Dr. H. Iwa Karniwa, Sekda Prop. Jabar (poto ti Jabar.go.id)
majalahsora.com – Pamaréntah Daérah Propinsi Jawa Barat, mastikeun yén gaji ka-14 (THR) ASN (Aparatur Sipil Negara) sarta non ASN nu aya di jeroning lingkungan Pemda Prop. Jabar geus aman sarta geus dianggarkeun dina APBD taun 2017. Pagawé ASN jeung non ASN baris meunang gaji tambahan, dina raraga Hari Besar Keagamaan.
Sekrétaris Déarah Popinsi Jawa Barat, Bapa Iwa Karniwa ngécéskeun, Pemprop. Jabar dina hal kasabit ngalokasikeun waragad nu gedéna Rp. 108 miliar. Jumlahna ngajaul leuwih ti 100% tina anggaran gaji ka-14, taun ka tukang, méméh alih kelola SMA jeung SMK ka propinsi.
“Pamaréntah mastikeun yén gaji ka-14 taun ayeuna aman, parantos dianggarkeun di APBD taun 2017, luyu sareng arahan ti Kemendagri. Mung kanggo pencairanana, kedah ngantosan papayung hukumna ngeunaan PP gaji ka-14,” saur Pa Iwa Karniwa téh.
Anjeunna ngécéskeun yén medal PP-na téh, biasana dina minggu kadua bulan puasa.
“Prinsipna mah gaji ka-14 téh aman, engké prosés pencairanana ditransfer ngalangkungan rekening masing-masing atanapi lebet heula ka rekening sakolana,” pokna deui.
Pa Iwa, nétélakeun kapastian angka gaji ka-14 kasabit téh, satutas pihakna kordinasi reujeung Badan Pengelolaan Keuangan dan Aset Daerah (BPKAD) tur Bappeda Jabar. [Pun-Humas Prop. Jabar-MS]***





