komédian) girang pangajén borangan
Ieu yeuh Sob daftar juarana téh:
Aksara Sunda: Juara kahiji SMAN 13 Kota Bandung, juara kadua SMAN 13 Kota Bandung, juara katilu SMKN 1 Kota Bandung, juara harapan hiji SMK BPK Penabur Kota Bandung, juara harapan dua SMK Bina Warga Kota Bandung, juara harapan tilu SMAN 4 Kota Bandung.
Borangan (stand up comedy) Pameget: Juara kahiji SMAN 4 Kota Bandung, juara kadua SMA Pasundan 1 Kota Bandung, juara katilu SMKN 3 Kota Bandung, juara harapan hiji SMAN 18 Kota Bandung, juara harapan dua SMKN 9 Kota Bandung, juara harapan tilu SMAN 8 Kota Bandung.
Borangan Istri: Juara kahiji SMAN 23 Kota Bandung, juara kadua SMA PGII 1 Kota Bandung, juara katilu SMKN 9 Kota Bandung, juara harapan hiji SMAN 4 Kota Bandung, juara harapan dua SMKN 6 Kota Bandung, juara harapan tilu SMA Taruna Bakti Kota Bandung.
Maca Warta Pameget: Juara kahiji SMAN 4 Kota Bandung, juara kadua SMAN 22 Kota Bandung, juara katilu SMA PGII 2 Kota Bandung, juara harapan hiji SMAN 23 Kota Bandung, juara harapan dua SMAN 9 Kota Bandung, juara harapan tilu SMKN 9 Kota Bandung.
Maca warta Istri: Juara kahiji SMKN 1 Kota Bandung, juara kadua SMAN 16 Kota Bandung, juara katilu SMKN 3 Kota Bandung, juara harapan hiji SMAN 22 Kota Bandung, juara harapan dua SMK Daarut Tauhid Kota Bandung, juara harapan tilu SMAN 24 Kota Bandung.
Pupuh Pameget: Juara kahiji SMKN 15 Kota Bandung, juara kadua SMAN 8 Kota Bandung, juara katilu SMK Pasundan 4 Kota Bandung, juara harapan hiji SMK Muhammadyah 4 Kota Bandung, juara harapan dua SMAN 16 Kota Bandung, juara harapan tilu SMAN 6 Kota Bandung.
Pupuh Istri: Juara kahiji SMA Pasundan 1 Kota Bandung, juara kadua SMAN 26 Kota Bandung, juara katilu SMAN 6 Kota Bandung, juara harapan hiji SMKN 3 Kota Bandung, juara harapan dua SMK Pasundan 1 Kota Bandung, juara harapan tilu SMKN 3 Kota Bandung.
Dongéng Pameget: Juara kahiji SMK Daarut tauhid Kota Bandung, juara kadua SMKN 8 Kota Bandung, juara katilu SMKN 2 Kota Bandung, juara harapan hiji SMAN 9 Kota Bandung, juara harapan dua SMKN 9 Kota Bandung, juara harapan tilu SMA taruna Bakti Kota Bandung.
Dongéng Istri: Juara kahiji SMKN 9 Kota Bandung, juara kadua SMAN 2 Kota Bandung, juara katilu SMAN 13 Kota Bandung, juara harapan hiji SMAN 17 Kota Bandung, juara harapan dua SMAN 16 Kota Bandung, juara harapan tilu SMK Pasundan 1 Kota Bandung. [MS]***