Nyokona kana rajah pantun. Unggal mantun salasahiji katangtuanana téh kudu dimimitian jeung dipungkas ku rajah. Rajah pamuka jeung rajah pamunah. Maksudna amit-amit, ménta idin supaya ulah kalalanjoan, supaya panceg dina galur natrat dina papayan carita. Bisina terus narutus, palias narajang alas. Palias téh kecap pikeun nyingkahan balai atawa anu bakal matak jadi goréng.
Dina prakna mantun, juru pantun téh geus biasa ati-ati, tara sambarangan. Salian ti rajah kudu aya sasajén deuih anu rupaning naon-naonna geus ditangtukeun, sarta teu bisa dirempak. Nu jadi sababna, lantaran mantun dianggap pagawéan sakral. Ku ayeuna mah meureun kana bakal dijebéngan, pilakadar nanggap pantun mani nepi ka dianggap sakral. Padahal pamakéna harita mah mémang kitu.
Patalina jeung alam, jeung lingkungan. Manusa Sunda harita kandel kénéh rasa jeung kapercayaanana yén hirup sapopoé téh teu bisa misah atawa leupas ti alam sabudeureunana. Sagala rupa kudu tarapti, ati-ati. Aya pamakéna atawa aya pameulina. Nyiuk béas tina padaringan upamana, teu meunang bari nonggéng atawa nangtung, kudu tapak deku.
Ayeuna mah geus ka mana boa adat kabiasaan kitu téh. Padahal lamun ditilik kana mangpaatna, kabiasaan saperti kitu téh asa teu mubah-mubah teuing. Sedeng pajamanan kiwari, sagala rupa takeranana téh nya kudu rasional. Kudu kaharti ku akal. Naha bener akal teu bisa ngabobodo, atawa teu bisa dipaké ngabobodo?
Aya carita anu didadarkeun deui ku Yuval Noah Harari. Caritana waktu bangsa Spanyol datang ka Peru di Amérika Selatan. Penduduk Peru harita, bangsa Inca, kagét, reuwas jeung héran kadatangan mahluk anu sagala rupana béda. Kulitna bulé, awakna jangkung gedé, bau jeung ngomongna teu kaharti deuih. Ceuk sangkaan urang Peru harita anu mikirna basajan kénéh, boa-boa ieu utusan déwa téh lantaran sagala rupana teu sarua jeung maranéhna. Lantaran dianggap utusan déwa téa, sagala kahayangna digugu. Balukarna geus jadi bagéan tina sajarah. Bangsa Inca anu budayana geus maju ancur lebur tutumpuran lantaran nganggap urusan déwa ka bangsa Spanyol anu ahirna jadi penjajah.
Sigana teu jauh bédana jeung waktu bangsa Walanda balabuh di Sundakalapa. Ménta milu cicing digugu. Hayang nyieun bénténg diidinan. Tungtungna jleg waé VOC, Kumpeni téa. Maranéhna anu ngatur jeung kumawasa téh. Ampir dua abad lilana ngabisniskeun rupaning hasil bumi nu aya di urang, didagangkeun nepi ka Éropah. Maranéhna bisa beunghar, samentara bangsa urangna mah angger wé sangsara. Sesebutan kumpeni anu populér nepi ka kiwari nuduhkeun kumaha raheutna batin bangsa urang harita.
Naha ku kitu téh bangsa urang jadi leuwih ati-ati? Lantaran kungsi ngalaman pajamanan nu sakitu peuheurna, naha urang jadi bangsa anu henteu gampang percayaan? Asana mah henteu. Harita urang kungsi neundeun kapercayaan ka Uni Soviét jeung RRC anu komunis. Akibatna bangsa urang silih tumpes jeung dulurna sorangan. Babasan anjing Péking téh dina taun-taun 1960-an ka tompérnakeun mah mindeng disebut-sebut.
Pangalaman bangsa Peru anu percaya teuing ka bangsa Spanyol, nyangka wawakil déwa padahal niatna gé ngajajah, napak kénéh nepi ka kiwari. Sangkilang bangsa Spanyolna sorangan kiwari mah geus teu sakawasa harita, tapi bangsa Peruna angger wé seuseut-seuat kana maju.
Bangsa urang ayeuna cenah geus maju. Ku saréréa diaku. Jauh leuwih maju batan jaman aya kénéh Kumpeni harita. Tapi naha bener henteu narajang alas sakumaha anu diwawadian ku juru pantun harita? Lah, pantunna ogé geus ka mana boa. Sanajan kitu ari nepi ka narajang alas mah angger kudu dipahing.
Kumaha mahingna? Kumaha megatanana? Salasahijina, ulah percayaan teuing ka bangsa deungeun sanajan pokna méré bantuan. Jaman harita kungsi populér nu ngaranna USAID. Maksudna mah bantuan ti Amérika Serikat anu rupa-rupa prakprakanana. Tapi tungtungna katohyan, lain bener-bener mantuan. Di antarana anu digarawé di dinya téh cenah agén intelején, CIA téa. Tujuanana tangtu wé lain bener-bener hayang mantuan. Ceuk basa ayeuna mah, loba pangarahanana.
Naha ngan bangsa Amérika wungkul anu kitu téh? Naha rupaning bantuan nu katarima ku urang ayeuna euweuh pangarahanana? Ceuk Bung Karno harita, leungitna kolonialismeu téh bakal ganti baju jadi penjajahan ékonomi, cenah.***