Pa Dikdik Suratno, Kepala Disdikpora Kota Cimahi
majalahsora.com – Sobat Sora, di SDN Melong Mandiri 5 Kota Cimahi, haneuteun aya kariaan. Singhoréng keur aya kagiatan “Open House” sakalian pelepasan siswa-siswi kelas VI, nu lumangsung poé Salasa, ping 23 Méi 2017. Tempatna di ieu sakola,nu perenahna di Jalan Muara Takus Raya No. 16, Komp. Parmindho, Cimahi Selatan.
Bu Ida Kurniasih (tengah), Kepala SDN Melong Mandiri 5 Kota Cimahi
Kagiatan kasabit téh, boga ajén nu luhung, di antarana dina raraga ngawanohkeun SDN Melong Mandiri 5 Kota Cimahi ka para ondangan jeung balaréa. Tujuanana téh, miharep lulusan ti TK (Taman Kanak-kanak) nu aya di sabudeureun ieu sakola, kabandang neruskeun sakola ka SDN Melong Mandiri 5 Kota Cimahi, nu euyeub ku préstasi, salah sahijina jadi sakola berbudaya lingkungan tingkat Kota Cimahi.
Di sagigireun éta aya pagelaran seni, nu mintonkeun kamonésan ti siswa-siswina, kayaning nari jaipongan, maca sajak, nari moderén, tari nusantara, jrrd. Hj. Titi Asmanah, S.Pd, salah sahiji guru ieu sakola gé ngahibur nu sarumping, anjeunna kantos janten juara kahiji pasanggiri Anggana Sekar Mang Koko sa-Kota Cimahi, April 2017. Dina éta kasempetan, Hj. Titi ngahaleuangkeun sababaraha kawih, salah sahijina kawih Salempay Sutra sanggian Mang Koko, nu dipirig ku kacapi suling.
Kagiatanana diluuhan ku Pa Dikdik Suratno, Kepala Dinas Pendidikan dan Olahraga Kota Cimahi, Bu Tita Mariam, Kepala Bidang SD Disdikpora Cimahi Pa Bambang Guritno, Kasie Sarana Prasana SD Disdikpora Kota Cimahi, Pa Oténg Iman Wahyudin, Komite Sekolah nu ogé ngasuh rubrik Aksara Sunda di Majalah Sunda Rumaja Sora, Ketua Komite Sekolah, guru, perwakilan ti TK sabudeureun SDN Melong Mandiri 5, jsté.
Hj. Titi Asmanah, Guru SDN Melong Mandiri 5 Kota Cimahi, nuju ngawih dipirig ku kacapi suling
Bu Ida Kurniasih, S.Pd., M.Pd., salaku Kepala SD Melong Mandiri 5 Kota Cimahi, miharep lulusanana bisa neruskeun tur katarima ka SMP Negeri nu dicita-citakeunana, lain saukur pinter sacara akademik wungkul tapi ogé hadé ahlaqna sarta jujur. Anjeunna gé miharep, kahareupna SDN Melong Mandiri 5 leuwih dipicangcam ku masarakat sabudeureunana. “Insya Alloh ieu nuju ngararancang sangkan fasilitas SDN Melong Mandiri 5 Kota Cimahi langkung ngaronjat, wangunanana kapayunna badé ditilu lantéykeun, tos kordinasi sareng Disdikpora Kota Cimahi tur Komite Sakola. Salian ti pamaréntah, danana téh badé milarian tina bantosan CRS ti pausahaan-pausahaan nu paduli kana dunya atikan, kayaning Telkom, BJB, Biofarma, jrrd,” saur Bu Ida nyawang harepan.
Anggota tim angklungna aya nu maké rompi daur ulang, alatan SDN Melong Mandiri 5 Kota Cimahi, mangrupa sakola berbudaya lingkungan tingkat Kota Cimahi
Poto kénca ka katuhu: Bu Ida, Kepala SDN Melong Mandiri 5, Bu Tita Mariam, Kepala Bidang Disdikpora Kota Cimahi, Pa Dikdik Suratno, Kepala Dinas Pendidikan Kota Cimahi, Bu Latifah & Pa Bambang Guritno, Kasie Sapras SD Disdikpora Kota Cimahi
Kepala sekolah, Guru, Komite Sekolah SDN Melong Mandiri 5, rengrengan Disdikpora dipoto sareng Pa Dikdik, Kepala Dinas Disdikpora Kota Cimahi
Masih aya patalina jeung kagiatan “Open House” sarta pelepasan siswa kelas VI SDN Melong Mandiri 5 Kota Cimahi, Pa Dikdik salaku Kepala Disdikpora Kota Cimahi, kalintang bagjana ningal kaparigelan siswa-siswi SDN Melong Mandiri 5 Kota Cimahi. “Ieu téh salah sawios aprésiasi kanggo mintonkeun kabisa barudak ieu sakola. Kanggo ngukur sajauh mana hasil pangajaran di kelas nu di dugikeun ku para guruna, nya kitu deui ngeunaan hasil ujian nasionalna. Pokona mah lulusan ti SDN Melong Manndiri 5 Kota Cimahi, salian ti ngawasa akademik, ogé euyeub ku ajén agama, budaya, jaga bisa jadi manusa nu punjul,” saur Pa Dikdik Kepala Disdikpora Kota Cimahi [MS]***







