• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Serba Serbi

Pabaru Cina

Ku: Abdullah Mustappa

Redaksi by Redaksi
17/02/2021 11:23 PM
in new
0 0
0
Basa Indung Teu Boga Indung

H. Abdullah Mustappa, Tokoh Sunda, Wartawan Senior, Budayawan, Sastrawan

338
SHARES
2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Di urang mah mémang disebutna kitu. Maksudna mah taun baru cina atawa imlék téa. Salian ti sesebutan pabaru cina kalan-kalan aya ogé nu sok nyarebut pabaru walanda, nyaéta taun baru Maséhi. Tapi ari kana taun baru Hijriyah mah asa tara aya anu nyebut pabaru islam.

Cenah, geus perbawana kitu, dina usum pabaru cina mah sok ngecrek hujan. Lamun ayeuna hujan nepi ka banjir di mana-mana ogé sigana patalina jeung imlék téa. Ari ceuk kapercayaan urang Cinana sorangan, lamun dina imlék hujan ngecrek téh bakal loba rejeki cenah.
Sigana mah kapercayaan kitu téh aya patalina jeung tatanén. Awal taun baru imlék téh patalina jeung usum pepelakan lantaran bangsa Cina jaman harita hirupna gumantung kana tatanén. Tacan usum industri saperti Cina ayeuna.

Sajarah pabaru cina téh geus kacida lilana. Ceuk sakaol mah awalna téh ti mimiti taun 2697 saméméh Maséhi. Diitungna tina taksiran kalahiran Huang Di atawa Kaisar Kuning. Kangaranan tradisi atawa kabiasaan anu geus sakitu heubeulna, munasabah lamun pakuat-pakait jeung mitos atawa mistik téh. Ceuk hiji kaol, kacaturkeun aya déwa atawa buta nu ngaranna Nian. Ceuk hiji carita matuhna téh di awang-awang. Ceuk carita séjénna cicingna di dasar lautan.

Nian téh boga kabiasaan anu ngaruksak ka manusa. Unggal rék usum tatanén manéhna sok amuk-amukan, sagala rupa dihakan kaasup hasil tatanén. Pikeun nyinglarna cenah unggal jelema kudu masang sasajén anu diteundeun di hareupeun lawang panto. Eusina bubuahan jeung kadaharan séjénna. Ku ngadahar sasajén mah cenah éta buta téh kaburu seubeuh, teu tulus ngaruksak hasil tatanén téh. Kabiasaan masang sasajén pikeun urang Cina mah lumangsung nepi ka ayeuna.

Sistim kalénder Cina kawilang rudet. Unggal taun aya ngaranna, patalina jeung shio sasatoan anu nuturkeun Budha ka nirwana. Aya 12 cenah sasatoan anu ngiringkeunana téh, nyaéta beurit, munding, macan, kelenci, naga, oray, kuda, domba, monyét, hayam, anjing jeung babi. Mun sok disebut taun kuda atawa taun monyét téh ti dinya cikal bakalna.
Tapi teu cukup ku kitu. Ceuk kapercayaan cina kénéh aya lima élemén anu mangaruhan pasipatan dunya jeung manusa téh, nyaéta kai, seuneu, taneuh, logam jeung cai. Tah, pasipatan éta élemén anu 5 téh dicantélkeun kana shio sasatoan téa. Nu matak aya taun naga kai jeung sajabana. Boga watek masing-masing cenah. Taun ayeuna kaasup taun munding kai.

Tradisi cina kacida kuatna, sigana téh teu robah ku perbawana jaman. Dina mitologi cina, di antarana nu patalina jeung imlék téa, kapercayaanana téh sok dipakaitkeun jeung kapercayaan ayana déwa-déwa. Ceuk saliwat, lantaran idéolgi di Cina daratan ayeuna mah geus komunis, meureun moal percaya kana ayana déwa-déwa. Nyatana mah teu kitu. Di Béijing upamana sakalina méstakeun imlék téh aya kalana sok dipasang gambar déwa anu gedéna kabina-bina.

Salasahiji tradisi dina imlék téh nyaéta ngariung sakulawarga. Aya kawajiban ngariung di imah kulawarga anu pangkolotna. Salian ti dahar bareng, bari sambéang deuih. Di imah kulawarga anu dipikolot ku saréréa téh biasana sok aya lingwéi, papan kai anu ditulisan ngaran karuhunna. Sambéang sakulawarga téh nyanghareup kana éta lingwéi.

Salian ti dahar ngariung jeung sambéang, aya nyeungeut kembang api deuih. Lebah nu ieu ayeuna mah diturutan ku saréréa. Unggal pabaru walanda di mana-mana sok pahébat-hébat nyeungeut kembang api. Kaasup di urang.

Aya deui tradisi anu sok ditungguan, babakuna ku anu ngarora, nyaéta tradisi ngabagikeun angpao. Amplop anu dieusian duit. Amplopna kudu beureum, lantaran cék sakaol buta Nian téh sieuneun ku warna beureum. Bari sakalian ngucapkeun gong xi fa cai, muga salamet jeung loba rejeki cenah.

Salasahiji mahaguru anu jadi anutan urang Cina téh nyaéta Konghucu, atawa Confucius. Malah nepi ka sok disarebut agama Konghucu sagala. Loba piwejangna Konghucu téh, anu terus diparuhit nepi ka ayeuna. Salasahiji piwejangna, pigawé heula, lamun geus kanyahoan hasilna kakara nyarita.***

Tags: #Abdullah Mustappa#Artikel Basa Sunda#Basa Sunda
Redaksi

Redaksi

Related Posts

Basa Indung Teu Boga Indung
Serba Serbi

Ngaji

by Redaksi
03/03/2021 7:17 AM
Di Bawah Kepemimpinan Asep SMAN 1 Padalarang Ditata Semakin “Geulis”
Sora Sakola

Di Bawah Kepemimpinan Asep SMAN 1 Padalarang Ditata Semakin “Geulis”

by Redaksi
03/03/2021 6:32 AM
Satu Tahun COVID-19, Donasi Masih Terus Mengalir
Pemerintahan

Satu Tahun COVID-19, Donasi Masih Terus Mengalir

by Redaksi
02/03/2021 9:52 PM
Universitas Widyatama Kampus Ternama Di Jabar Raih Penghargaan Dari Pemkot Bandung
Sora Sakola

Universitas Widyatama Kampus Ternama Di Jabar Raih Penghargaan Dari Pemkot Bandung

by Redaksi
02/03/2021 1:30 PM
Disperkim Jabar Ubah Sampah Jadi Berkah
Pemerintahan

Disperkim Jabar Ubah Sampah Jadi Berkah

by Redaksi
28/02/2021 9:08 PM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Ngaji
  • Di Bawah Kepemimpinan Asep SMAN 1 Padalarang Ditata Semakin “Geulis”
  • Satu Tahun COVID-19, Donasi Masih Terus Mengalir
  • Universitas Widyatama Kampus Ternama Di Jabar Raih Penghargaan Dari Pemkot Bandung
  • Disperkim Jabar Ubah Sampah Jadi Berkah
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In
Di urang mah mémang disebutna kitu. Maksudna mah taun baru cina atawa imlék téa. Salian ti sesebutan pabaru cina kalan-kalan aya ogé nu sok nyarebut pabaru walanda, nyaéta taun baru Maséhi. Tapi ari kana taun baru Hijriyah mah asa tara aya anu nyebut pabaru islam. Cenah, geus perbawana kitu, dina usum pabaru cina mah sok [...]