• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Pa H. Aa Sudaya, M.Pd., Pamingpin nu Visioner Kepala SMAN 1 Balééndah Kabupatén Bandung manten Nu ayeuna Mingpin SMAN 1 Margahayu Kabupatén Bandung

Redaksi by Redaksi
04/10/2016 11:43 AM
in Sora Sakola
0 0
0
Pa H. Aa Sudaya, M.Pd., Pamingpin nu Visioner Kepala SMAN 1 Balééndah Kabupatén Bandung manten Nu ayeuna Mingpin SMAN 1 Margahayu Kabupatén Bandung
351
SHARES
2.1k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Drs. Aa Sudaya, M.Pd. Majaalah SoraDrs. H. Aa Sudaya, M.Pd., Kepala SMAN 1 Balééndah manten

Balééndah – Sobat Sora, dina tulisan ayeuna Majalah Sora ngaguar ngeunaan H. Aa Sudaya, M.Pd, Kepala SMAN 1 Balééndah nu awal Oktober 2016 ngalih tugas ka SMAN 1 Margahayu Kabupatén Bandung. Geus leuwih ti tujuh taun Pa Aa mingpin SMAN 1 Balééndah Kabupatén Bandung téh. Ku kituna geus loba jasa jeung tapakna.

Anjeunna kaasup Kepala Sekolah nu loba turuteunana, utamana dina hal kadisiplinan absensi, méméh guru datang ka sakola ajeunna mah geus miheulaan hadir, malah lamun waktuna mulang remen balik pang pandeurina. Salaku muslim anjeunna gé, kaasup nu taat ibadah, nyontoan sholat berjamaah di masjid.

sman 1 be 3SMAN 1 Balééndah

Salila Pa Aa mingpin SMAN 1 Balééndah, aya sababaraha aspék nu jadi cepengan anjeunna sangkan SMAN 1 Balééndah bisa basaing jeung sakola séjén boh di tingkat kabupatén, propinsi boh di tingkat nasional. Contona dina pangwangunan fisik, fasilitas sakola, ahlaq siswa-siswina, karakter, jrrd.

Dina pangwanguna pisik sakola, SMAN 1 Balééndah ayeuna mah geus 100 peresen diloténgkeun. Salian ti éta pangwanguan toilet siswa jeung guru gé geus terpenuhi. Laju nyieun resapan air sarta nyieun panampungan cai lamun keur hujan. Méméh aya penampungan, caina sering asup ka jero kelas. Pangwangunan lianna nya éta ngawangun rohang ekstrakurikuler, sarta nyieun galeri seni. Hancaeunana ayeuna mah keur ngaréngsékeun pangwangunan masjid anyar jeung kantin sakola.

sman 1 be 1Kaayaan sakola

“Alhamdulillah salami dipingpin ku Pa H. Aa seueur parobihanana. Anjeunna  Kepala Sekolah nu visioner, seueur turuteunana. Disiplinna luar biasa, ucapan sareng prakprakanana tara tojaiyah. Matak kedah dicontoan ku guru, karyawan kalebet siswana. Ampir sadaya programna bajalan. Kamekaran SMAN 1 Balééndah mangsa dipingpin ku Pa H. Aa karaos pisan,” saur pa Egi Waka. Humas SMAN 1 Balééndah.

Keur ngaronjatkeun ahlaq sarta karakter siswana, ku Pa Aa diprogramkeun sangkan siswa SMAN 1 Balééndah méméh lulus kudu apal Qur’an juz 30. Keur sakola umum mah éta téh lain hal nu gampang. Teknikna mah dikelas sapuluh siswana kudu apal surah An naba, surat pangpanjangna di juz 30. Dina saminggu tilu kali ngapalkeunana téh, ti pukul 06.30 nepi ka pukul 07.00. Dikelas sabelas jeung duabelas mah ngapalkeunana saminggu sakali. Di kelas sabelas ngapalkeun suratna masih paranjang, kakara di kelas duabelas surat-surat nu parondok.

sman 1 be 2Kaayaan sakola

Préstasi siswa jeung guru di SMAN 1 Balééndah mangsa kapmingpinan Pa Aa gé kacida leubeutna. Salah sahiji siswa berpréstasina téh Sandi nu jadi juara karate, tingkat kabupatén, propinsi jeung nasional. Sandi nu geus jadi alumni, dina PON XIX Jabar 2016 hasil ngahontal medali emas. Tah guruna mah aya Bu Endah nu kungsi nyiar élmu ka Australia, anjeunna kungsi jadi juara lomba olimpiade guru tingkat Kabupatén Bandung. Salian Bu Endah ogé aya Pa Arif juara olimpiade guru olahraga tingkat propinsi.  

