Drs. Ihin Solihin, M.Ag., Kepala SMAN 7 Kota Bandung
majalahsora.com – Pasantren Kilat Romadhon di SMAN 7 Kota Bandung téh diayakeun dina raraga ngeusi waktu Romadhon bari nungguan pangumuman kanaékan kelas. Nu utamana mah keur nuwuhkeun kayakinan tur ngaronjatkeun ajén inajén ka-Islam-an ka para siswana.
Pa Faqih, Guru PAI SMAN 7 Kota Bandung
Lumangsung salila genep poé, diiluan ku sakabéh siswa kelas X jeung kelasXI, nu muslim. Pikeun kelas X dilaksanakeun ti ping 5 Juni nepi ka 7 Juni 2017. Ari kelas XI mah ti ping 12 Juni nepi ka 14 Juni 2017. Tempatna di Masjid ieu sakola, nya éta Masjid Bahrul Ulum.
Sanlat Romadhon SMAN 7 Kota Bandung taun 1438 H
“Kagiatan pasantren kilat di SMAN 7 téh, kanggo ngeusi sasih Romadhon. Tujuanana dina raraga nuwumuhkeun kayakinan, nilai-nilai kebenaran, kaadilan, kajujuran sareng tanggung jawab. Mudah-mudahan dina sasih Romadhon nu pihuh ku rahmat, magfiroh sareng hidayah téh, kataqwaan siswa SMAN 7 mingkin ngaronjat. Ieu sasih nu istiméwa téh, di eusi ku hal nu saé tur leubeut ku mangpaat, sangkan ngahontal hasil nu istimewa, aamiin,” saur Drs. Ihin Solihin, M.Ag., Kepala SMAN 7 Kota Bandung.
Kaayaan Sanlat SMAN 7 Kota Bandung
Ti pukul 09.00 nepi ka bada Lohor, kagiatanana téh. Materina ngeunaan aqidah, Al-Quran, ibadah, jrrd, nu ditepikeun ku guru PAI ieu sakola. Di sagigireun éta aya rupa-rupa lomba, kayaning lomba adzan, cerdas cermat, nasyid, kultum, rengking satu islami, jsté.
“Unggal dinten, materi nu didugikeunana téh benten-benten. Sapertos dinten kadua ayeuna ngadugikeun materi ngeunaan remaja dan moderénisme sareng ngabentengan remaja tina pergaulan bébas. Dina dinten ieu ogé aya implementasi ngeunaan infaq, sodakoh sareng wakaf. Salah sawiosna wakaf Al Quran, nu gawé bareng sareg lembaga wakaf. Alhamdulillah ieu kagiatan téh dideudeul pisan ku sakola, pangpangna Pa Ihin, salaku Kepala SMAN 7 Bandung,” saur Pa Ahmad Faqih, guru PAI SMAN 7 téh.
Harita (Salasa 6/6/2017), kabandungan ku Majalah Sora, pamilon pasantren kilatna téh keur ngantri rék sidkoh, wakaf Al-Quran. Eta hal kasabit téh teu aya paksaan sama sakali, jadi lajuning laku tina materi pasantrén kilat nu geus ditepikeun ku guruna. Lamun geus ka kumpul, aengkéna baris dibelikeun Al Quran, laju diwakafkeun ku lembaga wakaf.
Majalah Sora gé harita hasil ngawawancara dua urang siswa nya éta Desita ti kelas X-IPS-1, cék Desita, kagiatan pasantrén kilat nu diayakeun di sakolana téh réa mangpaatna. Pangpangnan jadi nambah kanyaho, hususna ngeunaan bagbagan agama. Salian ti éta keur ngeusi bulan Romadhon ku hal nu positif.
Panitia Sanlat Romadhon 1438 H
Hiji deui mah Muhammad kelas XI, salah saurang panitia kagiatan pasantrén Romadhon 1438 H, “Alhamdulillah ku ieu kagiatan sim kuring janten aya kasibukan. Daripada di bumi mending sibuk ku hal nu positif sakalian kénging pahala. Sataun kapengker abdi janten peserta, ayeuna mah janten panitia. Janten nambihan pangalaman,” pokna.
Ku kagiatan pasantrén kilat Romadhon di SMAN 7 Kota Bandung, sakola miharep para siswana boga ahlaq nu hadé, berpréstasi, berbudaya Islami sarta jadi muslim nu sajati. [MS]***