Pa Muharam Saripudin S.Pd., Kepala Sekolah SMPN 25 Kota Bandung
majalahsora.com – Sobat Sora urang wawanohan yu sareng Kepala Sekolah anyar, nu mingpin SMPN 25 Kota Bandung ayeuna. Tos disabit-sabit dina judul jenengan lengkepna mah, nya éta Pa Muharam Saripudin, S.Pd. Nénéhna mah Pa Muharam, lahir di Bandung ping 3 Méi 1967.
Pa Muharam nikah ka Ibu Wiwi Mulyani, kagungan putra tilu. Mangsa SD, Kepala Sekolah nu di kacasoca téh, sakola di SDN Cipaganti Kota Bandung lulus taun 1980. Ti dinya neruskeun ka SMP Muslimin Kota Bandung, lulus taun 1984. Laju neruskeun ka SMAN 2 Kota Bandung, lulus taun 1987.
Mangsa kuliahna di IKIP (Institut Keguruan & Ilmu Pendidikan), ayeuna mah UPI (Universitas Pendidikan Indonésia). Nyoko jurusan Bahasa & Sastra Indonésia, lulus S-1-na taun 1994.
Sabada lulus kuliah, Pa Muharam ngawulang basa Indonésia. Ngawitan diangkat janten PNS-na basa taun 1997, nuju anjeunna janten guru di SMPN Pohaci/Teluk Jambé 2 Karawang. Kurang leuwih tilu taun ngawulang di éta sakolana téh. Di éta sakola kungsi janten staf kurikulum.
Laju basa taun 2000 ngalih tugas ka Bandung, écésna mah jadi guru basa Indonésia SMPN 32 Kota Bandung. Di sakola nu aya dilelewek Pasar Ciroyom, Jalan Arjuna No. 29. Harita Pa Muharam gé ngarangkep jadi Wakasek Kesiswaan.
Kira-kira tujuh taun tugas di SMPN 32 Kota Bandungna téh. Basa taun 2007 ngalih deui, jadi guru basa Indonésia SMPN 5 Kota Bandung, nu aya di Jalan Sumatera No. 40. Di ieu sakola anjeunna kungsi janten Wakasék Kurikulum.
Aya sababaraha préstasi nu geus kahontal ku Pa Muharam, salami anjeunna jadi guru téh. Basa taun 2002, kungsi janten Instruktur Nasional IMTAQ. Laju taun 2016 kaliwat, anjeunna kapilih deui janten Instruktur Nasional, nya éta instruktur Kurtilas.
Ari nilik kana préstasi jeung panglamanana mah, meujeuh lamun Pa Muharam téh kapeto jadi Kepala Sekolah. Ping 23 Maret 2017, anjeunna dilantik ku Walikota Bandung, Bapa Ridwan Kamil sangkan jadi Kepala SMPN 25 Kota Bandung. Acarana lumangsung di Lapangan Pemkot Bandung.
“Alhamdulillah, Bapa kapeto janten Kepala SMPN 25 Kota Bandung. Basa dongkap ka SMPN 25, Bapa dibagéakeun pisan ku warga sakolana. Seja nganuhunkeun ka Pa Jajang Hérnawan, Kepala SMPN 25 sateuacanna nu ayeuna ngalih tugas ka SMPN 13 kota Bandung. Kitu ogé ka Bapa Ibu guru, tata usaha, karyawan, sareng siswa-siswi SMPN 25 Kota Bandung,” saur Pa Muharam.
Pa Muharam kacida reueusna basa ningal kaayaan fisik SMPN 25 Kota Bandung. Ma’lum wé kaayaan di SMPN 25 mah kaasup nu bararesih. Sanajan sakolana teu gedé tapi kaasup nu modéren minimalis. Lingkunganana gé asri jeung réa préstasina, ari di bidang lingkungan mah geus jadi sakola Adiwiyata. Pembiasaan siswa di sakola gé kalebet nu lebeut, ti poé Senén nepi ka Jumaah, di wewegan ku rupa-rupa kagiatan maca Al Quran, Asmaul Husna, Literasi, jrrd.
“Salami di SMPN 25 Kota Bandung, sim kuring hoyong, ngawangun komitén warga sakolana, mageuhan tali silaturahmina sareng solidaritasna. Sakola gé siap ngadukung program-program pamaréntah. Kapayunna hoyong ningkatkeun widang akademis sareng non akademisna,” saur Kepala Sekolah nu resep badminton sareng maca téh.
Sanajan kakara clé mancen tugas jadi Kepala SMPN 25 Kota Bandung, Pa Muharam boga cita-cita nu luhung kaasup nu disebutkeun méméhna. Di sagigireun éta dina dangka waktu nu deukeut hayang ngumplitan pakakas nu aya di laboratorium, kayaning laboratorium IPA, Fisika, komputer, jsté. Anjeunna miharep SMPN 25 Kota Bandung téh “Ceria & Is The Best”. [MS]***