Disagigireun éta, Pa Aa gé hasil ngaping guruna pikeun diseleksi jadi kepala sekolah jeung pengawas, nya éta aya Pa Opang nu janten Kepala SMAN 1 Bojongsoang, Bu Reni Kepala SMAN 1 Bumiasri nu ayeuna mingpin SMAN 1  Dayeuhkolot, tur Pa Edi nu jadi pengawas di Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kabupatén Bandung.

Keur ngaronjatkeun anjén kaislaman sarta nasionalismeu warga sakolana, ku Pa Aa harita sok ngalaksanakeun miéling hari besar Islam jeung nasional. Kayaning miéling Idul Qurban, di sakola maneuh sok aya kagiatan meuncit sato qurban, Septémber kamari meuncit 37 domba, sa-kelas hiji. Ti proses meuncit, nyerit, nimbang, jeung ngabagikeun ka warga dilakonan ku para siswana, ngahaja ambéh apal. Kitu ogé jeung peringatan hari besar nasional, sok direuah-reuah di sakola, saperti miéling Agustusan, di sakola aya kagiatan upacara sarta kagiatan nu gebyar.

upacara hardiknas di sman 1 beUpacara Hardiknas taun 2016 di SMAN1 Balééndah. Diluuhan ku Bapa Dadang Naser Bupati Kab. Bandung

“Jiwa nasionalismeu Pa Aa mah kacida ageungna. Contona unggal dinten Senén pami teu aya pamengan sok hadir upacara bendéra. Komo upacara miéling HUT RI. Nu reueus mah dina Hari Pendidikan Nasional Méi kapengker janten tempat upacara sa-Kabupatén Bandung, Pa Dadang Nasér, Bupati Kabupatén Bandung  nu janten pembina upacarana, éta téh hal nu nembéan di Kabupatén Bandung,” saur Pa Egi, dibarung ku reueus.

Salian ti hal diluhur, ku Pa Aa gé diipuk jiwa sosial siswa SMAN 1 Balééndah, nya éta ku cara paduli ka sasama utamana nu keur kamusibahan. Contona sababaraha waktu kaliwat mangsa musibah di Garut siswa SMAN 1 Balééndah teu tinggaleun méré bantuan. Malah babarengan jeung sakola séjénna di Kabupatén Bandung, saperti siswa ti SMAN 1 Soréang, Banjaran, jrrd, harita kakumpul sumbangan mangrupa dahareun, baju lungsuran sarta duit nu réana Rp 27 juta. Sakabéh hal nu ditulis diluhur tangtu keur kamekaran tur tujuan nu positif.

pa egi, bu endah & pa dedi ti sman 1 bePa Egi, Bu Endah sareng Pa Dedi guru SMAN 1 Balééndah Kota Bandung

“Ku ngalih tugasna Pa A aka SMAN 1 Margahayu, bapa sareng warga SMAN 1 Balééndah rumaos kehilangan. Mugia tapak lacak Pa Aa salami mingpin SMAN 1 Balééndah tiasa dipertahankeun, malah dimekarkeun utamina diturutan. Pokona mah wilujeng ka Pa Aa, nuhun kana sagala kasaéanana,” saur Pa Egi, mungkas obrolan. [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Making Bed Competition OTC Bali YPKP 2025 Buka Jalan Karier Siswa SMK sederajat Menuju Industri Hospitality Internasional, Ini Daftar Juaranya
  • BBPMP Jabar Gelar Rapat Koordinasi Program Prioritas Kemendikdasmen dengan Pemda dan Disdik se-Jawa Barat
  • OTC Bali YPKP Gelar Making Bed Competition ke-2 antar SMK, Tanamkan Budaya Kerja Profesional dan Standar Internasional
  • Tanpa Tenda Biru Penuh Kesederhanaan dan Makna, SMKN 8 Bandung Gelar Pelepasan Siswa Sesuai Arahan Dedi Mulyadi
  • Penguasaan Public Speaking Jadi Bekal Calon Tutor Asrama ITB, Ditmawa Gelar STECU di Kampus Jatinangor
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In