Doddy Sularto, S.Pd., M.M., Kepala SMAN 1 Kota Cimahi nu kungsi mingpin SMAN 4 Kota Cimahi tur ngawulang di SMAN 6 Kota Cimahi
majalahsora.com, Kota Cimahi – SMAN 1 Kota Cimahi, mangrupa salah sahiji sakola favorit di Cimahi, pernahna di puser kota, écésna di Jalan Pacinan No.22 A, Kelurahan Cimahi, Kecamatan Cimahi Tengah. Basa majalahsora.com ngadongdon ka ieu sakola, dibagéakeun ku Dadang Mulyadi, S.Pd., M.Pd. Anjeunna wakasek sarana manten. Laju ngobrol ngeunaan kamajuan sakola nu kiwari dipingpin ku Doddy Sularto, S.Pd., M.M.
Cék Dadang, nepi ka ayeuna karasa pisan kamajuan sakola téh, di antarana dina pangwangunan pisik sakola. Sacara ukuran mah lega lahan SMAN 1 Cimahi téh teu pati lega, ukur 3000 m2. Matak rada bangga ngamekarkeun wangunan ka gigir mah. Ku sabab kitu pangwagunanana téh condong ka luhur.
Nepi ka ayeuna, sakolana geus diwangun nepi ka tilu lantéy. Tata letak rohanganana ditata kalayan apik. Di lantéy hiji aya kantor kepala sekolah, rohang wakasek, guru, tata usaha, kelas, lapang upacara sakalian lapang olah raga, toilet guru, toilet siswa. Laju di lantéy dua aya, masjid, laboratorium kimia ngahiji jeung laboratorium biologi, laboratorium bahasa, uks jeung kelas nu di unggal kelasna geus maké infokus. Di lantéy nu pangluhurna salian ti kelas ogé aya laboratorium komputer.
Nu panganyarna sakola kakara réngsé ngawangun podium lapang upacara. Henteu ukur samet dinya pangwangunanana téh, dihanca deui. Ayeuna disaban kelasna keur dipasang ekshouse fan, nya éta kipas nu pungsina keur galuarkeun hawa panas tur nyedot hawa seger, sangkan kaayaan rohangan kelas teu hareudang. Ku kituna dipiharep mangsa siswa diajar dijero kelas téh, tumaninah. Rencanana ekshaouse fanna di pasang di 33 rohang kelas. Di sagigireun éta sakola gé keur ngarenovasi tur ngalegaan rohang guruna tur ngawangun rohang pramuka.
Kuriak dina raraga ngalegaan rohang guru
Rencana kahareupna, SMAN 1 Kota Cimahi baris ngawangun aula, da nepi ka kiwari can ngabogaan éta fasilitas. Katambah rék ngalegaan masjid nu aya di lantéy dua.
“Alhamdulillah kamajengan SMAN 1 Kota Cimahi tambih karaos. Salian ti pangwangunan pisik sakola gé teras ngumplitan fasilitasna, kayaning ngumplitan unit komputer dugi ka aya 125 unit,” cék Dadang di rohang tamu SMAN 1 Kota Cimahi téh.
Ku tarékah nu sakitu luhungna, pihak sakola miharep pelayan prima ka warga sakola beuki karasa. Kacatet jumlah siswana ayeuna aya 1138 urang, ngaweng kelas X aya 327 siswa, kelas XI aya 412 siswa sarta kelas XII aya 399 siswa. Jurusanana ukur IPA jeung IPS. Lamun jumlah guruna mah aya 65 urang nu 54 urangna mah geus PNS sésana mah masih honorér.
Poto Kaayaan SMAN 1 Cimahi