Mani saderhana pisan béwarana téh. Sing saha anu arék divaksin COVID-19 bisa daftar kana onlén, engké bakal aya jawaban kana sms. Nu matak cenah, haget wé daftar. Ditétélakeun saha ngaran, alamatna di mana, lahir di mana, nomer ponsél sabaraha kaasup nomer induk kependudukan anu angkana antay-antayan téa. Tapi sms anu ditungguan téh teu jol waé. Sakalina aya anu asup, barang dibuka téh horéng anu nawaran maén jackpot.
Aya deui anu daftarna téh kana onlén anu séjén, da geuning lain hiji. Barang diklik, ari bréh téh, oops something went wrong, cenah. Kumaha ieu téh, ongkoh nawaran ari disampeurkeun kalah nolak sapajodogan.
Sigana mah mémang kitu. Nu ngaranna onlan onlén di urang mah sok loba waé balucat balicetna. Siga gampang, dina derna mah kalah mindeng sok matak rudet. Padahal apan sapopoéna ogé nomer urang téh sok mindeng dimangpaatkeun ku saha waé, anu promosi atawa méré informasi naon baé, kaasup anu teu uni-uni. Tapi naha ari dina lebah urusan anu penting bet teu bisa kitu.
Tapi kétang da geus aya kila-kila ti anggalna. Mentri Kesehatan Budi Gunadi Sadikin anu pokna pisan gé. Cenah, teu pati percaya kana data anu aya di Kementrian Kesehatan. Nu matak ahirna mah cenah ngamangpaatkeun data anu aya di KPU wé, pan nu ieu mah anyar dipaké dina Pilprés 2019. Naha enya datana leuwih bisa dipercaya? Duka lebah dinyana mah, da teu kabéjakeun deui kumaha caturna.
Sabenerna, ieu mah ceuk urang anu aya di luareun pasuliwerna ramat lancah birokrasi pamaréntahan, aya sababaraha sumber anu bisa dipaké data téh. Kahiji, KTP anu aya NIKna téa. Nu baroga kandaraan, datana ogé aya, komo pan unggal taun kudu mayar pajegna. Sakalina elat mayar pajeg, otomatis dicatet. Di sagigireun éta, sing saha anu meuli ponsél, pan sok dicatet datana. Salian ti data tina KTP, di nu ieu mah geus aya nomer ponsélna deuih. Salian ti éta, aya data dina kartu BPJS. Nu ieu gé asa kurang kumaha, tur (kuduna) ayana téh di Kementrian Kesehatan.
Sakapeung maké sok rumahuh. Keur naon atuh maké kudu hésé-hésé ngeusian data sagala ari ahirna teu kapaké mah? Buktina, nguruskeun nanaon gé, anu kuduna bisa leuwih gampang, angger wé hésé.
Jadi ras inget jaman vaksinasi cacar atawa kuris dina taun-taun 1950-an. Harita mah mantri suntikna anu ngadatangan lembur-lembur, dipapay. Mangkaning jajauheun kana mobil atawa motor nu boga spédah gé harita mah bisa dibilang ku ramo. Datangna ka lembur-lembur téh nya laleumpang wé. Ari di lembur, nu minangka ngokojoanana cukup ku kokolot. Euweuh nu boga SK nu kasebutna kokolot téh. Tapi dina lebah ngabéjaan baturna salelembur mah sumanget pisan.
Sigana, harita mah nu digarawé téh ariklas wé, teu loba paménta saperti urang-urang ayeuna. Nu matak pagawéanana ogé lalancar wé.
Alhasil, ceuk saha ku ayana téknologi modéren sagala rupa otomatis bisa leuwih lancar. Lebah ngeklikna mah enya, budak gé barisaeun. Ngan sabada éta losna ka mana, teu gampang nuturkeunana.
Nu nangtukeunana mah angger wé kumaha jelemana. Lebah dieu sigana mah masih kénéh pakojotna téh. Sigana ari téknologina sorangan majuna téh luluncatan, ari kaahlian manusana kakarayapan kénéh. Téknologi ingkig téh angger wé bisa diandelkeun kénéh.
Naha aya patalina jeung méntalitas kitu? Kumaha ari anu disebut ngaulaan (melayani) téa? Naha geus jalan dina sagala widang? Sigana mah acan. Padahal, pan ceuk tadi gé, ayeuna mah sagala rupa gé geus puguh SKna. Dina patalina jeung nguruskeun pagawéan, sigana kecap iklas geus lila dicorét. Geus jauh bédana atuh. Manasina jaman mantri suntik harita, ku disuguhan citéh jeung kulub sampeu katut gula beureum gé geus bungah. Sanajan harita mah tacan pati loba jelema anu apal cangkem Pancasila.
Ceuk para ahli, ayeuna mah geus sarwa materialistis. Ada uang ada barang. Perkara uangna sakumaha jeung barangna kumaha, éta mah lain deui caritana. Kitu deui ngeunaan vaksin ayeuna, sigana mah caritana téh bakal rada loba kénéh bandunganeunana. Ulah waka bosenan.