Pa Agam Supriyanta, M.M.Pd, Kepala SMAN 2 Kab. Cianjur
majalahsora.com, Kabupatén Cianjur – Kagiatan PPDB akademik di SMANDA (SMAN 2) Cianjur nu asup ka BP3 Wilayah III, Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, lumangsung ti ping 3 nepi ka 8 Juli 2017. Nepi ka poé Rebo 5 Juli 2017, kacatet geus aya 380 pendaftar. Cara daftarna datang langsung ka SMANDA Cianjur nu pernahna di Jalan Hidayatulloh No. 121. Pa Agam Supriyanta, M.M.Pd, Kepala Sekolahna.
Dina taun ajaran 2017 ayeuna, rencanana ieu sakola nu nempatan kampus anyar téh, baris narima 360 siswa keur 10 kelaseun. Sacara jumlah mah nyilorot ti taun méméhna, alatan basa taun ajaran 2016-2017 nampa 419 siswa nu diwadahan di 11 kelas.
Bu Rina, Waka Humas SMAN 2 Kab. Cianjur
“Insya Alloh taun 2017 ayeuna, SMANDA Cianjur baris nampi 360 siswa anyar kanggo 10 kelaseun. Pami nilik kana jumlah mah, langkung sakedik ti batan taun 2016 katompérnakeun. Nu jadi marga lantaranana mah, kawatesan ku jumlah kelas,” saur Pa Agam Supriyanta, Kepala SMAN 2 Cianjur téh.
Akur jeung SMA negri lianna di Jawa Barat, salian ti jalur akademik, SMANDA Cianjur gé nampa siswa anyar ngaliwatan jalur non akademik. Tina jalur non akademik geus narima 144 urang, atawa 40 persen tina kuota, nya éta tina jalur RMP (Rawan Melanjutkan Pendidikan), préstasi non akademik kayaning olahraga, seni, kaagamaan, disagigireun éta ngaliwatan jalur undang-undang jeung MoU.
Pa Rahmat, Waka Kesiswaan nu ngarangkep jadi sekretaris PPDB di SMAN 2 Kab. Cianjur
“Ku sistem PPDB ayeuna dipiharep tiasa ngaakomodir sadaya kalangan masarakat, utamana masarakat nu teu mampu. Luyu sareng jejer PPDB nu di kokolakeun ku Propinsi Jawa Barat taun ayeuna nya éta Ayo Semua Bisa Sekolah,” saur Pa Agam téh.
Sacara sistem, PPDB taun ayeuna gé kaasup nu hadé. Ngan tetep kudu aya nu dibebener kayaning sistem onlinena. Tadina mah, PPDB di Jawa Barat téh, cara daftarna rempeg sacara online. Alatan masih aya kendala jaringan internet, pendaftaranana dirobah jadi sistem semi online, nya éta daftarna mah langsung ka sakola nu dijugjug, satutas diverifikasi ku panitia sakola, laju datana diinput ku panitia ka web PPDB Propinsi Jawa Barat.
Kampus anyar SMANDA Cianjur, pernahna di Jalan Pangeran Hidayatulloh No. 121, Kec. Cianjur
“Sacara umum mah, PPDB di SMANDA Cianjur, bajalan lancar. Namung aya sababara kendala, kayaning server di propinsi. Sok loading pami ngalebetkeun data siswa ti SMANDA ka server pusat téh. Pamendak sim kuring mah, éta hal téh, ku seueurna SMA negri nu ngalebetkeun data ka server PPDB Propinsi Jawa Barat. miharep, taun payun mah, kapasitas serverna kedah dilegaan,” pokna.
Pa Agam salaku Kepala SMANDA Cianjur gé, muji kana perhatian pamaréntah Jawa Barat ka dunya atikan, ku sabab sakabéh warga nu aya dilelewek Jawa Barat kudu neruskeun sakola ka SMA atawa SMK. Lamun teu ka tampa di SMA/SMK negri bisa neruskeun ka swasta, salian ti éta ogé bisa ka SMA atawa SMK terbuka.
Balik deui kana kagiatan PPDB akademik di SMANDA Cianjur, mangsa panitia ngasupkeun data ka server PPDB Jawa Barat merelukeun waktu 10 nepi ka 15 menit. Ku kituna dina sapoé téh bisa ngainput kurang leuwih 160 an pendaftar, éta gé lamun server pusatna euweuh gangguan. Sakapeung mah panitiana sok nepi ka bagadang. [SR]***