• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Serba Serbi

Pa Maryana, S.Pd. Kepala TU SMPN 39 Kota Bandung Nu Soméah

majalah by majalah
04/02/2017 4:55 PM
in Serba Serbi
0 0
0
371
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Pa Maryana Kepala TU SMPN 39 Kota Bandung sareng rekan kerja-Majalah Sunda soraPa Maryana, S.Pd (kénca), Kepala TU SMPN 39 Kota Bandung, Pa Tahya sareng Bu Dewi

majalahsora.com – Sobat Sora, urang wawanohan yu! Sareng Pa Maryana, Kepala Tata Usaha SMPN 39 Kota Bandung, nu mancén tugas ti taun 2015 nepi ka ayeuna. Anjeunna kalebet pribadi nu basajan, béréhan, beresih haté tur soméah. Lamun Majalah Sora nganjang téh, tara disaha-saha, sok jadi batur diskusi. Kituna téh ti mangsa anjeunna dines di SMPN 36 Kota Bandung tur lain ka Majalah Sora baé. Tah lamun Sobat Sora hoyong apal carita singket anjeunna aos nepi ka tamat nya!

Pa Maryana lahir di Garut 1 Pebruari 1960. Bu Yaya Sarinah jenengan garwana téh. Kagungan putra tilu nya éta Yana Cahya Kusumah, S.Kom., Siva Oktavia Ningrum, S.E., sarta nu bungsu Rizki Pratama Ramadhan.

Mangsa sakola dasar, Pa Maryana sakola di SDN Siliwangi 2 Kota Garut, lulus taun 1972. Ti dinya laju neruskeun ka SMP Yos Sudarso Garut, réngsé taun 1975. Sabada lulus SMP, anjeunna reureuh heula.

Heuleut sababaraha taun, écésna taun 1979 Pa Maryana damel di PT. Bintang Agung, salah sahiji pabrik nu aya di lelewek Gedébagé, Kota Bandung. Kurang leuwih salila lima taun damel di éta tempatna téh. Selang dua taun Pa Maryana ngalih damel, katampi jadi petugas tata usaha di SMPN 36 Kota Bandung.

Alatan can  lulus SMA, anjeunna ngiluan ujian persamaan SMA, basa taun 1989. Ari gelar sarjanana mah diraéh basa taun 2008, ti Uninus jurusan matematika.

Kurang leuwih 26 taun Pa Maryana damel di SMPN 36 Kota Bandung-na téh. Lamun nilik kana waktu mah lain waktu nu sakeudeung. Lumayan lila nya Sobat Sora! Karir anjeunna di éta sakola gé beuki ngajaul, basa taun 2012  diangkat janten Kepala TU SMPN 36, dugi ka taun 2015.

Mangsa jadi Kepala Tata Usaha, Pa Maryana, lain tipe jalma nu tukang utah étah, tapi méré conto langsung. Tara bauan deuih anjeunna mah. Mangsa anak buah/rekan kerjana keur riweuh atawa aya hahalang, anjeunna sok terus ngahandle pagawéanana. Prinsip anjeunna mah kudu nyaman mun gawé di mana baé téh.

Basa ku Majalah Sora dikolongan saha tokoh inspiratif sareng motto hidupna, anjeunna ngawaler BJ Habibie, Presiden Republik Indonésia nu ka tilu, ari mottona mah hirup mah kudu manfaat keur batur utamana diri urang sorangan. [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Longser Bandung Kabayan Ngalalana Rosyid E Abby
Serba Serbi

Rosyid E. Abby dan LOBA Pentaskan Longser “Kabayan Ngalalana” di Rumentangsiang 

by majalah
16/09/2025 8:26 PM
Panji Fortuna Hadisoemarto Epidemiolog Unpad Ingatkan Bahaya Penyebaran COVID-19 Di Pusat Niaga

Panji Fortuna Hadisoemarto Epidemiolog Unpad Ingatkan Bahaya Penyebaran COVID-19 Di Pusat Niaga

by majalah
18/05/2020 5:08 PM
Marhaban Ya Ramadhan

Marhaban Ya Ramadhan

by majalah
24/04/2020 10:01 PM
Mensejahterakan Guru Honorer Jangan Setengah-setengah & BOS Jangan Telat Disalurkan
Serba Serbi

Mensejahterakan Guru Honorer Jangan Setengah-setengah & BOS Jangan Telat Disalurkan

by majalah
11/05/2019 3:07 PM
Ridwan Kamil Titip Pada Kepsek  & Guru Kota Bandung Sekolah Jadi Tempat Nyaman Bagi Siswa
Serba Serbi

Ridwan Kamil Mengusulkan Rumah Sakit Pendidikan Unpad di Jatinangor

by majalah
10/05/2019 8:52 PM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Jelang Laga El Clasico Persib vs Persija, Wagub Jabar Imbau Bobotoh Gelar Nobar Demi Keamanan & Kebersamaan
  • Siswa Kelas XII dan Alumni yang Ingin Diterima di PTN Wajib Ikuti SNBT Class 2026 dari SINCOSTAN Academy Ayo Daftar Jangan Telat
  • Telkom University Perkuat Kewirausahaan Digital PMI Taiwan, Tekankan Ekonomi Kreatif Berbasis Teknologi dan AI
  • Telkom University Dorong Daya Saing Industri FMCG Malaysia Melaui Penguatan SDM dan Pemasaran Digital
  • Program Abdimas Internasional Telkom University Dorong Kesiapan Reintegrasi dan Persiapan Pulang PMI di Taiwan
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In