Sobat Sora, dina ieu tulisan, Majalah Sora ngawartakeun ngeunaan Pa Agung. Ti mangsa budak nepi ka anjeunna jeneng janten Kepsek. Warta écésna mah aos wé nya dugi ka réngse!
Drs. Agung Indaryatno, jenengan lengkep Kepala SMKN 8 Kota Bandung téh. Lahir di Pati, Jawa Tengah, tanggal 21 Maret 1968. Anjeunna putra kaopat ti tujuh sadulur, pasangan bapa Ngadono (alm) sareng Ibu Ngadinah.
Jenderal Hoegeng, tokoh inspiratifna, Kapolri manten nu jujur tur idealis (poto tina internet)
Pa Agung leutik, tumuwuh di kulawarga nu aya sacara ékonomi. Apana Pa Agung kungsi janten sekrétaris lurah, teu lila ngundurkeun diri. Satutas éta, jadi padamel sipil militer. Basa Apana janten padamel sipil militer kungsi dines di Sulawesi Selatan, otomatis pa Agung sakulawarga pindah ka ditu salila dua taun. Eureun jadi padamel sipil militer, Apana Pa Agung salin jadi pangusaha. Kungsi jadi pangusaha bata beureum, roti, kurupuk udang, makanan ringan. Kungsi boga pagawé nepi ka 50 urang. Tah profesi Apana nu terahir mah janten kuli bangunan.
Pait peuheur pangalaman Apana dina ngojayay kahirupan, diterapkeun ka palaputrana. Mangsa Pa Agung SD, Apana numerapkeun kadisiplinan ala militer, sanajan Apana mah lain anggota TNI atawa Pulisi. Disiplinna téh kana sagala hal saperti ibadah, sakola, diajar, mandi, dahar, jsté, pokona kabéh kudu tepat waktu, teu meunang lénglé. Salian ti éta saminggu sakali rambutna kudu diparas ku tukang cukur.
Carita fiksi karya Kho Pin Ho, nu leubeut ku falsafah hirup, jadi salah sahiji bacaan favorit Pa Agung (poto tina internet)
Sanajan tumut ka sepuhna, harita ka asup nu remen dihukum Pa Agung téh. Ma’lum wé mangsa budak mah keur reresepna ulin, akur jeung hidep nya? Komo di pilemburan mah, loba nu pikaresepeunana. Tukangeun imah Apana sawah ngemploh héjo, harita di lemburna gé réa lapang méngbal jeung walungan, pikaresepeun nya Sobat Sora? Ulinna sok méngbal, ngojay, ngala lauk, maén langlayangan, ampir unggal poé dilakonan nepi ka burit.
“Emut, basa kelas lima dugi genep SD rumaos badeur, da resep lamun tos ameng sareng rerencangan téh, asyik. Komo budak lalaki mah, wajib ulin babarengan téh, pokona bring ka ditu bring ka dieu. Lamun ameng sok hilap kana waktos. Bapa sok dihukum, pangna uwih amengna nyedek ka magrib. Kungsi dihukum dikerem di kandang hayam. Dongéngna mah ku pun Bapa dipiwarang nyandak pacul, pang meresihankeun kandang hayam, aya cangkang endog hayam nu tos malegar, ari heug barang sup ka jero téh dikonci ti luar. Lumayan ti méméh magrib dugi ka tabuh tujuh wengi, ku pun Biang dibebaskeunana mah. Saur pun biang téh ndo-ndo tong badeur waé atuh,” Pa Agung, nyawang panineungan.
Pa Agung teh teureuh ti Kota Pati, Jawa Tengah (poto tina internet)
Basa Pa Agung undak SMP, ku kolotna geus dibéré kapercayaan, rada logor, lamun mulang magrib gé tara dihukum kawas keur SD. Ngan tetep kudu nyepeng pageuh kapercayaan kolotna. Kana kadisiplinan mah, teu kendor teu meunang elat sholat, sakola, rajin diajar, jsté. Nincak SMA Pa Agung tara kacaturkeun sibuk bobogohan, waktuna béak ku campur gaul jeung babaturanana ulin nu positif.
Saprak SMA, Pa Agung boga cita-cita hayang kuliah di Bandung, salah sahiji nu ngalantarankeunana téh pédah katelah Kota Kembang, mojangna gareulis. Satutas bérés SMA daftar ka IKIP, ayeuna mah UPI. Anjeunna teu apal yén lamun kuliah di IKIP téh éngkéna bakal jadi guru, ari geus katarima mah nya resepeun wé. Di IKIP-na katarima di jurusan téknik bangunan.
Mangut lauk manyung pasakan has Pati, nu jadi makanan favorit Pa Agung (poto tina internet)
Sabada lulus ti IKIP taun 1993 Pa Agung langsung ngadosénan di Politéknik dan Industri Niaga. Kira taun 1995 anjeunna ngajar di SMKN 5 Kota Bandung jeung Akademi Teknologi Bandung. Basa taun éta kénéh jadi CPNS (Calon Pegawai Negeri Sipil) laju lolos jadi PNS (Pegawai Negeri Sipil). Ti taun 1998 Pa Agung fokus jadi guru di SMKN 5 Kota Bandung, ngawulang gambar konstruksi bangunan & beton. Di SMKN 5 Kota Bandung anjeunna geus jadi guru salila 21 taun, kalungguhan terahir nya éta jadi Wakil Manajeman Mutu SMKN 5.
April 2016 mancén tugas janten Kepala SMKN 8 Kota Bandung. Prinsip nu dicepeng pageuh ku Pa Agung nepi ka ayeuna nya éta kadisiplinanana. Mangsa asup digawé Pa Agung satékah polah teu kabeurangan, ku kituna lamun euweuh hahalang tara kabeurangan. Salian ti éta tara jalir jangji, lamun geus janji anjeunna konsekwen, nedunan janjina, kitu ogé basa ka Majalah Sora.
Gaya Pa Agung mangsa dipoto teu serius
Ayeuna di kulawargana Pa Agung ka asup suami sarta orang tua nu bertanggung jawab. Ibu Nurlaila garwana téh, kagungan putra dua, Alfisah Laila Irianti sareng Febrina Riska Mariam. Lamun keur libur Pa Agung tara ka mana-mana, nyempetkeun masak keur kulawargana. Pasakan favorit palaputrana nya éta iga bakar buatan Pa Agung. Salian ti éta, Kepala Sekolah nu resep maca buku fiksi téh bisa masak sarupaning soto, kayaning soto Bandung, soto kudus, soto kemiri jeung soto sulung. Malah méméh jadi Kepala Sekolah, Pa Agung sok nyieunan géhu jeung bala-bala keur di jual di warungna.
“Alhamdulillah, bakat bisnis pun Bapa ngamalir dina diri sim kuring, di rorompok bapa sareng pun bojo gaduh warung aalitan. Bapa sok ngadamel goréngan lumayan aya penghasilan tambihan. Mung saprak bapa janten Kepala Sekolah, ngadamel gorénganana janten teu kasiwer, seueur pelanggan nu kuciwa. Tanggung jawab Bapa ayeuna langkung abot, janten kedah fokus,” saur Pa Agung bari imut. [MS]***